Carnyam Agus Sugianto

Kelas 12 IPS 2 héboh. Dina, budak tomboy anu buukna cepak siga polwan kakara anggeus Pendidikan, téh kabur ti imah. Geus tilu poé teu balik. Handphone-na teu bisa dihubungi, nomerna teu aktif. Gosip nyebar ngeunaan naon sababna jeung ka mana kira-kira kaburna. Aya béja cenah kituna téh sanggeus Dina paséa jeung Nuraini di sakola. Gara-garana Nuraini mosting foto bareng jeung Galih budak 12 IPA 2, kabogohna Dina, cenah.
“Teu ramé, ah. Euweuh gelutan,” ceuk Abdulah.
Kolotna Dina datang ka sakola. Buukna kusut, panonna carindul, Tujuanana néangan informasi ngeunaan Dina, aya naon pangna kabur, ngéndong di saha salila ieu.
Nuraini jeung Galih dipanggil ka ruang Bimbingan jeung Konseling.
“Dina, batur hidep geus sababaraha poé teu mulang ka imah. Cik sugan Nur atawa Galih gaduh informasi, aya di mana Dina?” ceuk Pa Rahmat.
“Duka, Pa.”
“Abdi ogé sami teu terang, Pa.”
“Cenah Nur kungsi paréa-réa omong sareng Dina?”
Nuraini unggeuk.
“Gara-gara Galih, enya?”
Nuraini jeung Galih silih rérét.
“Cik kumaha dongéngna? Sugan bisa jadi pituduh di mana Dina. Hawatos ka sepuhna anu milarian ka ditu-ka dieu.”
“Mung lepat paham sakedik, Pa, sareng tos réngsé da,” témbal Nuraini halon.
“Upami téa mah Dina kabur ti bumina, rupina mah sanés gara-gara masalah sareng Nuraini, Pa,” ceuk Galih.
“Galih sareng Nur téh kabogoh?”
Galih jeung Nuraini silih rérét. Duanana nyumputkeun imut.
“Réréncangan caket Dina saha?”
“Seuseueurna réncang Dina mah barudak pameget, Pa. Ruslan, Agung nanging katingalna mah langkung caket sareng Ruslan.”
Ruslan dipanggil.
“Bener Ruslan caket sareng Dina?” Pa Rahmat ngalelekan.
“Réncangan sakelas muhun, Pa.”
“Kabogoh?”
“Sanés, Pa. Mung réncang waé. Saurna Dina mah kabogoh Galih.”
“Dina pernah curhat ka Ruslan?”
“Curhat biasa waé, Pa. Paling soal rencana pami tos lulus,” jawab Ruslan.
“Pernah curhat urusan kulawarga?”
“Pernah sih, Pa. Tapi urusan diomélan lantaran kasiangan, males bébérés kamar sareng telat solat,” Ruslan seuri.
“Manéh éta mah.”
Perkara téh asa ngabuntut bangkong.
Firman mapay lulurung, kantin, jeung juru-juru taman sakola néangan Réza.
“Milari saha, A?” Yudi nyampeurkeun. Baju saragamna kaciri anyar. Geus euweuh tulisan ‘kotak amal’ dina sakuna.
“Yakin manéh bisa mantuan? Urang kelas 12 hésé komo manéh kakara kelas 10.”
“A Réza di perpustakaan.”
Sialan! Ku naon teu kapikiran mahluk sok intelék téh nyayang di dinya? Firman gegelendeng. Geblus Firman ka ruangan perpustakaan. Cara biasa, jempling. Jauh béda jeung kantin anu metet tur sahéng. Hawa akademis nyambuang.
Dina méja pendék pernahna di juru Réza keur ngobrol jeung Wulan. Duanana dariuk dina karpét bari nyenyekel buku kumpulan puisi Chairil Anwar. Petana siga Rangga jeung Cinta dina adegan film Ada Apa dengan Cinta. Keketeyepan Firman nyampeurkeun. Keur ngobrolkeun naon tah mangkeluk téh.
