Carita Pondok

Sacangkir Kopi Hideung

Kabeneran kafé keur rada tiiseun. Saukur sababaraha méja nu eusi. Éta puguh nu dipiharep, sangkan teu kaganggu ku nu lalar-liwat jeung obrolan pangeusi kafé. Bisa jongjon ngumbar lamunan, mitineung nu lawas taya raratan.

Share
Carpon Élih Hérlina-Sacangkir Kopi
Share

Asup ka rohangan kafé langanan. Di dieu pisan munggaran tepung. Asa katingali kénéh réngkak paripolahna jeung rindat socana basa kopi nu diinumna nyéblok baju kuring, alatan kabadug ku baturna basa kuring ngaliwat ka gigireunana. Mangpuluh kali ménta dihampura. Ti harita jadi wanoh. Mindeng silih anjangan, mindeng jalan-jalan bari nyeuseup kaéndahan alam. Ah, kacida bagjana. Sanajan pamustunganana nandangan tunggara.


Kabeneran kafé keur rada tiiseun. Saukur sababaraha méja nu eusi. Éta puguh nu dipiharep, sangkan teu kaganggu ku nu lalar-liwat jeung obrolan pangeusi kafé. Bisa jongjon ngumbar lamunan, mitineung nu lawas taya raratan.


Pelayan nyampeurkeun, bari rengkuh mikeun daftar menu. Teu hayang nempoan. Geus katalar naon nu biasa dipesen.


“Kopi hideung jeung pisang keju!” pok téh bari mikeun deui buku menu. Ngahaja ditambahan, ngarah teu katingali teuing bangun nu linglung.


“Mangga, diantos sakedap!” Si Pelayan ngaléos.


Kopi hideung téh kopi kameumeut anjeun.


“Kopi nu diracik ku kahéman, dikocék ku kadeudeuh. Angseuna aya ku ni’mat,” kitu ceuk anjeun. Teu bosen, saban panggih bari ngocék-ngocék kopi.


Harita téh basa perpisahan kuring jeung babaturan SMA, di Villa Widi di Puncak. Anjeun milu, da geuningan masih kénéh dulur misan Widi. Peuting harita, peuting nu teu bisa dipopohokeun. Urang duaan ngadon anteng ninyuh kopi, teu maliré kana acara nu keur lumangsung. Nya, harita ogé anjeun amitan seja miang nyiar luang pangalaman ka nagri nu jauh ti sarakan. Harita mah asa biasa, keur jaman kiwari mah teu hésé silih anjangan silih cacapkeun kasono. Aya rupa-rupa aplikasi jeung sosial média.


“Sacangkir ku duaan nya! Kopina urang léob ku cai nu tos ngagolak teras kekeb kinten-kinten tilu menitan, nembé digulaan. Teras ingkeun deui sina namper nembé dikucek lalaunan dugi ka ngabudah!” kitu pokna.
Duka ti mana anjeun boga resép kitu. Asana mah ninyuh kopi téh ti sainget ogé da tara kudu diatur-atur. Ninyuh kopi mah kari wur wé. Gula jeung kopi dina cangkir dibanjur ku cai nu tos ngagolak.
“Naha, mani asa répot kitu ngadamel kopi téh?” cékéng rada héran.


“Pan supados layeut, urang ngocékkeun kopina ku duaan!”


“Oh mangga, ari kitu mah.”


Némbalan bari teu ngarti. Saukur heueuh-heueuh bueuk wé. Nu puguh mah betah paduduan. Urusan kopi mah teu dipikiran, eukeur mah ti leuleutik ogé teu pati resep nginum cikopi.


Sanggeus jadi, sacangkir kopi téh diseuseup lalaunan. Terus dibikeun ka kuring, “Cobi seuseup ku salira,” pokna.


Kopi téh diseuseup. Sakapeung sakali séwang, sakapeung babarengan. Diinumna ogé lalaunan, diicip-icip.


“Tuh karaos amis paitna. Ni’mat ku seungitna. Henteu giung, henteu hambar. Pas takeranana,” kitu ceuk anjeun harita.


“Raos, nya?” pokna ngaharéwos.


