Carnyam Agus Sugianto

Barudak SMA 2 Subang mah sok ngayakeun pertandingan sépak bola antarkelas atawa antarsakola. Sok maké pangbeubeurat, tim anu éléh kudu mayar séwa lapang jeung wasit. Pertandinganana biasana soré, bubar sakola.
Kelas 12 IPS 2 kaasup kelas unggulan. Pamaénna aralus, rata di unggal posisi. Doni, kiper; Agung sénter bék; Ruslan playmaker jeung Susanto di posisi striker. Maranéhna anu jadi jangkar permainan tim. Katambah Yosép, anu ngangkat manéh jadi manager tim pinter milih lawan, tara sambarangan narima pangajak tanding. Upama aya anu ngajak, sok risét heula, néangan informasi kakuatan lawan. Lamun dirasa imbang komo unggul, langsung diheueuhan. Sabalikna lamun kakuatan lawan saluhureun, Yosép lihéy néangan alesan pikeun nolak.
“Éléh meunang lain wungkul ditangtukeun di jero lapangan, Bro. Bisa dirancang dina keretas perhitungan,” ceuk Yosép, “kira-kira euweuh peluang meunang mah, keur naon diladénan. Ka nyeri-nyeri bincurang, éléh pasti, duit ngalayang. Bener teu, Dul?”
“Tapi tong poho aya faktor keberuntungan,” ceuk Abdulah.
“Keberuntungan ukur omongan maranéhanana anu mumul ngitung peluang. Pikeun anu taktis, modél urang, keberuntungan aya itung-itunganana.”
“Jadi kumaha, tangtangan kelas 12 IPA 2 diladénan moal?” tanya Doni.
“Beurat, Don. Di ditu aya Carlos, Ucok, Darul jeung Galih. Can Yayang jeung Rian, leutik tapi liat tah budak téh,” témbal Yosép.
“Tapi di urang aya Agung, Ruslan, Susanto,” ceuk Firman.
“Angger beurat, Fir. Di atas kertas kans urang ukur 40-60. Urang hariwang lamun ieu tangtangan ditarima, Susanto bakal adu hareupan jeung Carlos jeung Ucok. Bisa-bisa jadi Susan, bakating ku ripuh! Percumah miceunan duit, méakkeun tanaga.”
Susanto ngamang-ngamang leungeun hayang ngadegungkeun Yosép.
“Kelas 12 IPA 2 geus opat kali nangtang. Tilu kali ditolak. Lamun ayeuna ditolak, urang bakal dilélécé. Disebut banci lah, cémén lah,” ceuk Doni, “ieu masalah harga diri.”
“Kari milih, narima tangtangan résikona éléh, capé, duit ngalayang atawa nolak, résikona dilédék. Sederhana, kan?” ceuk Firman.
“Maju, ladénan,” Réza kalem. “Gunakeun strategi anu pas. Ulah ngandelkeun otot, paké otak, minangka rasa hormat kana anugrah Pangéran.”
“Teu kudu. Dilédék mah antepkeun wé. Paling saminggu,” Yosép nyengir.
“Mending jempé, lamun kalah ka sahéng kumaha?” Doni kaciri keseleun, “Ceuk urang, tarima baé. Éléh tinggal éléh, duit ngalayang, baé daripada dilélécé.”
“Silih lédék mah biasa. Émang aya jaminan lamun urang tanding terus éléh manéhna henteu ngalédék? Komo meureun éléh mah,” Yosép keukeuh.
“Meunggeus, ah kalah debat. Urang lawanan. Hayang nyaho nepi ka sakumaha hébatna 12 IPA 2 téh,” ceuk Réza, “anu ngaturna Firman, ulah Yosép.”
“Urang anu apal strategi jeung posisi barudak lamun maén,” Yosép protés.
“Éta lamun lawanna lével biasa. Ieu mah kan luar biasa, perlu manajer anu khusus. Urang percaya ka Firman. Manéh maén, Sép!”
Barudak jarempé. Kakara ayeuna manéhna bakal nyanghareupan lawan tanggoh. Kelas 12 IPA 2 mah sering miluan turnamén umum.
“Lamun ragu, urang jaminanana. Lamun éléh, urang anu mayar,” Réza tandes.
Sanajan alot, antukna mah saréréa misapuk, tangtangan kelas 12 IPA 2 ditarima.
“Ari manéh éling, teu?” Firman ngagusur Réza ka juru mushola.
“Tinggal tulis maké pulpén. Urang ripuh tapi meunang. Peun,” Réza nyengir.
“Lamun teu hasil kumaha? Urang teu téga nempo manéh nepi ka bobol duit. Séwa lapang jeung wasit téh lima ratus rébu, Réz. Satengah juta!”
“Sakali-sakali mah hirup téh ditabrak-tabrak, Fir. Ambéh karasa beletrakna. Jika takut dilimbur pasang jangan berumah di pinggir pantai. Lamun embung berjuang ulah hayang jadian jeung Nuraini,” Réza nyakakak.
Lapangan sépak bola Wéra soré harita méh pinuh ku barudak kelas 12 IPS 2 jeung kelas 12 IPA 2. Masing-masing kasabelasan anu rék tanding keur pemanasan, siap berjibaku demi géngsi jeung duit. Tim kelas 12 IPS 2 maké jérsi beureum bodas, meunang nginjeum ti Lebaksiuh FC. Lawanna kasabelasan 12 IPA 2 maké saragam biru-biru, jérsi kelas, hasil patungan anu bangga pisan ditagihna. Suporter tinggorowok méré sumanget ka pamaén jeung ngalédék lawan. Rombongan kelas IPS dikomandanan ku Dina, budak tomboy, buukna cepak siga lalaki. Pa Waryadi, satpam sakola anu jadi wasitna. Lumayan meunang sabungkuseun roko.
