Carita Nyambung

Pulpén ti Kayangan (2)

Firman buncelik. Kajadianana lumangsung gancang pisan. Manéhna teu kaburu ngarawél awak Réza anu ngagubrag cara tangkal awi ditigas pedang samurai.

Share
Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (2)
Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (2)
Share

Carnyam ku Agus Sugianto

Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (Cover)
Carnyam Agus Sugianto – Pulpen ti Kayangan (Cover)

Di hiji saung gigireun Taman Hutan Raya Ranggawulung teu jauh ti alun-alun kota Subang kurang leuwih pukul 10 isuk-isuk, aya budak maké saragam SMA duaan keur ngobrol. Saragam putih abu-abuna dirangkep switer hideung anu geus rada boléas. Duanana nyarandé kana tihang.

Saung paranti reureuh baranggawé anu boga kebon, dijieunna tina awi, tihang, palupuh, bilik, usuk jeung eréngna. Hateupna tina welitan eurih. Tempatna rada nyingkur katutupan ku tatangkalan. Perenahna handapeun tangkal mahoni jangkung, daunna gomplok matak iuh. Sora motor mobil jeung kandaraan anu lalar liwat ka Bandungkeun atawa sabalikna patémbalan.

“Kadang-kadang sok asa dosa ogé, euy bolos kawas kieu téh,” ceuk Firman.

“Tumbén,” témbal Réza. Réza Ahmad Solihin kumplitna mah.

“Najan badeg tapi da urang téh boga haté nurani mah atuh,” Firman nyengir.

“Ditampik ku Nuraini meureun!” Réza ngalédék.

“Ayeuna ditampik, egké mah ngungudag hayang ditémbak,” Firman nepak dada.

Réza nyeungeut roko. Serebung haseupna diulinkeun angin wanci haneut moyan.

“Roko tah anu ngabalukarkeun Wulan nolak cinta manéh téh!”

“Manéh, teu ngaroko ditampik. Mendingan urang, ditolak tapi masih bisa udud.”

“Lamun Pa Ruhyat ngajarna teu pikasebeleun mah urang moal bolos.”

“Sarua jeung Bu Rukmini ogé. Pa Karlan ogé. Pa Tata saruana. Kabéh…!”

“Bu Éndang mah henteu. Betah urang mah diajar ku Bu Éndang.”

Belewer Réza ngalungkeun rokona anu geus rada pondok.

“Kadé, euy! Bisi kahuruan,” Firman ngekesek kuntung ku tungtung sapatuna.

“Urang mah serba tanggung. Ganteng henteu, goréng pisan teu pati. Pinter henteu, belegug kacida henteu. Beunghar lain, malarat lain,” Réza ngagikgik.

“Bangor pisan henteu, soléh jajauheun.”

“Urang mah geus jelas soléh. Yeuh, pan ngaran urang téh Réza Ahmad Solihin. Tah ngajeblag!” Réza némbongkeun émblim dina dadana.

“Salah ngaran éta mah.”

“Ti batan manéh Firman Syahru, fardhu syahru romadona hadihi sanati haha!”

Cikikik saleuseurian rangu nakeranan.

“Néangan dahareun, yu! Lapar urang mah. Meuli naon, nya?”

“Kupat tahu wé lah. Asa hayang anu lada ieu téh.”

“Waspada! Bisi aya guru liwat,” Réza ngarungkupkeun kupluk switer kana sirah.

“Heueuh, kapok dipanggil Pa Rahmat. Ngomongna muter kawas obat nyamuk.”

Keur jongjon leumpang bari patémpas-témpas, ti luhur aya anu nyirorot tarik kacida. Cahayana matak sérab katojo sarangéngé. Korosak norobos pucuk mahoni, cleng-cleng burinyay neumbag dahan, kapangpéngkeun kana régang handapeunana, gorobas belesur beletak kana palipis kénca Réza, siet creb nanceb méh laput kana tangkal cau. Bangkieung Réza ngajarigjeug, solontod bru nangkuban teu empés-empés. Palipis kéncana langsung bareuh ngajendol sagedé bal kasti. Hadéna kahalangan kupluk switer, lamun henteu kaburu dirungkupkeun mah tadi sigana bisa tatu parna.

Firman buncelik. Kajadianana lumangsung gancang pisan. Manéhna teu kaburu ngarawél awak Réza anu ngagubrag cara tangkal awi ditigas pedang samurai. Sanggeus kumpul pangacian, Firman langsung ngarontok awak sobatna anu ngalumbuk dina jajalaneun tuluy digeubig-geubig.

“Réz! Réza! Montong heureuy, euy! Yeuh, hudang geuwat! Teu lucu siah!”

Réza ngalempréh.

“Demi Allah, Réz! Montong paéh ku cara kieu atuh. Urang horéam urusan jeung pulisi!” Firman hantem ngaguyah-guyah awak Réza. Keplak-keplak, pipi Réza ditampiling. Mimitina laun, lila-lila mingkin tarik-mingkin tarik bari Réza-Rézaan.

Réza angger teu éling. Firman geumpeur. Berengbeng lumpat ka jalan bari gogorowokan ménta tulung. Anu tumpak motor jeung mobil tibang ngarérét, tuluyna mah ngabelesur leuwih gancang batan tadi. Firman gugurunuk jero haté. Ngarasa teu dipaliré, Firman nékad. Manéhna ngabedega nulak cangkéng di tengah jalan. Klakson motor-mobil ngaruntuy patémbalan.

“Hayang modar mah tong nyusahkeun batur atuh, euy!” cenah tingporongos.

Firman teu paduli. Lol angkot ngagerung ti arah Bandung. Haseupna mulek. Sakilat Firman nyokot batu sagedé peureup kolot.