“Muhun,” ditémbalan ku haréwos deui.


“Ari kopi raos ku naonna?”


Patalékan nu hésé pijawabeunana. Apan ari rasa mah kumaha seléra. Bisa waé ceuk kuring ku gulana ari ceuk anjeun mah kopina. Atawa aya tambahna nu séjén. Ngajawab téh kumaha ceuk rasa kuring wé.


“Ku amisna,” némbalan tatag, barina ogé da moal aya nu meunteun.


“Sanggem abdi mah ku paitna.”


Tuh nya, bener wé. Seléra kuring jeung anjeun teu sarua. Muga-muga wé ngan saukur dina kopi.


“Ih, nya ku amisna atuh.”


Kuring keukeuh dina pamadegan sorangan. Perkara éta mah geus kitu wé, kuring boga pangadatan gurat batu. Hadé mémang, ngan sok loba nu teu resep. Teu loyal nu kitu téh cenah. Ah kajeun teuing bari na ogé, asal teu ngahésékeun jeung ngarugikeun batur wé.


“Muhun salira gulana, abdi kopina,” pokna bari imut, leungeunna ngusap kana poni semu diacak. Kuring imut bagja.


“Hartosna?” tumanya bari neuteup, hayang neuleuman eusi haténa.


“Ah teu kedah dibéjérbéaskeun, tangtos salira ngartos. Upami kopi sareng gula dihijkeun teras ditinyuh ku cai panas bakal kumaha jantenna.”


Ngomongna tatag nandakeun jelema gedé wawanén. Lega wawasanana jeung jembar panalarna. Keur sakuringeun mah anjeun téh jadi panutan lahir batin.


“Dupi seungitna?” kuring tumanya deui, hayang neuleuman beuki jero eusi haténa.
“Pan cinta urang.”


Jawabanana ku ungkara nu dianti-anti. Pung! Rarasaan asa ngawang-ngawang, kabagjaan taya hinggana. Asa jadi pangbagjana wé mangsa harita mah. Cinta nu ngagalura dina dada. Marengan saban rénghapan napas. Kebek minuhan unggal ségogan jeung lulurung kalbu. Taya tempat nu nyésa. Karembangan mangkak ligar, wawangina nyambuang ka mana-mana.


Teu kungsi lila Barista nyampeurkeun.


“Mangga dileueut!” pokna bari rengkuh.


“Hatur nuhun,” ngawalon halon.


Awak asa nahnay, ningali kopi dina cangkir. Nu kagambar beungeut anjeun.


Kopi pesenan geus ngajagrag. Haseupna ngebul, nyelengseng seungitna, nyambuang mawurkeun wawangina. Beungeut anjeun ngelemeng dina beungeut cikopi. Kaangseu seungit anjeun dina seungitna kopi. Atra réngkak paripolah anjeun dina unggal kocékanana. Teu wani ngocékkeun deui, inggis beungeut anjeun ilang, ngahiang deui cara kiwari. Narik napas panjang, terus peureum. Hawa tina bayah dikaluarkeun lalauanan. Asa lebar, dina implengan ngan anjeun nu ngalangkangan.


Méh saban soré ngadon ngalantung. Anteng ngangon panineungan. Gering nantung ngalanglayung. Suda dahar suda saré. Nu kaimpleng ngan saukur anjeun. Kopi nu jadi ubar katrésna. Jadi gaganti beubeureuh nu duka di mana ayana.


Batin kalah asa kaseuit. Peurih alah batan diturih, raheut mingkin gudawang burakrakan. Keclak cimata nu marengan. Sacangkir kopi panineungan ubar kakangen.


“Duh, naha di mana ari anjeun, Jungjunan?” biwir ngunyem dibarengan cimata nu nalaga dina kongkolakna lalaunan merebey meuntas kana pipi, geuwat disusut ku tisu bisi matak baribin ka nu séjén.


Kopi panineungan, kopi kameumeut urang duaan. Hamo laas amisna, hamo ilang pait. Hamo leungit wawangina. Budahna nu ngambang miguraan raray salira, ngagenclang dina implengan.