Firman méré komando. Gayana mirip Jose Mourinho keur ngamotivasi John Tery jeung para punggawa Chelsea.
“Pokona Yosép jeung Abdulah tugasna ngawal Darul jeung Galih, galandang anu ngatur serangan itu. Ka mana gerak, geuwat témpél, tong dileupaskeun,” ceuk Firman.
“Téga manéh, Fir. Geus diturunkeun tina manajer, ayeuna kudu ngungudag lawan. Bisa burak dada urang,” Yosép muringis.
“Strategi, Yos. Gerakan manéh lincah, cocog keur ngahalangan,” témbal Firman.
“Tapi lamun urang ngaléhléh, gancang ganti, nya!”
Dua kasabelasan asup ka lapangan, baris jeung sasalaman. Prit… Pa Waryadi niup piriwit tanda pertandingan dimimitian. Dina sageprakan ogé tuluy kaciri kasabelasan 12 IPA 2 leuwih dominan. Pertandingan dikokop. Operan-operan pondok divariasikeun jeung operan langsung ka jantung pertahanan matak kawalahan pamaén bertahan 12 IPS 2. Yosép jeung Abdullah lir kalangkang ti Darul jeung Galih, ngintil ka mana waé éta playmaker ngaringkang. Kelas IPS bertahan total, teu dibéré kasempetan nyekel bola komo nyerang mah. Pamaénna tibang bisa nahan atawa najong bal ngajauhan gawang.
Pamaén kasabelasan IPA beuki percaya diri. Gawang IPS dikepung, bertahan bébéakan. Yosép rénghap ranjug. Leungeunna dua kali ngacung méré kodeu ménta diganti. Firman teu maliré. Permainan beurat sabeulah. Bola méh teu kungsi meuntas garis tengah lapang. Babak kahiji anggeusan. Skor masih 0-0. Yosép ngagolépak sisi lapang, panonna burial buncelik. Dadana empés-empésan. Késang banjir sakujur awak.
“Fir, urang ganti, euy! Please!” cenah.
“Urang ogé, Fir. Ripuh ngungudag si Galih,” Abdulah nangkarak bengkang.
“Susanto paénkeun, Fir. Ambéh urang bisa nyerang. Ripuh hantem-hanteman diserang mah,” ceuk Agung.
“Formasi permainan tetep siga babak kahiji. Keun lawan sina nyerang terus nepi ka frustrasi,” ceuk Firman.
“Urang anu frustrasi, Fir!” Yosép ngowowong.
Babak kadua dimimitian. Persis jeung babak kahiji, kasabelasan IPA terus ngarurug pertahanan IPS. Tim IPS tihothat mertahankeun sangkan henteu kabobolan. Ruslan anu posisina galandang milu turun mantuan pertahanan. Pertandingan karasa monoton. Lila ti lila pamaén tukang kasabelasan IPA teu sabar, milu maju nyerang. Nempo kitu Firman gancang ménta pergantian pamaén. Susanto asup ngaganti Zaénal.
“Urang, Fir!” Yosép ngalengis.
Lantaran pamaén tukang lawan milu maju, pertahanan tim IPA jadi molongpong. Maranéhna henteu engeuheun lamun ti tadi geus diincer. Dina hiji kasempetan, Agung bisa ngarebut bola ti Yayang. Balicet-balicet Agung ngamankeun bola.
“Susanto balapkeun, Gung!” Firman ngagorowok.
Sakilat Agung ngirim bola daérah jauh ka hareup. Susanto bisa ngulinkeun bola, dioper ka Ruslan. Ruslan, ngagilek nyingkahan panghadang bék, golosor bola disépak datar, umpan torobosan ka Susanto. Striker IPS téh laluasa pisan ngalégo bék anu ngan kari hiji da batur-baturna miluan maju téa. Susanto langsung bisa adu hareupan jeung kiper lawan. Ngan sakali nekuk Susanto macikeuh kiper maké sépakan plésing ka juru kénca handap. Gol! Susanto lumpat ngacungkeun leungeun diudag ku babaturanana. Pamaén jeung suporter silih rangkul bari euyah-euyahan. Pamaén IPA katara silih salahkeun. Suporterna jarempé. Teu nyangka bakal kitu kajadianana.
Saterusna mah pertandingan téh kawas tadi. Nu hiji nyerang, nu hiji bertahan. Tapi ayeuna mah pamaén IPA kaciri hayang geura-geura ngagulkeun. Antukna permainanana henteu rapih cara tadi. Leuwih loba ngandelkeun umpan langsung ka hareupeun gawang atawa tendangan spékulasi ti luar kotak pinalti. Lalab atuh keur Doni mah. Prit…! Pa Waryadi niup piriwit pertanda pertandingan lekasan. Barudak IPS asa kaindit, tingberetek ka jero lapang, ngalung-ngalungkeun topi, tas, switer atawa jukut anu meunang ngarabutan. Dina ngéngklak di tengah lapangan bari muter-muter jakét. Yosép ngahinghing awahing ku capé. (Lajengkeuneun)
Edisi majalah: 2995
Leave a comment