Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Provinsi Jawa Barat nu diakuna ukur kapangurusan organisasi nu dipingpin Zulmansyah Sekedang minangka Ketua Umum (Ketum). Lain kapangurusan anu dipingpin ku Hendry Ch Bangun (HCB).
Hal kitu ini diungkabkeun Ketua PWI Jabar, Hilman Hidayat ku sabab ayana katerangan ti HCB nu ngabekukeun kapangurusan organisasi PWI Jabar.
“Jadi intina, aya atanapi henteuna surat nu ngatasnamakeun Ketua PWI Pusat Hendry Ch Bangun, taya pangaruhna kanggo pangurus PWI Jawa Barat. Margi tos cindek dumasar kana hasil rapat pléno, yén PWI Jawa Barat milih pingpinan Zulmansyah Sakedang hasil Kongrés Luar Biasa (KLB) 2024 di Jakarta,” Hilman nandeskeun.
Nurutkeun Hilman, kaputusan milih pingpinan Zulmansyah jadi Ketua PWI Pusat, lain kaputusan pribadi. Tapi dumasar hasil rapat pléno Pangurus PWI Jabar nu dihadiran Déwan Kehormatan, Déwan Penaséhat, sarta para ketua PWI Kab/Kota sa-Jawa Barat, Séptémber 2024 nu geus kaliwat.

Hasil rapat pléno, ceuk Hilman, jadi dasar kapangurusan PWI Jawa Barat nu dipingpinna pikeun ngalaksanakeun roda organisasi sakumaha mistina. Ku kituna, sakabéh kagiatan organisasi jeung administrasi organisasi nepi ka kiwari taya halangan harungan.
Hilman nandeskeun, sakabéh pangurus PWI Kabupatén/Kota di Jawa Barat masih konsistén nyekel pageuh kana hasil rapat pléno nu ngaku kapamingpinan Zulmansyah Sakedang minangka Ketua PWI Pusat. ***
Manglé 3021
Leave a comment