Dina unggal kocékan. Dina rénghap ambekan. Dina ngelun haseupna, dina citarasana gumulung ngajadi hiji istuning moal leungit tina lelembutan. Moal incah balilahan tina rasa. Wawangi kopi nyambuang minuhan rohangan. Seungitna lir nu wegah incah balilahan sanajan purnama katutup méga. Peuting mingkin peteng beuki dalit jeung simpéna; dibarung ngécrékna hujan ngaririncik.


Teuleum dina panglamunan, teu karasa wanci geus ngagayuh kapeutingnakeun. Kafé geus rék tutup. Para pagawé keur bébérés. Bari rada wegah ogé nguniang cengkat seja ninggalkeun tempat nu ngalantarankeun kuring asruk-asrukan dina sagara panineungan nu euweuh tungtungna.


Basa cengkat aya wanoja asup muru kuring. Pamuluna alum nguyung.


“Widi!” réplek kuring nyebut ngaranna.


“Rani …! Hadi ….” témbalna teu kebat, kaburu ku segrukna bari ngagabrug.


“Aya naon Wid? Urang di luar ngobrolna! Ieu kafé tos badé tutup,” cekeng téh bari nunyun Widi ka téras.
Derekdek wé Widi nyaritakeun naon nu karandapan ku anjeun. Jajantung ngageder, asa teu percaya kana éta béja. Dunya ngadadak simpé. Sora kandaraan nu balawiri jeung gerendengna obrolan jalma nu lalar-liwat ngadadak ilang, saukur ketegna jajantung kuring nu kareungeu.


“Naha ieu béja téh bener atawa saukur rumor, Wid?”


“Rani, sing kuat nya. Ieu téh geus ka luar vonisna Ran. Manéhna kalibet rajapati nu geus dirarancang,” aya kahariwang dina sorana nu dumareuda.


“Nya, ari kitu mah rék kumaha deui Wid. Jadi salila ieu ngaleungit téh buron?” cékéng téh neger-neger inya.
Rangsak ieu rasa. Asa jauh tina panyangka, apanan anjeun mah jalma nu sakitu hadéna. Teu sangka sacongo buuk, bet kitu talajakna. Sanajan kitu, kaasih tetep matri dina ati. Kadeudeuh tetep pageuh. Kakangen nu nganteng hamo pegat. Orokaya ieu rasa katideresa, nganti iber ti nu miang, nepi ka gering pikir kasiksa rasa. Gering nangtung ngalanglayung. Ari pék kieu buktina.


Ngajanteng hareupeun kafé panineungan, neuteup kalangkang samar dina kaca étalaseu. Kalangkang diri nu teu walagri. Buuk ririaban katebak angin peuting pacampur jeung ngeprulna cihujan, paburantak. Héhérang panon beuki ceuleuyeu neuteup kalangkang dina kaca, nganaha-naha dunya téh bet asa teu adil.
Bumi alam tungkeb saharita. Leungeun pageuh nyekel liontin tawis soca ti anjeun, barang nu mawa kakuatan sakaligus ngagurat raheut nu hésé litana. Léngkah rumanggieung perbawa rasa nu pasalia. Teuteup samar dina petengna peuting, kingkilaban pating jorélat, lir takdir nu nyeungseurikeun diri.

Kadatuan, Novémber 2024

Manglé No. 3009

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Carpon Saéfudin Firmansyah-WAYAHNA
Carita Pondok

Wayahna

Pamajikanna deuih loba kahayang. Samarukna salaki jadi kepala téh kawas batur. Ieu...

Carpon Lemoel-Taun Anyar Nu Ayeuna
Carita Pondok

Maleman Taun Anyar

Harga diri salaku lalaki ancur, asa hina jeung taya guna. Tapi akal...

Carpon Kiki Oke Yasminiati-Nu Nyampeurkeun di Candi
Carita Pondok

Nu Nyampeurkeun di Candi

Dirina pasrah tumarima kana papastén ti nu Maha Kawasa. Geus kudu kitu...

Carita Pondok

Surat dina Buku Agénda

Méméh asup katingali mahasiswa ngagimbung hareupeun rohangan kuliah. Mahasiswa lalaki sawaréh katingali...