Munggahan atawa mapag puasa geus umum dilakukeun ku masaraka. Réréana mah ku ulin atawa botram anu ilahar sok disebut munggahan. Tapi aya ogé munggahan téh sakalian bari olahraga. Saperti nyapédah jeung anu lianna. Siga kumaha? ***

Nu biasa sok dilakukeun ku nu rék ngajalankeun ibadah puasa Romadon nyaéta munggahan. Biasana mah ngariung jeung kulawarga. Kadang nu keur ngumbara gé sok ngahajakeun mulang nepungan indung bapa, pikeun silih hampura sakalian botram.
Mapag bulan suci Romadon atawa munggahan bener-bener sok dimangpaatkeun pisan. Kaasup keur nu resep olahraga. Nu resep pingpong sok ngayakeun acara pertandingan silaturahmi boh nu sipatna resmi mangrupa open turnamén atawa saukur diantara dua PTM (Persatuan Tenis Meja).
Kitu deui keur nu resep nyapédah, munggahan téh ku sasapédahan. Bélaan nempuh lalampahan anu jauh demi nyalurkeun hobi anu lamun geus nincak dina keur puasa mah hal kitu rada pamohalan dilakukeun.
Aya deui turnamén ngojay nu sifatna resmi saperti nu geus dilaksanakeun di Kolam Renang Tirtalega Kota Bandung. Dina judulna aya bacaan ‘Munggahan’.
Barudak rumaja ngamangpaatkeun munggahan téh ku ulin ka tempat wisata. Ibu-ibu ti komunitas senam, saréngséna senam téh langsung balakécrakan. Atawa ngahajakeun ngabring ka tempat wisata bari botram. Malahan komunitas seni budaya atawa grup musik gé henteu tinggaleun, ngayakeun pasanggirina anu jejerna ngeunaan mapag Romadon.
Kaharti kituna mah, sabab mun geus puasa tangtuna tanaga rada ngurangan. Nu jelas lamun hobi geus kasalurkeun mah, waktuna puasa téh tangtu leuwih fokus kana ibadah.
Komunitas sapédah ti Cibiru Kota Bandung anu anggotana diantarana aya Haji Deni, Fajar, Akew, Rian jeung anu lianna, ngapruk ka Puncak Sunan Ibu luhureun tempat Wisata Kawah Putih di Ciwidéy Kabupatén Bandung.

Di Puncak Sunan Ibu nu mangrupa puncak kadua pangluhurna sa-Bandung Raya sakeudeung. Ukur popotoan. Diteruskeun deui ngajugjug jambatan gantung Rengganis nu kiwari mah pangpanjangna kadua sa-Asia Tenggara.
“Ti dinya mah mulang deui ka markas, tumpak mobil anu tadina mah diparkir di Kawah Putih. Pokona Solat magrib di Soréang, dongkap ka Cibiru téh langkung ti jam 7,” ceuk Rian reueus.
Nambahan Dulur
Henteu tinggaleun, keur nu resep olahraga pingpong, munggahan dimangpaatkeun pikeun nambahan dulur ku ngayakeun pertandingan babarayaan saperti nu dilakukeun ku PTM Caruluk Kota Bandung jeung PTM Langgeng ti Kabupatén Bandung.

“Tapi bapa-bapana wungkul, hususna mah ibu-ibuna. Étang-étang évaluasi tos dugi ka mana kamampuh nu salami ieu diajarkeun téh. Kitu deui mangrupi hiburan, munggahan sareng nambihan dulur,” ceuk Drs. Bambang Riyanto, pelatih ti PTM Caruluk.
Hal kitu dienyakeun ku Edi Junaedi, Ketua PTM Langgeng. Ceuk Edi, lian ti tujuan saperti anu ditataan ku Bambang, pikeun anggota PTM Langgeng mah aya leuwihna. Nyaéta mangrupa nimba élmu jeung pangalaman ti PTM anu leuwih senior.

“Sim kuring sareng sadaya anggota ti Langgeng nganuhunkeun pisan ku kasumpingan ti Caruluk. Margi lian ti janten bahan évaluasi, hiburan sareng nambihan silaturahmi, ageung manpaatna pisan kanggo sim kuring saparakanca mah,” Edi Junaedi wakca.
Acara dipungkas ku botram dina suasana nu kacida gumbirana. Sakalian silih hampura sabab ngalaksanakeun ibadah Romadon téh miharep karidoan Nu Maha Kawasa kalawan bébas tina rasa dosa ti papada jalma. ***
Manglé 3017
Leave a comment