“Eureun, siah! Lamun henteu, dibalédog ku aing!” Firman molotot, leungeunna ngamang-ngamang batu.

Supir ngeureunkeun angkotna, jut turun langsung nereleng nyampeurkeun.

“Héy, cucungik sia! Dikira aing sieun? Sok wani mah siah, balédog mobil aing! Sok ancurkeun sakalian, hah!” supir angkot tibubuncelik.

“Abdi ménta tulung, Pa. Réréncangan abdi pingsan,” ceuk Firman ngalaunan.

“Tadi ngancam ayeuna ménta tulung. Lain kitu carana, siah! Sing sopan.”

“Abdi tos sopan, Pa, tapi teu aya anu lirén, kalah ka ngarebut.”

“Di mana?”

Firman ngaberebet ka lebah Réza anu ngagolér. Supir ngiclik tukangeun.

“Mobilna teu dipareuman, Pa?”

“Hésé hirupna deui dipareuman mah.”

Réza teu usik-usik. Palipis kéncana mingkin geuneuk, bareuh bukekeng. Regeyeng supir ngangkat tuluy ngagandong Réza.

“Bawa tasna!”

Firman nyokot tas Réza. Teu lila manéhna balik deui ngadeukeutan anu tadi ngabarasat, ngahantem puhu ceuli sobatna sarta tuluy nanceb dina tangkal cau. Ugal-ugil hésé pisan kacabut sabab ampir mebes kabéh kana gebog tangkal cau.

“Pulpén…” Firman ngagerentes nyidik-nyidik pulpén anu cikénéh dirabut.

“Héy, geuwat! Mesin mobilna kaburu paéh!” supir ngagorowok.

“Enya, Pa!” Firman lumpat. Sup pulpén kana saku tas sakolana.

Hésé béléké Réza diasupkeun kana angkot tuluy digolérkeun dina bangku panumpang. Angkot téh geus rarémpo. Saméméh ngageuleuyeung téh batuk mani noron. Haseup hideung ngebul tina knalpotna.

“Ngadunga sing bener!”

“Gusti mugia réréncangan abdi sing énggal damang!” Firman ngusap beungeut.

“Dungakeun angkotna ogé. Ngarah teu mogok!”

“Ya, Alloh tangtayungan angkot supados tebih tina sagala kamogokan. Aamiin.”

Sanajan sasat ngarayap, angkot teu burung nepi ka Puskésmas di daérah Cigadung. Aya sapuluh kali mah babatukanana ogé. Sakapeung ngahunted bangun nu rék sahos-hoseun. Supir ngagandong Réza anu teu éling-éling dibawa ka ruang UGD. Mantri jeung perawat langsung mariksa palipis Réza.

“Kumaha kajadianana?” tanya mantri.

“Kabetrik pangpung mahoni di Ranggawulung, Pa,” témbal Firman. Manéhna teu wanieun terus terang lamun Réza kababuk pulpén anu ngabelesat ti luhur tangkal.

“Jam sakola tapi aya di Ranggawulung, bolos, nya?” mantri neuteup seukeut.

“Henteu, Pa. Guruna rapat janten bubar langkung énggal,” Firman ngawadul.

“SMA-na di mana?”

“SMA 2, Pa.”

Mantri ngaluarkeun handphone. “Hallo, Pa Rahmat! Leres guru-guru aya rapat?”

“Teu aya, Pa. Kumaha kitu?” sora Pa Rahmat jéntré da di-loud speaker.

“Hatur nuhun, Pa,” Mantri mareupan HP. “Anak bapa ogé sakola di SMA 2.”

Firman rampang-reumpeung. Beungeutna pias.

“Janten réréncangan abdi kumaha, Pa?” pokna nyumputkeun kageumpeur.

“Teu nanaon. Sakeudeung deui gé sadar. Tapi anu bareuhna kudu dikomprés haneut,” ceuk mantri bari ngoloyong ninggalkeun ruangan UGD.

Bari nungguan Réza, Firman ngaluarkeun pulpén. Ditimbang-timbang, dibulak-balik, diambeuan. Pulpén téh karasa ampeg, teuing tina logam nanahaon. Warnana pérak garis hideung, gugurilapan lamun katojo cahaya sarangéngé téh. Pulpén ahéng diusapan. Saumur-umur asa can kungsi manggihan pulpén siga kitu. Keun urang simpen. Réza moal dibéjaan. Kerén sih, Firman ngagerentes bari renya-renyu sorangan.

“Pangdorongkeun angkot. Mesinna teu daék hurung,” ceuk supir.

Sanggeus ngarérét ka Réza anu ngalempréh tibra dina ranjang UGD, Firman kaluar jeung supir muru angkot anu diparkir di buruan Puskésmas. Jelema balawiri. Tanaga médis sibuk ngaladénan anu daratang berobat atawa ngalongok kulawargana anu dirawat. Waktu geus liwat tengah poé. Manuk heulang ngelak di jomantara. (Lajengkeuneun)

Edisi majalah: 2991

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (12) Tamat
Carita Nyambung

Pulpén ti Kayangan (12 – Tamat)

Carnyam Agus Sugianto Sakumaha pangbadé ti saréréa, Réza jadi piunggul lomba panalungtikan...

Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (11)
Carita Nyambung

Pulpén ti Kayangan (11)

Carnyam Agus Sugianto Luyu jeung anu ditulis ku Firman maké pulpénna, Dina...

Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (10)
Carita Nyambung

Pulpén ti Kayangan (10)

Carnyam Agus Sugianto Jelema mah sok ngarep-ngarep meunang kahadéan, ngusahakeun supaya éta...

Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (9)]
Carita Nyambung

Pulpén ti Kayangan (9)

Carnyam Agus Sugianto Kelas 12 IPS 2 héboh. Dina, budak tomboy anu...