Home Gaya Hirup Pepetétan Mejeng Richky Cahya Ramadhan Béntang Pelajar nu Hayang Jadi Duta Besar
Mejeng

Richky Cahya Ramadhan Béntang Pelajar nu Hayang Jadi Duta Besar

“Pangpangna mah ti kulawarga pun biang sapertos aya anu kantos janten sindén, tukang ngibing, penyanyi,” ceuk Okky.

Share
Share

Nami lengkepna Richky Cahya Ramadhan, tapi di bumina sok disebat Okky. Ieu nonoman salah saurang putrana Bapa Ade S. sareng Ibu Iin S. téh kiwari sakola di SMAN 24 Kota Bandung kelas XI.

Okky kaasup jajaka nu réa kabisa. Utamana mah dina widang dunya modél. Sababaraha préstasi nu geus kacangking ku Okky diantarana dina Jabar Model Runway 2023 jeneng Winner King & Juara 1 Tingkat Provinsi  5 Fébruari 2023 di Bandung Indah Plaza Mall sarta The Winner 3 Lomba baju Culture Tingkat Nasional 6 Agustus 2023 di Horison Hotél Bandung.

Kitu deui dina Duta Batik Jawa Barat jadi juara kadua, 5 Fébruari 2024 di Pasar Baru Square Hotél Bandung sarta dina Indonésia Hijab Walk (IHW) Juara 3 Lomba Busana Muslim Tingkat Nasional 10 Maret 2023 di The Trans Luxury Hotél Bandung.

Nurutkeun Okky bekel kabisa dina dunya modél dimimitian di Zuemanagement jeung di sakola modél Revi Model Academy nu dilatih ku Coach Andri Kartiwa sarta Bunda Revi Lantika. Kitu deui aya turunan ti sepuhna.

“Pangpangna mah ti kulawarga pun biang sapertos aya anu kantos janten sindén, tukang ngibing, penyanyi,” ceuk Okky.

Dilahirkeun di Bandung 11 Séptémber 2007, Okky anu dumukna di Jalan AH Nasution 260 Kota Bandung téh ngakuna resep nyanyi, modern dance, acting, jeung public speaking. Kiwari keur diajar nari deui di Sanggar B’Art Productions DSC Dancer pingpinan Coach Boyan.

“Kitu deui nongton pilem sareng… jajan,” ceuk Okky nu di sakolana réngking 2 téh seuri.

Pelajaran nu dipikaresepna Basa Inggris, Sosiologi, Ékonomi jeung PKN. Mun warna favoritna nyaéta bodas jeung hideung.

Ari cita-cita? “Hoyong janten duta besar saréng artis kasohor,” ceuk Richky Cahya Ramadhan nu jangkungna 182 cm téh nandeskeun.

Edisi majalah: 3006

Share
Written by
EEP NR -

Wartawan Majalah Basa Sunda Mangle yang tegabung dalam Persatuan Wartawan Indonesia Jawa Barat. Juga Atlet Tenis Meja Porwanas Jawa Barat.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Mejeng

Selina Kuo Hayang Jadi Fashion Desainer

Saliwat gé katawis tina jenenganana, Selina Kuo mah jelas sanés urang Sunda....

Mejeng

Pingpong Ganda Caruluk Suksés Digelar Awal Taun 2025

Sababaraha waktu kaliwat anu pancegna Minggu 2 Pébruari 2025, turnamén pingpong ganda...

Mejeng

SD Negeri Cigerenem Nyiapkeun Sakola Séhat di Cianjur

Najan aya di palemburan, SDN Cigerenem henteu éléh ku sakola anu aya...

Mejeng

Anisa Fitri Wulansari

Cover Mangle Rumaja Mahasiswa Fakultas Hukum UIN Sunan Gunung Djati Mangle 3012...