“Salian ti pinter nulis puisi épik, Om Chairil ogé romantis, muhun?” Wulan ngaharéwos. “Cobi anu ieu, ‘bahkan dengan cermin aku enggan berbagi’, kerén pisan!”
“Saurna larik anu kitu mah kalebet sajak kamar,” ceuk Réza.
“Teu ngartos.”
“Aya dua rupi sajak, sajak kamar sareng sajak mimbar. Sajak kamar mah cocogna diteuleuman nyalira di kamar, larik-larikna sifatna pribadi, saé pami dibacana digerendengkeun. Sajak mimbar mah lirikna milik umum, gagah pami digalantangkeun di mimbar. Sapertos sajak Diponegoro anu ieu,” Réza nuduhkeun kana buku.
“Sapertos sajak ‘Aku’?”
“Sajak ‘Aku’ mah sering lepat interprétasi. Seueur anu nyangki sajak perjuangan ngusir penjajah. Padahal saur Pa Asrul Sani, sobat Om Chairil, sajak ‘Aku’ téh ungkapan pamitan hiji murangkalih ka ramana anu peurih pisan,” ceuk Réza.
“Réza pinter pisan ngajelaskeunana!” Wulan ngacungkeun jempol.
“Tos lami seneng sastra?”
“Duka atuh. Mung Wulan mah émang seneng kalimah-kalimah anu puitis, éndah kénging ngolah, nyerep kana ati. Réza sih?”
“Asa nembéan. Abdi mah males. Tapi duka ku naon ayeuna-ayeuna mah janten seneng. Punten, sombong, janten resep maca.”
“Muhun, da. Réza bénten ayeuna mah. Pami ningal Réza téh pasti wé nuju baca. Kerén,” Wulan imut bari ngusap buuk sataktakna. “Ti ngawitan iraha resep maca?”
“Duka, nya. Ti saprék katinggang benda ahéng di Ranggawulung kitu?”
“Muhun, kitu? Katinggang naonna?”
“Palipis ieu palih kénca,” Réza déngdék.
“Teu katingal,” Wulan nyuaykeun palipis Réza. Dua ramo pagasrik.
“Apan tos lami, tos teu katingali,” Sora Réza ngageleter.
“Réza nuju naon di Ranggawulung?”
“Héhé, biasa panyawat lawas.”
“Bolos, nya? Réza katinggang benda ahéng teras janten rajin maca sareng pinter. Hoyong atuh Wulan ogé.”
“Wulan mah tos pinter. Teu kedah kabanting nanaon.”
“Nanging kawon ku Réza.”
“Mung pelajaran Bahasa Indonésia, éta ogé ulangan kamari sakali. Pelajaran sanés mah Wulan masih paling jago.”
“Pelajaran sanés ogé kantun ngantos waktosna. Nanging Wulan resep da pami kawon ku Réza,” Wulan ngarérét kana jandéla perpustakaan.
“Kawon malah seneng.”
“Kan pami Wulan males ngapalkeun, kantun naros ka Réza.”
Firman ngeteyep deui ngajauhan, teu jadi nyampeurkeun. Sieun ngaganggu ka sobatna anu keur paduduaan. Deukeutna Réza jeung Wulan asa nyiptakeun garis pangwates kana sosobatanana jeung Réza. Kaluar ti perpustakaan, Firman leumpang lalaunan. Basa ngaliwat ka lebah lulurung gigireun aula GOR teu ngahaja panonna nempo Nuraini jeung Galih keur ngobrol paduduaan handapeun tangkal bungur. Pamuluna, pagégéyéna, haharéwosanana persis pisan jeung kalakuan Réza jeung Wulan di perpustakaan. Firman ngagedig. Haténa asa mingkin méotan. *** (Lajengkeuneun)
Leave a comment