Carita Nyambung

Pulpén ti Kayangan (5)

Firman ngaluarkeun pulpén jeung buku paranti kutrat-kotrét. Burileng panonna muter mikir-mikir ngaréka-réka tuliskeuneun. Biwirna runya-renyu ngabayangkeun anu jail. Lumayan rada lila kituna téh.

Share
Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (5)
Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (5)
Share

Carnyam Agus Sugianto

Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (Cover)
Carnyam Agus Sugianto – Pulpen ti Kayangan (Cover)

Bérés meresihan toilét Firman jeung Réza teu langsung ka kelas. Ngadon dariuk dina téras di juru laboratorium bahasa.
“Naha bisa pas kitu nya?” Réza kerung. “Anu ku manéh ditulis kajadian persis.”
“Kabeneran meureun,” Firman nyéréngéh.
“Untung ukur ditulis bénjol. Lamun katubles paku nepi ka sapuluh jaitan, kumaha? Boa-boa ieu pulpén boga kakuatan gaib, Fir. Meunang ti mana sih?”
“Paméré aki urang. Teuing meulina di mana,” Firman ngabohong deui.
“Di kelas wé istirahatna,” Réza ngaléngkah, “Hayu!”
“Manéh hayang kataksir ku Wulan, nya?”
“Lamun enya kumaha?”
“Henteu nanaon sih. Ngan rada hariwang wé saeutik. Kabanting barang anu teu jelas waé nepi ka kelenger, komo meureun dua kali ditolak Wulan.”
“Tenang, aya manéh anu nganteur ka Puskésmas.”


Pa Tata, guru Sosiologi, keur nerangkeun matéri patrilineal, hiji tradisi masarakat anu ngutamakeun jalur sistim kekerabatan ti pihak lalaki. Sedeng matrilineal mah sabalikna, ngutamakeun nyokot jalur kekerabatan pihak awéwé. Pa Tata anteng nerangkeun bari méré conto tina kahirupan sapopoé. Barudak mimiti patinggoléah badis panggal arék eureun muter. Aya anu celenggeu nempo ka luar jandéla. Aya anu hantem nempoan jam dinding, ngobrol haharéwosan, kutrat-kotrét atawa gagambaran sakainget. Yosép nanggeuy gado ku dua leungeun. Panonna ceuleuyeu.


“Kumaha jelas? Saha anu rék nanya?” Pa Tata ngulincer ka sakuriling rohangan. Kelas jempling. Barudak silih rérét. “Lamun teu aya anu nanya, bapa anu nanya.” Pa Tata seuri. Gep leungeunna kana buku absén. Abdulah, nomer absén kahiji, curinghak.


“Manéh nanya, Réz!” Abdulah ngaharéwos. “Hayo, kaburu ngaran urang disebut.”
“Sip! Sebut ngaran jeung pertanyaanana. Singget jelas,” Pa Tata marahmay.
“Réza Ahmad Solihin, Pa,” témbal Réza bari ngarérét ka lebah Wulan. Gayana anggota DPR keur dengar pendapat. Anu dirérétna ngabalieur. “Indonesia itu beragam. Ada masyarakat yang menganut patrilineal ada juga matrilineal. Apa itu tidak bikin pemerintah kesulitan dalam menyusun dan menerapkan sebuah undang-undang, Pak?”
“Pertanyaan hadé pisan. Saha anu rék nyoba ngajawab?” Pa Tata ngulincer deui.


“Baiklah,” ceuk Pa Tata, “pada saat merumuskan sebuah undang-undang, pemerintah telah mempertimbangkan segala aspek kehidupan yang ada, agama, sosial, ekonomi, adat-istiadat, budaya dan lain-lain. Termasuk perbedaan sistem kekerabatan ini. Undang-undang yang lahir sudah tentu mengakomodir itu. Dalam penerapannya juga demikian, pemerintah mengakui dan menghormati hukum adat yang berlaku di satu daerah. Masyarakat boleh mempergunakan hukum adat tersebut sepanjang tidak bertentangan dengan hukum negara dan terutama asas keadilan.”


Bél tanda istirahat ngirining. Yosép nguliat. Beungeutna ngadadak cahayaan. Barudak ngabring muru ka kantin persis éngang kaluar tina sayang alatan kagareuwahkeun.
“Ngan dua kali barudak sakola di Indonésia beungeutna gumbira,” ceuk Réza.
“Jelaskeun!” Firman nyokot gehu, celemut kana céngék. Belewek cacamuilan.
“Hiji, waktu bél istirahat. Dua, pas bél balik,” Réza kalem ngaduk és téh manis. “Kumaha pertanyaan urang tadi? Kerén kan?”
“Kaciri pisan modus hayang diperhatikeunana ku Wulan,” Firman ngosom.
“Duh, tunduh pisan, sumpah!” Yosép ngagosok matana maké és batu.
“Matakna montong judi bola waé,” Abdulah biwirna hérang urut pisang goréng.
“Judi haram, Bro!” Yosép sidakep.
Ger saleuseurian. Silih lédék, silih dengkék. Teu lila bél ngirining deui.
“Gancang pisan nya, euy?” Yosép heuay deui.
“Ambéh teu nundutan, ka UKS cug! Ménta balsem, ulaskeun kana biwir panon.”


