Home Warta Katumbiri Rieke Suryaningsih: Mahasiswa Boga Peran Strategis dina Kontrol Sosial
Katumbiri

Rieke Suryaningsih: Mahasiswa Boga Peran Strategis dina Kontrol Sosial

Share
Wakil Ketua III DPRD Kota Bandung Rieke Suryaningsih S.H., ngahadiran acara GMNI Kota Bandung.
Share

Kota Bandung — Wakil Ketua III DPRD Kota Bandung, Rieke Suryaningsih, S.H., ngahadiran acara ngistrénn Pengurus Badan Kerja Gerakan Mahasiswa Nasional Indonesia (GMNI) Cabang Bandung Periode 2024-2026, di Taman Musik, Kota Bandung (11/1/2025). Éta acara gé dihadiran ku Anggota DPRD Kota Bandung sakaligus Ketua Karang Taruna Kota Bandung, Andri Gunawan, S.Ak., S.M.l.

Wakil Ketua III  DPRD Kota Bandung Rieke Suryaningsih S.H., ngahaturkeun nuhun kana kinerja pangurus saacanna, sarta ngawilujengkeun ka kapangurusan anyar GMNI Cabang Bandung. Nurutkeun Rieke, peran mahasiswa nu salila ieu téh lian ti jadi agén parobahan, ogé boga posisi strategis jeung fungsi kontrol sosial dina lajuning pamaréntahan.

“Gerakan mahasiswa téh titincakan parobahan sosial di ieu nagara. Sajarah bangsa tas ngabuktoskeun yén mahasiswa téh janten agén parobahan, sareng nu nanjeurkeun ajén kaadilan sarta démokrasi,” ceuk Rieke tandes naker.

Rieke ngémbohan yén Kota Bandung sohor ku jujuluk kota sajarah, puseur pendidikan, budaya, inovasi, ogé laboratorium sosial nu nguji ide-ide ngeunaan parobahan. Hal éta luyu jeung jejer “Lenyapkan Steriliteit Dalam Gerakan Mahasiswa”. Nurutkeun Rieke éta téh panyumanget dina nyanghareupan tangtangan jeung mastikeun gerakan mahasiswa ajeg panceg dina nebarkeun mangpaat hususna pikeun kota Bandung.

“Steriliteit téh disurahan mah kateug, magol, éta janten ancaman pikeun gerakan nu aya karep tiasa nyandak parobahan. Dina konteks Bandung, tangtangan éta téh nyata. Kota Bandung nu seueur pasualan téh peryogi solusi kolektif, sapertos dina ngokolakeun runtah, pangwangunan nu mayeng, strata sosial nu ganjor padahal nuju mekar ékonomi kréatif,” pokna.

Wakil Ketua III DPRD Kota Bandung miharep sakabéh kader GMNI Cabang Bandung tigin dina nyanghareupan tangtangan jaman. Rieke ngécéskeun yén di jaman digital téh aya pasualan informasi nu remen ngabingungkeun, isu-isu global nu beuki kompleks, jeung nonoman nu apilain.

“Sim kuring percanten para pangurus nu nembé diistrénan téh tiasa mairan rupaning tangtangan ku cara motékar sarta leber wawanén,” cenah.

Rieke ngajak ka sakabéh kader GMNI Cabang Bandung pikeun terus jadi mitra strategis DPRD Kota Bandung. terus nyorakeun aspirasi masarakat jeung ngasongkeun kamandang sarta solusi, pikeun ngawujudkeun Kota Bandung nu adil jeung raharja pikeun balaréa. Rieke nandeskeun yén gerakan mahasiswa nu efektif téh nu nyukangan antara idealisme jeung realitas, antara aspirasi jeung ketak.

“Pangurus GMNI cabang Bandung téh masing janten pamingpin nu ludeung ngaléngkah tur nyiptakeun parobahan. Singkahkeun sterilitas dina unggal kamandang sareng ketak. Sadayana kader GMNI Cabang Bandung téh simbul nu leber wawanén, motékar, sareng soson-soson ngabdi ka nagara,” ceuk Rieke bangun miharep.

Andri Gunawan nétélakeun yén peran GMNI téh dina upaya solutif jeung medalkeun sababaraha tokoh parobahan di Indonésia. Dipiharep GMNI Cabang Bandung téh jadi mitra DPRD Kota Bandung, babarengan ka masarakat, ngahudang kajayaan kaom Marhaén di Kota Bandung.

“Sim kuring miharep GMNI téh janten wadah sawala nu saterasna ngahudangkeun gerakan masarakat di Kota Bandung. Ngabantos kaom Marhaén nu dugi ka kiwari ijazahna masih ditahan di sakola, sesah tatamba ka rumah sakit, teu acan satata génder,” ceuk Andri tandes naker.***

Share
Written by
Yadi Karyadipura -

Wartawan & Pangarang. Jajatén ninggang papastén.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Katumbiri

Plt IKWI Resmi Ditunjuk Dina Perayaan HPN 2025 di Riau

PEKANBARU:  Ikatan Keluarga Wartawan Indonésia (IKWI) ngalaksanakeun silaturahmi nasional jeung konsolidasi nu...

Katumbiri

Puncak Dipiélingna HPN 2025 di Riau Menkomdigi: Waktuna Mentés Kawani, Integritas, jeung Sumanget Juang

Pekanbaru, 9 Fébruari 2025 – Puncak Dipiélingna Hari Pers Nasional (HPN) 2025...

Katumbiri

Ngararapih Réklame di Kota Bandung Butuh Perda Anyar

Kota Bandung – Ketua Pansus 3 DPRD Kota Bandung, Dr. Ir. H....

Katumbiri

Dibekelan Sertifikat BNSP Lulusan SMKN 5 Bandung Babari Digawé

Kota Bandung – Siswa tingkat ahir di sakabéh jurusan nu aya di...