Carita Nyambung

Pulpén ti Kayangan (8)

“Ribut sok ribut!” Pa Ruhyat ngagentak. Yosép ngaderegdeg muru bangkuna di tukang. Saréréa ngarti lamun Pa Ruhyat geus kawas kitu hartina siaga satu. Jep kelas jempling. Pa Ruhyat leumpang anca ka lebah Yosép. Yosép murengked kawas peusing nyingkahan balai.

Share
Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (8)
Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (8)
Share

Carnyam Agus Sugianto

Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (Cover)
Carnyam Agus Sugianto – Pulpen ti Kayangan (Cover)

Di unggal sakola sok aya waé guru anu galak, guru temperamén, gampang ambek, atawa babari ngahukum. Biasana sok meunang lalandihan ti murid: killer, singa betina, atawa serigala sakola. Guru modél kitu tara dipikaresep ku barudak, diaromongkeun digeuhgeuykeun di kantin. Barudak ngarep-ngarep teu datang, malah semu atoh lamun guru téa gering upamana. SMA 2 boga Pa Karlan jeung Pa Ruhyat, guru anu galakna kabina-bina. Geus jadi sabiwir hiji, dicaritakeun diwariskeun ti angkatan ka angkatan. Teu saeutik budak SMP anu rék daftar ka SMA 2 teu tulus da sieun ku ieu dua legénda hidup.

“Mohon doa dari keluarga besar SMA Negeri 2 Subang untuk Bapak Ruhyat yang sedang dirawat di rumah sakit,” ceuk Pa Rahmat waktu jadi pembina upacara.

“Alhamdulillah,” Abdulah ngaharéwos.

“Puji Tuhan,” ceuk Yosép.

“Kawalat, siah! Guru gering kalah bungah,” baturna ngagebés.

“Urang mah alhamdulillah keur dokterna, capé kuliah ayeuna kaala hasilna, élmuna mangpaat keur guru urang,” Abdulah siga nu heueuh.

“Urang ngawakilan. Tong ngangles! Maranéh bungah nyaho Pa Ruhyat gering, sok!”

Kamerdékaan hakiki atuda guru galak teu datang mah. KM anu nyusul ka ruang guru balik ka kelas deuina mani marahmay, leungeunna ngacung-ngacung buku atawa keretas tugas. Cungar-cengir lir calon pangantén ngadéngé saksi ngomong sah waktu ijab kabul.

“Kasiksa atuda ku guru galak mah. Kumaha henteu kasiksa. Geus mah lieur mikiran pelajaran katambah jantung dag-dig-dug sieun kasentak. Mingkin ngabrét wé konséntrasi téh,” ceuk Yosép.

“Mending lamun pelajaranana hapalan. Giliran Bahasa Inggris komo Matématika, waduh otak urang kawas adukan semen kakeueum, ngabatu!”

“Alus lah masih aya guru anu galak. Aya anu negur,” ceuk Réza.

“Manéh kerén, Réz. Persis ustad anu jarang diondang ceramah,” ceuk Abdulah.

“Guru anu teu galak, tara ambek lain hartina teu kesel. Guru kitu mah ukur cicing bari ngadunga ngarep-ngarep sangkan urang gancang lulus,” ceuk Réza.

“Urang satuju, Réz,” Yosép ngeupeulkeun leungeun. “Satuju urang gancang lulus, ambéh guru urang séhat jasmani jeung rohani.”

Lamun itung-itungan, sabenerna Pa Karlan panggalakna. Kasalahan leutik ogé pasti hukumanana fisik. Barudak anu ngalanggar terus dihayuan ku Pa Karlan geus teu anéh deui jeung anu ngaranna buligir lumpat ngurilingan lapang baskét, jalan bébék, pasang kuda-kuda karaté atawa ngahormat bandéra salila lima belas menit. Tapi anu dipikasebel ku barudak mah justru Pa Ruhyat. Padahal lamun ngahukum sok tara anéh-anéh, paling sina nangtung atawa dipurilitkeun ceuli.

“Pa Ruhyat mah omonganana nyelekit, lidah beracun,” ceuk Ruslan.

“Urang mah mendingan lari atawa hormat bandéra daripada ngajanteng gigireun papan tulis,” ceuk Agung. “Teu pegel teu sing ngan éra. Komo lamun maranéh tarungkul bari tingcikikik, bahagia sempurna nempo urang dihukum.”

“Kalah ka ngomongkeun kagoréngan guru!” Yosép nyéngclé luhureun méja.

“Ambéh dosa guru urang ngurangan.”

“Manéh dendam ka Pa Ruhyat,” ceuk Firman.

“Naha maké kudu dendam?” Réza malik nanya.

“Éta sih tragedi salah sasaran téa?” Firman nyengir.

