Wisata rafting/arung jeram atawa tumpak parahu karét di walungan anu caina tarik kiwari beuki dipikaresep. Lain waé ku para rumaja, tapi ku nu geus karolot. Majarkeun téh ngalatih adrénalin cenah. Siga kumaha lalampahan rafting téh? Manglé ngobrol jeung Sena ti rombongan SD Tunas Unggul Bandung jeung Haji Hariyanto nu mawa rombongan batur gawéna sarta karyawan lengkep jeung kulawargana. ***

Rafting atawa arung jeram najan kasebutna olahraga atawa wisata nu rada ékstrim, kiwari beuki dipikarsep ku masarakat. Biaya rafting kaitungna gedé, tapi keur sababaraha jalma mah wajib dicoba. Contona Haji Hariyanto, warga Perumahan Bumi Langgeng, Kacamatan Cileunyi Kabupatén Bandung.
Nurutkeun Haji Hariyanto, lian ti nyukakeun batur gawéna, ogé karyawan jeung kulawargana, rafting téh bisa ngalatih adrenalin. Nu matak diaku, rada deg-degan cenah jeung kudu waspada.
“Tapi nu jelas mah resep wé. Rombongan sim kuring ti Sela Farma Gemilang nu jumlahna kirang langkung 30 jalmi, najan ibu-ibu seueur nu jejeritan, ahirna mah gumbira,” ceuk Haji Hariyanto di panganjrekanana sababaraha waktu ka tukang.

Komo deui di sapanjang walungan nu diliwatan ku parahu karet téh kacida éndahna. Lian ti alam nu masih kénéh héjo, ogé réa tempat pamondokan sarta ténda-ténda nu teuing sabaraha mayarna lamun ngajaran meuting di dinya.
“Biayana rafting langkung awis batan piknik ka Pangandaran,” ceuk ieu haji nu resep pingpong nandeskeun.
Hal kitu denyakeun Ku Sena Seftia Fajar, salah saurang guru ti SD Tunas Unggul nu dina bulan April 2025 rafting di Walungan Palayangan, Situ Cileunca, Pangaléngan Kabupatén Bandung. Najan bisa milih rék pakét kumaha jeung naon vendor nu rék dipake, tetep rafting kasebutna henteu murah.
“Ti kawit nu Rp. 130.000,- sajalmina dugi ka nu langkung awis aya. Kantun milih pakét nu mana sareng vendor naon,” ceuk Sena.

Nu matak ceuk Sena, nu kudu disiapkeun saacan rafting téh diantarana mesen tanggal jeung poé, milih vendor rafting sarta milih pakét. Naha anu rék sakalian jeung dahar nginum atawa henteu. Disaluyukeun jeung keuangan.
Hal kitu nu dilakukeun ku rombongan Sena ti SD Tunas Unggul Kota Bandung nu jumlahna kurang leuwih 70 jalma.
Hayang Nyobaan Deui
Soal pangalaman salila rafting nu perkiraan Sena mah kurang ti 2 jam, kacida resepna. Dina waktu parahu karét keur tenang, disuguhkeun pamandangan nu kacida éndahna. Ngaliwatan tempat pamondokan jeung ténda-ténda sisieun walungan.

Rombongan Sena mah ka Situ Cileunca téh husus rafting wungkul. Béda jeung rombongan Haji Hariyanto nu nyobaan sababaraha wahana séjénna saperti paintball, flying fox, metik strawberry jeung nu séjénna. Éta pisan ceuk Haji Hariyanto mah nu matak nambahan biaya leuwih mahal batan mawa ulin rombongan ka Pangandaran.
Hiji parahu karét paling loba ditumpakan ku 7 jalma kaasup ‘kaptén’ (pemandu parahu). Kadang lamun awakna garedé mah kudu genepan hiji parahu téh.
Sadatangna ka Situ Cileunca langsung ka tempat nu geus disadiakeun nu dibayarna geus sapakét jeung biaya dahar nginum, biaya pangmotrétkeun sarta bayar arung jeram. Tempat éta téh fungsina pikeun nunda babawaan sarta ganti pakéan.

Ti dinya leumpang ka Gapura Situ Cileunca anu saméméh ancrub ka walungan téh diwajibkeun maraké rompi jeung hélem pikeun kasalametan.
Datang ka finish geus disadiakeun mobil nu langsung ngakut rombongan ka tempat awal tadi pikeun mandi sarta dahar nginum nu geus disadiakeun ku nu ngokolakeun.
“Pokona, hoyong ngajaran deui,” ceuk Sena sarta Haji Hariyanto. ***
Leave a comment