Carnyam Agus Sugianto

Ulangan Bahasa Indonésia bener-bener matak jangar. Firman meusmeus mencétan tarang, meusmeus gagaro halis bakat ku lieur. Mémang soalna ngan sapuluh siki, tapi éséy kabéh. Matérina ngeunaan Menikmati Cerita Sejarah Indonesia.
Firman kukulutus. Nyaho kieu mah mendingan teu miluan ulangan. Kajeun meresihan WC. Lumayan dua jam pelajaran bisa bébas. Teu kudu mikiran identitas informasi cerita sejarah, analisis kebahasaan teks sejarah, konstruksi nilai novel sejarah jeung menulis cerita sejarah pribadi, hadeuh! Rét ka Réza, anteng. Sobatna jongjon ngagutrut nulis. Sakapeung eureun, tatanggahan ngimpleng pijawabeun. Gutrut deui. Kitu wé saterusna.
Bu Éndang, guru Bahasa Indonesia paling ngéwaeun ka budak anu sok niron. Pamulu manis rancunitna, sanajan geus liwat 40 taun, salin jinis jadi kereng pinuh komara. Soal ulanganana pasti éséy. Barudak anu boga niat niron teu bisa sangeunahna néplak jawaban baturna. Firman nakolan tarang ku pulpén. Keretas jawabanana masih beresih. Otakna kawas ngelentrung bakating ku kosong. Bu Éndang nyampeurkeun. Firman asa ngahiang pangacian.
“Coba, mana?” Bu Éndang ngiserkeun leungeun Firman anu dipaké nutupan keretas jawaban. “Can hiji-hiji acan? Teu ngapalkeun, nya?” Sora Bu Éndang ngoncrang.
Firman seuri konéng.
“Online teras, Bu,” ceuk Yosép, “biasa icalan online.”
“Pulpénna saé tapi hanjakal teu dikotrétkeun,” Bu Éndang ngoloyoh kana méjana. Barudak aya anu tungkul ngukruk, aya anu tatanggahan waé, ngondang ilham.
“Réz, bagi sih!” Firman ngaharéwos. “Dua nomer wé.”
“Nya sok ari bisa mah,” ceuk Réza ngaharéwos.
“Firman! Niron ukur nambah kabetah dina mumul jeung nipu diri sorangan!” sora Bu Éndang ngerewek punduk.
Firman teu bisa mengé. Lamun tentara mah sigana geus ngélébétkeun bandéra bodas.
“Kerjakeun sabisana. Mungkin jawabanana salah tapi ibu bakal ngaprésiasi rasa hormat hidep kana anugrah Pangéran anu ngaranna otak.”
Firman ambek nyedek tanaga midek. Antukna jadi nékad. Gutrut nulis. Sagala anu ngaliwat kana uteukna dibudalkeun kabéh. Manéhna teu mikir bener salahna, anu penting ngajawab. Beuki lila beuki lancar. Teu lila soal sapuluh téh anggeus. Firman ngarénghap asa ngemplong tina bangbaluh. Jung nangtung gandeuang maju ka hareup.
“Ya, yang sudah boleh meninggalkan ruangan!” ceuk Bu Éndang.
Geus dibalakan mah barudak tingburudul kaluar, ngariung hareupeun kelas.
“Firman hébat, euy! Pangheulana anggeus,” ceuk Yosép.
“Lantaran bener bisa atawa awahing ku puyeng?” ceuk Abdulah.
“Nu penting urang ngerjakeun sorangan, lain meunang niron. Mungkin jawabanana salah tapi Ibu bakal ngaprésiasi rasa hormat hidep kana anugrah Pangéran anu ngaranna otak,” Firman nyeta-nyeta omongan Bu Éndang.
“Naon, Fir?” Bu Éndang ngaliwat, tuluy ngalanggéor ka ruang guru.
“Henteu, Bu. Ieu Yosép ngajak paageung-ageung peunteun,” Firman ngélémés.
“Karasa!” Yosép asa meunang, bagja nempo baturna rampang-reumpeung.
Bérés ulangan Firman jeung Réza ménta idin madep ka Pa Waryadi rék meresihan WC téa. Pa Waryadi teu kasampak. Yudi masih ngajejentul sorangan bari buligir. Saragamna dipoé luhureun pucuk mérah.
“Pa Waryadi ka mana, Yud?” Firman nanya.
“Duka atuh da tacan datang ti tatadi ogé,” pokna.
“Can garing kénéh bajuna?” Réza nanya.