Réza kungsi dijéwér sakaligus dititah nangtung hareupeun kelas ku Pa Ruhyat. Harita Pa Ruhyat keur nulis dina papan tulis, ari Yosép ngadon kukurilingan nginjeum pulpén. Euweuh anu méré. Barudak, komo awéwé mah kapok, sabab anu ngaranna pulpén geus diinjeum ku Yosép, sok tara balik deui. Yosép haharéwosan, gerilya néangan pulpén.

“Ribut sok ribut!” Pa Ruhyat ngagentak. Yosép ngaderegdeg muru bangkuna di tukang. Saréréa ngarti lamun Pa Ruhyat geus kawas kitu hartina siaga satu. Jep kelas jempling. Pa Ruhyat leumpang anca ka lebah Yosép. Yosép murengked kawas peusing nyingkahan balai.

“Geus kelas 12 masih kénéh bandel. Rék iraha sadarna, hah!” sakilat leungeun Pa Ruhyat ngarawél ceuli Réza. “Nangtung di hareup siah!”

Réza nguniang bari muringis nuturkeun leungeun Pa Ruhyat kana ceulina. Yosép molohok. Kelas lir gaang katincak.

“Naon? Rék ngangles? Geus salah montong ditambahan bohong. Jadi dobel salahna,” ceuk Pa Ruhyat ngagiwing ceuli narik Réza ka hareup.

Réza nyengir ingeteun deui kana kajadian harita.

“Pa Ruhyat teu apaleun kajadian nu sabenerna,” Réza nutupkeun buku anu dibacana.

“Ari ka Yosép?”

“Saréréa milih henteu terus terang. Urang satuju.”

“Teu sangka manéh hadé haté kitu, euy!”

“Ké peuting tas isa, ku urang disampeur.”

“Ka mana? Ka imah Wulan?”

Bada isa Réza nyampeur ka Firman tumpak motor. Duaan ngabiur ka Subang-keun. Jalan lowong. Ukur hiji-dua motor atawa mobil anu ngaliwat. Réza nyimpang ka apoték meuli obat jeung madu keur bapana. Geus réngsé motor maju lalaunan muru ka pujaséra, akronim tina pusat jajan saréréa. Duaan pesen mie ayam. Bérés jajan, Réza ngajugjug gedong Studio Radio Pelangi.

“Rék naon nongkrong di dieu?”

Réza henteu ngajawab. Gék manéhna diuk dina trotoar handapeun tangkal nangka. Panonna lempeng ka lebah kantor pos.

“Sidikkeun ku manéh. Bapa-bapa tukang ojég online anu kadua ti katuhu,” Réza nunjuk bari ngaharéwos. Firman nuturkeun curuk sobatna. Panonna teu sirikna nyureng hayangeun jelas. Sinar lampu jalan anu reyem-reyem katambah lumayan jauh.

“Pa Ruhyat?”

“Balik ngajar, Pa Ruhyat mangkal di dinya. Ngojég online nepi ka peuting, keur nambahan resiko dapur kulawargana,” ceuk Réza laun.

“Barudak béjaan atuh,” Firman neureuy ciduh.

“Teu kudu. Keun baé sanyaho-nyahona. Lamun nempo sorangan mah rasa hormat maranéhna bakal leuwih kuat ka Pa Ruhyat.”

Karasa aya geleter anu sésélékét kana juru haté Firman. Geleter anu ngabalukarkeun manéhna jempé sapanjang jalan. Réza ogé anteng. Kawas ngahaja ngantep sobatna namperkeun geleter batinna. Nepi ka Lebaksiuh, pok Firman nyarita.

“Kateunyaho sering ngalantarankeun jelema kaliru jeung salah léngkah, nya?” pokna.

“Matak gé sing rajin maca! Réa maca, réa nyaho. Wulan gé baris kabandang.”

“Geus nepi ka mana jeung Wulan?”

“Iraha-iraha urang ngadongéng soal Wulan.”

Motor ngadius meulah reyem-reyemna peuting. Sora cai ngélétrék di susukan sisi sawah patémbalan jeung keresek angin dina sesela rungkun awi sisi walungan di kajauhan. Peuting ngarambat. *** (Lajengkeuneun)

Edisi majalah: 2997

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (12) Tamat
Carita Nyambung

Pulpén ti Kayangan (12 – Tamat)

Carnyam Agus Sugianto Sakumaha pangbadé ti saréréa, Réza jadi piunggul lomba panalungtikan...

Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (11)
Carita Nyambung

Pulpén ti Kayangan (11)

Carnyam Agus Sugianto Luyu jeung anu ditulis ku Firman maké pulpénna, Dina...

Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (10)
Carita Nyambung

Pulpén ti Kayangan (10)

Carnyam Agus Sugianto Jelema mah sok ngarep-ngarep meunang kahadéan, ngusahakeun supaya éta...

Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (9)]
Carita Nyambung

Pulpén ti Kayangan (9)

Carnyam Agus Sugianto Kelas 12 IPS 2 héboh. Dina, budak tomboy anu...