Carita Nyambung

Pulpén ti Kayangan (3)

Geuleuyeung Pa Karlan kaluar ti gerbang sakola. Pa Waryadi éjégélér hareupeun anu tiluan. Pentungan karétna dicekel, ditakol-takolkeun kana dampal leungeun. Gayana persis komandan pasukan mariksa barisan tawanan perang.

Share
Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (3)
Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (3)
Share

Carnyam ku Agus Sugianto

Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (Cover)
Carnyam Agus Sugianto – Pulpen ti Kayangan (Cover)

Maranéh sok pirajeunan merhatikan kalakuan barudak sakola anu isuk-isuk? Aya anu tebar pesona hayang katangar, léngkahna diatur némbongkeun personaliti khusus. Posisi nyoléndangkeun tas dipilih anu kira-kira méré kesan inteléktual. Barudak awéwé nanangkeup buku karandel bari tara kungsi dibaca, iwal lamun néangan jawaban PR. Upama panggih jeung baturna sok tuluy ngagéréwék kawas anu kagét lantaran paamprok jeung dulur anu teu balik tilu kali lebaran. Anu nyoo handphone bari tungkul. Bakating ku jongjon upama aya munding jalu ngamuk hayang kawin téh moal paduli. Aya anu leumpangna kawas anu diséréd, beungeutna muringis, panonna gular-giler waspada. Légégna siga soldadu sekutu anu katéwak sarta diasupkeun ka kamp penyiksaan Nazi. Anu leumpangna rusuh, léngkahna panjang kerep cepet muru ka kelas. Moal salah, can ngerjakeun PR, rék niron ka baturna. Aya deui anu leumpangna ingkud-ingkudan, biwirna muringis humar-hemir, sukuna misalah alatan labuh tina motor.

Tacan urusan dangdanan. Saragam sakola anu geus diatur teu ngahalangan barudak pikeun kréatif. Baju saragam téh ditambahan momonés, digambaran atawa ditulisan. Yudi budak kelas sapuluh leumpangna bari ngahéot. Saku bajuna ditulisan maké spidol hideung ‘kotak amal’, cenah. Barudak awéwé baju saragamna seungit parfum. Seungitna tinghiliwir aroma lembut, élégan jeung nyengsreng kana irung. Susi teu weléh seungit minyak kayu putih jeung wedak orok. Saméméh indit sakola manéhna boga tugas ngadangdanan adina anu sakola di TK nol kecil.

Firman kaasup budak anu légégna siga tahanan kamp penyiksaan Nazi. Manéhna sadar sapinuhna yén dirina jeung Réza kawas sakitan anu nyampeurkeun tihang gantungan. Haténa kebek ku rasa kaduhung sagedé gunung. Pok deui-pok deui nyupata manéh, naha atuh aing téh maké kapanggih. Gigireunana Réza leumpang anca ngabetem. Palipisna geus kempés, kari geuneuk saeutik. Leungeunna ngajingjing buku pakét Bahasa Indonésia. Réza maca bari leumpang.

“Serius pisan, euy!” ceuk Firman kagugu.

“Ulangan Bahasa Indonésia, urang can sempet ngapalkeun,” ceuk Réza.

“Alah, gaya! Biasana gé nyegrék.”

“Batur ngapalkeun kalah ngaléléwé. Sobat naon?” Réza ngadupak taktak Firman.

“Tujuh keajaiban dunya anu aya gé urang can apal, montong ditambahan deui!”

Réza tibang ngarérét.

“Naha aya anu leuwih ajaib ti batan anu ngaranna Réza Ahmad Solihin maca buku bari leumpang?”

“Fir, sabenerna urang kamari kabanting naon sih?” Réza nyelang ngarandeg.

“Sakadang alien keur ngorong di luar angkasa. Korongna dibabétkeun sataker tanaga, ngacleng asup ka atmosfir bumi. Beletak, kana sirah manéh,” Firman nyakakak.

Srog Pa Waryadi, satpam sakola ngahadang.

“Firman, Réza, jeung manéh ka dieu! Manéh saha ngaran?” cenah mani galak.

“Yudi, Pa.” Yudi satengah ngabalieur bari ngagurunuk. “Sok kuasa!”

“Ngomong naon manéh?” Pa Waryadi morongos.

Tiluan ngajanteng. Yudi tungkul. Firman tatanggahan. Réza ngadeluk maca deui.

“Ari manéh ku naon sih?” ceuk Firman, “Manéh teu nyadar, urang bakal disidang ku Pa Karlan! Mani nyantéy kitu?”

“Terus? Geus resiko bongan saha bolos kapanggih,” témbal Réza kalem.

“Lamun kolot urang dipanggil ka sakola, kumaha? Bisa dua poé-dua peuting urang diceramahan ku indung urang.”

“Usul ka bapa manéh, indung direshufle.” Réza nyengir. Yudi nyikikik.

“Éh, sok ribut!” Pa Waryadi ngagilirkeun pentungan karét dina cangkéngna.

Anu tiluan jempé.

“Manéh ngarasa anéh teu?” Firman ngaharéwos. “Sisinarieun manéh ngapalkeun. Apan biasana gé kumaha béhna wé. Terus, ari manéh kalem-kalem teuing, euy! Boa-boa struktur otak manéh ngagésér gara-gara kajadian kamari téa.”

