Carita Nyambung

Pulpén ti Kayangan (7)

Kaanéhan séjénna, manéhna anu baheula cadu kana buku naha ayeuna kawas karanjingan. Aya kanikmatan luar biasa saban manéhna nyekel buku, ngambeu keretasna, muka jilidna, nuturkeun kalimah tur ngaderes paragraf.

Share
Pulpen ti Kayangan 7
Pulpen ti Kayangan 7
Share

Carnyam Agus Sugianto

Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (Cover)
Carnyam Agus Sugianto – Pulpen ti Kayangan (Cover)

Obrolan barudak kelas 12 IPS 2 teu jauh tina urusan maén bal. Anu ngaranna unggul mah matak resep ngabahasna, matak pogot nyaritakeunana. Kasabelasan kelas 12 IPS 2 anu bisa ngéléhkeun kelas 12 IPA 2 jadi bahan obrolan anu teu béak-béak, dibalikan deui, dikoréhan deui. Pantes kituna mah sabab kelas 12 IPA 2 can kungsi ngalaman éléh boh ku kasabelasan sasakola boh ku tim séjén sakola.

“Yosép Gatuso,” Yosép nepak dada bari ngahahah. “Susanto mémang anu ngagolkeun tapi inget, urang anu menjaga ritme permainan.”

“Jeung urang Abdulah Nésta,” Abdulah embung éléh.

“Kabéh ogé berkat Firman Mourinho, manajer hébat, man of the match,” Yosép ngangkat leungeun Firman. “Urang ihlas, balungbang timur caang bulan opat belas, masrahkeun korsi manajer tim ka manéhna. Bravo Firman!”

“Manéh tetep manajer. Urang mah kamari wungkul,” ceuk Firman.

“Tapi ulah deui-deui, nya! Lamun urang ripuh geuwat ganti. Ampir inna lillahi!”

“Kumahakeun ieu duit?” tanya Abdulah.

“Duit nanahaon?” Réza kerung.

“Antisipasi éléh, Réz. Barudak patungan. Karunya manéh mun kudu mayar sosoranganan mah,” ceuk Abdulah.

“Meunggeus hayu ka kantin, béakkeun!” Yosép cengkat pangheulana, dituturkeun ku Dina. Tingcikikik ngabring ka kantin.

Geus tilu kali pulpén téh némbongkeun kasakténna. Mimiti kajadian Pa Waryadi neunggar méja, kadua soal cicilan kulkas indungna Réza, jeung katilu pertandingan sépak bola kamari. Firman nyampeurkeun sobatna anu keur anteng maca buku di téras.

“Sigana usaha manéh ngadeukeutan Wulan moal hasil,” gék Firman gigireun Réza.

“Manéh nawarkeun bantuan maké pulpén? Sangkan urang jeung Wulan jadian?”

“Kurang leuwih.”

“Tawaran anu narik. Tapi, urang maca buku lain wungkul hayang diperhatikeun ku Wulan. Urang kungsi ngomong. Teuing naon sababna, urang ngarasa asyik lamun maca téh. Komo maca buku klasik, karék ngambeu keretasna ogé geus nikmat. Terus naon waé anu dibaca ku urang, rarasaan téh langsung némpél, langsung apal.”

“Ti saprak katinggang di Ranggawulung nepi ka pingsan téa, nya?”

“Manéh boga pulpén ajaib ogé ti harita, nya? Urang resep maca ti harita. Boa-boa pulpén éta anu ngabanting sirah urang téh, nya?” Réza neuteup seukeut ka Firman.

“Ah, kabeneran wé éta mah,” Firman ngagebés.

“Urang néangan di internét, euweuh pulpén siga kitu. Bentukna-bahanna béda.”

“Kacurigaan manéh kaleuleuwihi.”

“Manéh sieun urang ménta éta pulpén, kan?”

“Manéh sirik aki urang méré hadiah pulpén alus,” Firman ngajengkat.

Réza ngajenghok, teu nyangka Firman bakal kasigeung haténa. Kaduhung melentis dina juru kalbuna. Naha atuh maké curiga ka sobatna anu sakitu bélana. Sobat anu geus nulungan manéhna basa pingsan. Tapi dugaanana henteu bisa disieuhkeun kitu waé. Manéhna panasaran aya hubungan naon antara pulpén ahéng jeung karesepna kana maca anu ngadadak kitu. Sangkaanana keukeuh yén éta pulpén anu ngabalukarkeun réa kajadian ahéng, Pa Waryadi sirahna kajedug méja tukang fotokopi nepi ka bénjol, Bu Déwi teu jadi nagih cicilan kulkas ka indungna. Terus kamari kasabelasan 12 IPS 2 bisa ngéléhkeun 12 IPA 2, skorna 1-0, anu ngagolkeunana Susanto maké serangan balik, persis jeung anu ditulis ku Firman maké pulpén saméméh maén.

Kaanéhan séjénna, manéhna anu baheula cadu kana buku naha ayeuna kawas karanjingan. Aya kanikmatan luar biasa saban manéhna nyekel buku, ngambeu keretasna, muka jilidna, nuturkeun kalimah tur ngaderes paragraf. Éta kabéh sanggeus manéhna pingsan di Ranggawulung katinggang ku teuing naon. Lamun enya pulpén éta, naon sababna Firman teu terus terang? Atawa aya benda séjén? Di mana ayeuna ayana? Runtuyan pertanyaan anu karasana ngaweuhan, ngaririwaan saban rénghapna. Ngukuntit léngkahna ka kelas. Gék Réza diuk gigireun sobatna. Firman haré-haré.