“Teu acan, A.” Yudi nga-Aa-keun da ka lanceuk kelas.
“Urang kudu konsékuén. Najan Pa Waryadi euweuh, kudu tetep ngalaksanakeun jangji. Urang kudu meresihan WC.”
“Gaya manéh, Réz! Kakara maca pakét Bahasa Indonésia waé mani légég!”
Firman jeung Réza nyokot sikat, émbér, sapu nyéré jeung sabun colék. Koloyong duanana muru ka WC gigireun rohangan laboratorium bahasa. Aya opat toilét di dinya téh. Dua keur barudak lalaki, dua deui toilét awéwé.
“Ngarah adil, urang bagi rata. Masing-masing meresihan hiji WC lalaki jeung hiji WC awéwé,” ceuk Réza, “ambéh teu parebut hayang meresihan WC awéwé.”
“Haha, aya tapakna ogé manéh maca téh, euy!”
Kawas geus hukum alam lamun toilét awéwé sok leuwih beresih, leuwih seungit, babari meresihanan. Béda jeung WC lalaki, nya kotor nya mabek matak kaluron anu lemah kandungan. Menu wajib: gayung euweuh gagangan, tapak sapatu nepi kana palapon, teuing kumaha nérékélna tah barudak euweuh gadag téh.
Firman jeung Réza ngaguyur lantéy WC maké cai dicampur sabun colék, digosok maké sikat injuk, terus disapukeun ku sapu nyéré. Bari nungguan cai sabun nyerep jeung nyedot bau hangseur sagala rupa, maranéhna meresihan témbok maké elap anu dibaseuhan. Sanggeus dirasa cukup, témbok jeung lantéy téh dibanjur ku cai sababaraha balikan nepi ka beresih. Panungtung bagéan luar, diguyur, disikat, disapukeun langsung diguyur deui. Teu pati susah da lantéyna henteu kesed cara di jero.
“Kumaha palipis nyeri kénéh?” ceuk Firman.
“Henteu. Beureum kénéh, teu?” Réza déngdék.
“Saeutik deui. Tapi asa leuwih ganteng beureum puhu ceuli mah.”
“Lamun muji montong kagok,” Réza ngéprétkeun cai kana beungeut sobatna. “Beneran manéh teu manggihan nanaon, anu ngabanting kana sirah urang?”
“Alah, anu penting mah manéh geus cageur jeung nambah kasép.”
“Cenah urang ditulungan ku supir angkot?” Réza cengkat. “Urang mana?”
“Justru éta. Bakat ku kaweur nepi ka poho nanya saha urang mana-manana.”
“Mémang parah kitu urang harita?”
“Persis anu geus siap dikafani dan disholatkan. Cacak teu aya supir angkot anonim mah sigana manéh geus diziarahi.”
“Haha kerén diksina, euy!”
“Lamun rék muji ulah tanggung,” ceuk Firman, “kieu-kieu gé urang téh penulis, Réz. Urang hayang kuliah di jurusan bahasa atawa sastra atau jurnalistik.”
“Teu kabayang… Karunya urang mah ka nu maca tulisan manéh.”
“Émang tulisan urang siga kumaha?”
“Hayang nu jujur?” Réza nyengir. “Karangan manéh mah kaku, caritana dijieun-jieun teuing. Déskripsina nanggung. Terus dialogna sinétron banget. Togmol pisan. Manéh tara maca sih.”
“Manéh gé tara. Kakara tadi isuk urang nempo manéh maca. Kakaraeun teuing.”
“Éh, Fir.” Réza merong. “Teuing ku naon urang jadi resep maca. Gampang inget deuih. Siga tadi, padahal urang ngan sakali maca bari leumpang pisan, tapi pas ulangan, mani lancar ngajawab. Kabéh anu dibaca rarasaan téh ngageblag hareupeun.”
“Ngobrol wé hantem. Lain sing bener digawé téh!” Pa Waryadi nulak cangkéng.
“Abdi mah konsékuén, Pa. Teu aya Bapa ogé tetep meresihan WC,” ceuk Firman.
“Heueuh, tapi loba ngobrolna. Ngahaja, nya ambéh teu miluan pelajaran.”
“Bapa mah suudon waé,” ceuk Firman.
“Mastaka Bapa ku naon?” Réza nanya bari nyidik-nyidik kana sirah Pa Waryadi.
“Puguh kajedug méja tukang foto kopi,” Pa Waryadi ngusapan anu ngajendol.
Firman jeung Réza silih pelong. (Lajengkeuneun)
Edisi majalah: 2993
Leave a comment