Home Warta Katumbiri Raperda Nangtayungan Wanoja Dibahas Pansus 5 DPRD Kota Bandung
Katumbiri

Raperda Nangtayungan Wanoja Dibahas Pansus 5 DPRD Kota Bandung

Share
Ilustrasi: (foto: net)
Share

Kota Bandung-Pansus 5 DPRD Kota Bandung keur ngeureuyeuh Raperda (Rancangan Peraturan Daerah) tentang Pemberdayaan dan Perlindungan perempuan. Anggota Pansus 5 DPRD Kota Bandung Nunung Nurasiah,S.Pd., nétélakeun yén Raperda nu baris dijieun téh pikeun nangtayungan wanoja sacara nyata. Déwan nyieun draft sangkan Raperda téh bisa jadi cepengan dina méré panyalindungan ka wanoja Kota Bandung.

Nurutkeun Nunung, di Kota Bandung téh masih remen kajadian wanoja nu dirogahala. Ku kanyataan éta tas waktuna pamaréntah miroséa ku cara medalkeun kawijakan. Pikeun ngarojong upaya Pamaréntah Kota Bandung téh, légialatif kudu nguatan kapercayaan masarakat. Salah sahijina nyieun aturan nu boga kapastian hukum, sangkan masarakat bisa ngarasa ditangtayungan.

Anggota Pansus 5 DPRD Kota Bandung Nunung Nurasiah,S.Pd.

Ceuk éta Anggota Pansus 5 DPRD Kota Bandung téh, kapercayaan masarakat kana aturan, mémang masih kuring. Buktina remen kénéh kajadian nu ngarugikeun wanoja, ngan teu loba laporan nu asup. Nunung miharep ku ayana aturan nu méré panyalindungan téh, bisa ngarojong tarékah ngatik kaom wanoja di Kota Bandung.

Aturan nu keur dibeuweung diutahkeun di DPRD Kota Bandung téh, dipiharep bisa ngatik para wanoja sangkan ludeung ngalaporkeun upama kaalaman hal-hal nu matak teu genah. Ku kawani éta tangtu bakal nyiptakeun rasa aman, da loba sora nu ngabéla hak-hak wanoja.

Pedaran éta Raperda téh masih ngaguluyur. Sakabéhna baris diluyukeun jeung kabutuhan, boh kabutuhan program kitu deui kabutuhan angaran. Anggaran baris ditunda di Dinas Sosial jeung Dinas Kaséhatan Kota Bandung minangka anggaran pangaping.

“Dina pedaran éta baris diajak sadayana stakeholder. Jalaran nu kedah diréngsékeun téh teu mung nu janten garapan hiji OPD,” pokna.***

Share
Written by
Yadi Karyadipura -

Wartawan & Pangarang. Jajatén ninggang papastén.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
KatumbiriWarta

Madrasah Qur’an Asyifa Mantuan Warga Sangkan Cinta Al Quran

Tong héran mun ngaliwat ka Komplék Bumi Langgeng Blok 26 No. 13...

Katumbiri

Ajengan ka Sakola, Ajén Kaislaman Nanjeur di SMAN 14 Bandung

Kota Bandung – Romadon téh mangsa neuleuman élmu agama Islam. Di SMAN...

Katumbiri

Ngamulyakeun Romadon di Darul Hikam

Bulan Romadon 1446 H, bulan anu mulya, bulan nu kacida dianti-antina keur...

KatumbiriWarta

Tempat Latihan Pingpong Standar Internasional Di Kabupatén Bogor

Kabupatén Bogor ngabogaan tempat latihan pingpong standar internasional nu ngaranna Donic Table Tennis...