Giliran pelajaran Bahasa Indonésia. Bu Éndang norojol. Keretas hasil ulangan mangkukna siap dibagikeun. Saperti biasa, pameunteuna teu weléh marahmay, ngagambarkeun sumanget jeung kadeudeuhna kana profési jeung murid-muridna.

“Ibu mendapat kejutan yang amat menyenangkan. Kalian tahu apakah itu?” Bu Éndang ngulincer bari imut. ”Peraih nilai tertinggi dalam ulangan kali ini sungguh di luar dugaan siapa pun, termasuk ibu.”

“Ruslan,” ceuk Yosép. Barudak tingcikikik, saréréa ngarérét ka Ruslan anu mémang pangjangkungna.

“Wulan?” tanya Nuraini. Wulan mémang paling pinter di kelas. Ti kelas 10 teu weléh réngking kahiji. Saban ulangan peunteunna sok panggedéna waé.

“Sanés,” Bu Éndang gigideug. “Wilujeng kanggo Réza sareng Firman, peunteunna panggedéna!”

Barudak silih pelong, teu percayaeun. Kumaha rék percaya, Réza jeung Firman anu terkenal males, jarang ngerjakeun tugas, ayeuna meunang peunteun panggedéna! Barudak tingkecewis. Firman molohok, Abdulah calangap, Yosép nyokélan liang ceuli, sieun salah déngé. Barudak sama sakali henteu percayaeun kana dédéngéanana. Sedeng Réza mah ngabigeu. Sungutna satengah calangap badis bibit lauk mujaér keur megarkeun anak. Manéhna mémang maca matéri ulangan, ngeusian kalawan daria jeung enya-enya tapi henteu kapikiran ari bakal meunang peunteun panggedéna mah.

Bubar sakola saperti biasa Réza leumpang mapay trotoar. Jarak imahna ti sakola mémang henteu pati jauh. Sanajan aya ruteu angkutan kota, manéhna méh tara ngagunakeun éta modeu jasa transportasi umum. Manéhna leuwih resep leumpang, ulin jeung kalangkang. Katambah iuh deuih, réa tatangkalan sapanjang jalan. Réza leumpangna bari tungkul. Pikiranana can bisa leupas tina masalah niléy ulangan Bahasa Indonésia.

“Réza, antosan!” Hiji sora halimpu tukangeunana. Sora anu dipiwanoh pisan. Sora anu sok jadi implengan lamun manéhna ngahérang ngondang impian.

Rég Réza eureun tuluy malik. Wulan satengah migprig nyampeurkeun.

“Muhun, kumaha?” Réza rampang-reumpeung. Beungeutna karasa nyiak.

“Emh, wilujeng, nya! Hébat!” Wulan ngasongkeun leungeun.

“Hé… kaleresan,” Réza aga-eugeu nampanan leungeun Wulan.

“Emh, Réza janten bénten,” Wulan imut.

“Bénten kumaha?” Réza gagaro halis.

“Bénten wé. Tapi Wulan suka,” Wulan muru Nuraini anu ngajanteng nungguan.

Réza muter-muter tungtung sapatu. “Hati-hati!”

Wulan nyelang malik terus manggut semu imut.

Bari merongkeun anu ngoloyoh terus meuntas ka mini markét téh, Réza nyarékan manéh.

“Belegug! Dasar otak udang!”

Nepi ka imah Réza langsung nelepon Firman.

“Nuhun, Bro! Manéh geus nuliskeun pertemuan urang jeung Wulan.”

“Urang teu nulis nanaon.”

“Tadi balik sakola. Pas urang keur leumpang, Wulan ngageroan, dagoan, cenah. Ngan nyebut selamat wungkul sih. Tapi degdeganana nepi ka teu hayang dahar, euy!” Réza ngahahah. “Ieu pasti pagawéan manéh. Nulis maké pulpén ajaib.”

“Urang henteu nulis nanaon soal manéh jeung Wulan,” ceuk Firman.

“Sing balég, Fir?”

“Keur naon urang bohong. Cukup sakali wé,” Firman halon. “Bener pisan anu ngabanting manéh di Ranggawulung téh pulpén anu di urang.”

Réza ngarénghap jero. Firman mindahkeun HP ka beulah katuhu. Dua sobat paheneng-heneng. Pikiranana ngalayang ka alak paul nuturkeun méga bodas anu teu weléh robah nurutkeun geleser angin. Di buruan, hayam jago ngudag hayam bikang nepi ka nyenggé dina rungkun tangkal cau. Anakna tingcariak tibang wasa nyérangkeun indungna anu teu walakaya. (Lajengkeuneun)

Edisi majalah: 2996

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (12) Tamat
Carita Nyambung

Pulpén ti Kayangan (12 – Tamat)

Carnyam Agus Sugianto Sakumaha pangbadé ti saréréa, Réza jadi piunggul lomba panalungtikan...

Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (11)
Carita Nyambung

Pulpén ti Kayangan (11)

Carnyam Agus Sugianto Luyu jeung anu ditulis ku Firman maké pulpénna, Dina...

Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (10)
Carita Nyambung

Pulpén ti Kayangan (10)

Carnyam Agus Sugianto Jelema mah sok ngarep-ngarep meunang kahadéan, ngusahakeun supaya éta...

Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (9)]
Carita Nyambung

Pulpén ti Kayangan (9)

Carnyam Agus Sugianto Kelas 12 IPS 2 héboh. Dina, budak tomboy anu...