Pa Karlan, wakil kepala sekolah bidang kesiswaan kaluar tumpak motor.

“Ieu anu kamari bolos. Ieu saragamna ditulisan spidol, Pa,” Pa Waryadi laporan.

“Hadé, War. Tapi bapa aya rapat di kantor dinas,” Pa Karlan buncelik ka Firman, Réza, jeung Yudi. “Sok wé béréskeun ku Waryadi. Terserah rék dititah naon.”

“Siap, Pa!” Pa Waryadi saluir.

Geuleuyeung Pa Karlan kaluar ti gerbang sakola. Pa Waryadi éjégélér hareupeun anu tiluan. Pentungan karétna dicekel, ditakol-takolkeun kana dampal leungeun. Gayana persis komandan pasukan mariksa barisan tawanan perang.

“Manéh!” cenah ka Yudi. “Saya teu hayang nyaho, pokona tulisan dina saku, kudu leungit ayeuna kénéh. Manéh duaan, cokot sikat lantéy jeung émbér, beresihan WC!”

“Pa,” ceuk Réza, “jam kahiji-kadua, abdi sareng Firman aya ulangan Bahasa Indonésia. Meresihan WC-na engké wé pami tos réngsé ulangan, Pa.”

“Oh, teu bisa! Lamun wani bolos, berarti geus siap sagala rupa resikona!”

“Bapa kagungan silét?” Yudi nanya.

“Péso kater mah aya. Keur naon?” Pa Waryadi muka laci méjana, song mikeun péso kater. Yudi langsung ngabedél saku kaméjana anu aya tulisan kotak amal téa.

Torojol Bu Rukmini semu rurusuhan mawa buku LKS.

“Pa War, punten pangmotokopikeun,” Ibu Rukmini ngarérét ka Firman jeung Réza. “Mesin fotokopi kopsis reksak saurna. Sapuluh halaman dugi ka dieu, nya!”

Pa Waryadi unggeuk-unggeukan.

“Hatur nuhun, Pa War,” Bu Rukmini ngadelék. “Matak gé tong sok bolos!”

Bu Rukmini ngagidig ka ruang guru.

“Kan Bapa badé moto kopi, teu tiasa ngamandoran abdi, janten engké wé dihukumna tos ulangan nya, Pa?” ceuk Réza.

“Hadeuh! Ngaririweuh waé. Nya meunggeus ka dituh! Tapi inget, bérés ulangan maranéh langsung ka dieu. Lamun henteu, awas!”

“Siap, komandan!” Firman jeung Réza kompak ngahormat bari sikep sampurna.

“Ari abdi kumaha, Pa?” Yudi melongkeun. Leungeunna nyekelan saku baju saragamna anu geus dibedél kaputanana. Hanjakal tulisan ‘kotak amal’ téh ayana saluhureun saku. Yudi kakara engeuh. Pa Waryadi, Firman, jeung Réza tingcikikik.

“Geus seuseuh di mushola ka dituh!” Pa Waryadi nahan seuri.

“Teras abdi nganggo naon?”

“Terserah! Rék buligir nungguan baju atawa rék dipaké nepi ka garing.”

Pa Waryadi majukeun motor, teu dihélm. Firman ngaluarkeun pulpén.

“Tumbén boga pulpén alus,” Réza ngadelék kana pulpén.

“Pa Waryadi teu dihélm. Sirahna ngadagor méja tukang foto kopi, bénjol!” ceuk Firman bari nulis dina jilid buku bagéan tukang.

“Kawalat, siah! Mun teu ditulungan Pa Waryadi, moal bisa ulangan,” ceuk Réza.

“Sok kuasa tuda. Mentang-mentang meunang mandat ti Pa Karlan.” Firman ngasupkeun pulpén kana saku saragam. Yudi ngurunyung ngajingjing saragam meunang nyeuseuh tuluy dipoé luhureun tangkal pucuk mérah. Gog cingogo gigireun pos satpam. Dadana ipis, tulang igana siga gambang heubeul teu ditanggap. Firman jeung Réza gura-giru muru ka kelas. Tangkal flamboyan luhureun pos satpam meujeuhna kembangan, bareureum semu karonéng diulinkeun angin mangsa haneut moyan. (Lajengkeuneun)

Edisi majalah: 2992

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (12) Tamat
Carita Nyambung

Pulpén ti Kayangan (12 – Tamat)

Carnyam Agus Sugianto Sakumaha pangbadé ti saréréa, Réza jadi piunggul lomba panalungtikan...

Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (11)
Carita Nyambung

Pulpén ti Kayangan (11)

Carnyam Agus Sugianto Luyu jeung anu ditulis ku Firman maké pulpénna, Dina...

Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (10)
Carita Nyambung

Pulpén ti Kayangan (10)

Carnyam Agus Sugianto Jelema mah sok ngarep-ngarep meunang kahadéan, ngusahakeun supaya éta...

Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (9)]
Carita Nyambung

Pulpén ti Kayangan (9)

Carnyam Agus Sugianto Kelas 12 IPS 2 héboh. Dina, budak tomboy anu...