Kota Bandung — Rancangan Peraturan Daerah (Raperda) Penyelenggaraan Reklame tengah dibahas Panitia Khusus (Pansus) 3 Dewan Perwakilan Rakyat Daerah (DPRD) Kota Bandung, dipiharep bisa ngawadahan kabutuhan sakumna pihak. Hal éta ditepikeun ku Anggota Pansus 3 DPRD Kota Bandung, Mukhamad Adi Widyanto.
DPRD Kota Bandung teu gurung gusuh dina nganggeuskeun Raperda. Lantaran éta Raperda téh medalkeun produk hukum nu alus jeung ngawadahan kabutuhan sakumna pihak. Ku kituna dipiharep taya pihak nu ngarasa dirugikeun. Da dina prosésna tarapti tur ati-ati.
“Kahoyong mah tiasa saénggal réngsé. Jalaran prosés ngabahas Perda téh raket patalina sareng rupaning kapentingan, janten kedap apik waktos medarna. Kedah maliré kana hal-hal nu detail pisan. Hal krusial nu dibahas dina Raperda téh perkawis punishment,” pokna.

Nurutkeun Anggota Pansus 3 DPRD Kota Bandung téh, loba palanggeran nu dipilampah ku pangusaha Reklame. Ku kituna urusan punishmen téh urusan nu penting dibahas sangkan bisa ditetepkeun ku Pemkot Bandung jeung aturanana dituturkeun ku para pangusaha.
“Tujuan tina dikedahkeunana punishment dina Raperda téh, sangkan teh aya deui nu bocor tina Pajeg sareng Rétribusi réklame,” ceuk Adi tandes naker.
Sagigireun éta, émboh Adi, éstétika kota masih kajaga kalayan diaturna titik reklame. Patali jeung ngokolakeun Réklame nu dilaksanakeun ku Pemkot Bandung, ceuk Adi mah masih kapeunteun awut-awutan.
“Panataan réklame di Kota Bandung masih kedah dibebenah. Sapertos tina data jumlah réklame ti sadayana dinas di lingkungan Pemerintah Kota Bandung, éta gé tos bararénten,” pokna.
Adi miharep nalika Raperda tas disahkeun téh, bisa ngoréksi Pendapatan Asli Daerah (PAD) Kota Bandung, sangkan bisa nambahan. Sagigireun éta, Kota Bandung beuki rapih, teh sareukseuk siga ayeuna. Taya deui pangusaha bageur nu ngarugikeun pemerintah. Kabéhanana nuturkeun aturan nu bisa ngocorkeun kauntungan maksimal kana PAD Kota Bandung. ***
Leave a comment