Barudak ngaralénghoy seunggaheun pisan ninggalkeun kantin. Di lulurung anu brasna ka ruang UKS katempo Yudi keur disangkéh ku barudak anggota PMR.
“Si Yudi asup angin.”
“Pa Waryadi jeung Pa Karlan kudu tanggung jawab.”


Imah Firman di désa Lebaksiuh, ari Réza di Dangdeur. Dua désa anu dipisahkeun ku walungan Ciasem. Abdulah jeung Yosép bubuhan anak tentara, imahna di kompléks asrama TNI A di Wéra. Barudak anu imahna jauh, réa anu ngekos di daérah Dangdeur.
Kakara ogé Firman nepi ka golodog, Réza nelepon.


“Panasaran ku pulpén manéh. Indung urang boga cicilan kulkas ka Bu Déwi. Poé ieu kudu setor ngan can boga duit. Bapa gajihanana engké Saptu,” cenah.
“Naon maksudna sih? To the point coba!”
“Coba tulis paké pulpén éta, intina Bu Déwi teu jadi nagih,” Réza ngahahah.
“Ari manéh kasarumahan naon? Percaya ka nu kararitu.”
“Émang manéh teu héran kitu, Fir? Coba pikir, manéh nulis Pa Waryadi bénjol sirahna kajedug méja tukang fotokopi, terus beneran kajadian. Persis.”
“Kabeneran éta mah, Réz.”
“Matak ceuk urang gé cobaan wé. Saha anu nyaho kajadian deui. Itung-itung sakalian ngayakinkeun,” Réza keukeuh, “tapi kadé, ulah nulis Bu Déwi kua-kieu, nya!”
“Waduh, Réz, nepi ka kituna manéh.”


Firman ngaluarkeun pulpén jeung buku paranti kutrat-kotrét. Burileng panonna muter mikir-mikir ngaréka-réka tuliskeuneun. Biwirna runya-renyu ngabayangkeun anu jail. Lumayan rada lila kituna téh.
“Ah, paduli teuing!” pokna. Gutrut Firman nulis carita indungna Réza teu tulus ditagih cicilan kulkas. Golédag, ker! Firman tibra bari teu disalin baju heula.


Méh magrib Firman kakara nyaring, sanggeus dikukuprak ku indungna.
“Kabiasaan ari geus saré siga anu kapidara téh. Hésé pisan digeuingkeun. Tuh tingali geus satengah genep!” Indungna kukulutus. “Solat asar ka dituh! Meungpeung aya kénéh waktu. Tadi lohor teu? Hayuh wudu geuwat! Kaburu magrib geura, ah!”


Rumanggieung Firman ka kamar mandi. Cong solat bari ngarodon heuay. Rérés solat, indungna ngagantawang deui. Firman ngudar sarung jeung nilepan sajadah tuluy diuk nyarandé dina korsi méja belajarna. Kring Réza nelepon.


“Manéh nulis naon?” cenah, “Bu Déwi beneran teu nagih, deuleu!”
“Nu bener?” Firman ngoréjat.
“Sumpah! Manéh nulis kumaha? Urang hayang nyaho persis henteu jeung kajadian di dieu,” Réza hariweusweus.
“Bu Déwi datang ka imah manéh, rék nagih cicilan kulkas. Pas datang, indung manéh keur ngagoréng pisang.

Bu Déwi disuguhan. Anu tadina rék nagih téh jadi pesen hayang dipangnyieunkeun goréng pisang. Cicilan kajeun dibayarna lamun bapa manéh geus gajihan,” Firman ngajawabna bari ngalageday.
“Terserah manéh rék percaya atawa henteu. Teu dipiceun sasieur. Demi Alloh!”


Firman calangap. Geus dua kali anu ditulis ku éta pulpén bener-bener nyata. Boa heueuh pulpén pamanggih di Ranggawulung téh boga kakuatan gaib, ceuk Firman dina haté. Palangsiang bakal aya kajadian satuluyna anu sarua ahéng ka hareupna.


Adan magrib ngelewung ti masjid peuntaseun jalan. Sora muadin melas-melis kawas haté anu seunggah papisah reujeung poé anu terus ngadudud muru lajuning waktu. (Lajengkeuneun)

Edisi majalah: 2994

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (12) Tamat
Carita Nyambung

Pulpén ti Kayangan (12 – Tamat)

Carnyam Agus Sugianto Sakumaha pangbadé ti saréréa, Réza jadi piunggul lomba panalungtikan...

Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (11)
Carita Nyambung

Pulpén ti Kayangan (11)

Carnyam Agus Sugianto Luyu jeung anu ditulis ku Firman maké pulpénna, Dina...

Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (10)
Carita Nyambung

Pulpén ti Kayangan (10)

Carnyam Agus Sugianto Jelema mah sok ngarep-ngarep meunang kahadéan, ngusahakeun supaya éta...

Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (9)]
Carita Nyambung

Pulpén ti Kayangan (9)

Carnyam Agus Sugianto Kelas 12 IPS 2 héboh. Dina, budak tomboy anu...