Carita Nyambung

Pulpén ti Kayangan (12 – Tamat)

Peutingna Firman kaciri mani saregep. Diuk sidakep dina méja nyangigirkeun cai hérang sagelas jangkung. Niatna geus panceg rék nulis nasib sorangan maké pulpén ahéngna. Cohagna mah kieu: manéhna lulus ka UI Jurusan Sastra bareng jeung Dina. Rénghap Firman sababaraha kali. Gep kana pulpén. Trét nulis.

Share
Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (12) Tamat
Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (12) Tamat
Share

Carnyam Agus Sugianto

Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (Cover)
Carnyam Agus Sugianto – Pulpen ti Kayangan (Cover)

Sakumaha pangbadé ti saréréa, Réza jadi piunggul lomba panalungtikan anu diayakeun ku Jurusan Biologi FMIPA UPI Bandung. Hadiahna uang pembinaan, piagam, piala jeung ditarima kuliah di UPI Jurusan Biologi tanpa tés, gratis bari meunang béa siswa nepi ka lulus.

Ki Résem ogé milu kacéprétan berekah, meunang amplop sawéran ti para dosén, diondang jadi bintang tamu dina acara podcast TVRI Bandung, diusulkeun jadi calon penerima penghargaan Tokoh Inspirasi Urang Sunda jeung diilukeun kana Tim Peneliti Kekayaan Hayati Indonesia anu baris ngayakeun panalungtikan ngeunaan tanaman obat tradisional anu aya di Jawa Barat. Firman, Wulan, jeung Dina teu kira-kira bungahna nempo Réza jeung Ki Résem kasinugrahan berekah sakitu réana.

“Pokona mecing, sapuluh persén ti Réza, dua satengah persén ti Aki,” Firman cengar-cengir.

“Hayang dahar di mana?” Réza kikiplik maké amplop.

“Beuleum ketan Lémbang pokona mah, sakamerekaanana!”

“Aki badé dianggo naon artosna?” ceuk Wulan.

Ki Résem tibang mésem.

“Ngaborong jins Cihampelas, Ki!” ceuk Dina ngéngklokan.

Di perjalanan ka Subangkeun, Firman ngaharéwos ka Réza.

“Urang geus boga rencana, euy.”

“Naon?” Réza mélétét.

“Rahasia lah.”

“Naha bet bébéja atuh?” Réza nyengir bari ngadayagdag kana panyarandéan korsi.

“Kan urang gé hayang siga manéh atuh. Jalan pikahareupeun téh lain ukur ngelemeng manéh mah tapi ngabulungbung. Geus dumuk lebah-lebahna.”

Isukna waktu datang ka sakola, Réza teu sirikna diarak. Kepala sakola ngayakeun upacara penyambutan. Barudak dikumpulkeun di lapangan upacara. Guru-guru ngajajar, barudak ngagimbung tinggorowok teu puguh déngékeuneunana. Spanduk badag ngajeblag dina témbok ‘Selamat Datang Inspirator!” Foto Réza ngaréndéng jeung foto kepala sakola. Réza dikangkalungan kembang malati kawas pangantén. Réngsé sambutan kepala sakola Réza maju ka hareup. Ger barudak keprok jeung tingsaruit.

“Sri Rama kagungan Lasmana, Arjuna kagungan Batara Kresna, Prabu Hayam Wuruk kagungan Gajah Mada, abdi mah gaduh sobat anu teu weléh nyumangetan, ngahatéan. Sing saha waé anu kagungan sobat sapertos inyana baris ngabebela tékadna. Sumangga ka payun pun Firman Syahru!” Réza rengkuh ka palebah sobatna. Firman rungah-ringeuh.

“Maju!” Yosép satengah nyuntrungkeun bari seuseurian.

“Sing teteg-sing teteg!” Abdulah kunyam-kunyem bari namprak.

Firman maju ka hareupeun barisan barudak terus rengkuh ngahormat ka nu hadir. Panungtung ngacungkeun curuk duanana ka luhur bari tanggah. Ger pada nyurakan. Anu keprok geus eureun aya hiji anu tinggaleun. Dina masih kénéh keprok, teu engeuh batur mah geus jempé ti tadi.

“Ciééé …. Dina,” ceuk Yosép.

Dina ngalaan topi gambar beruang anu dipakéna. Terus dialungkeun ka luhur bari ranggah. Ger deui pada nyurakan.

Masih dikongkorong kembang malati Réza nyampeurkeun sobatna.

“Maké nyambat urang sagala,” ceuk Firman, “tapi karah kumaha ogé: n u h u n!”

“Urang panasaran, naon sih rencana rahasia manéh téh?”

“Engké wé, bisi gamah ayeuna mah.”

“Aya hubunganana jeung Dina, nya?” Réza nyigeung taktak sobatna.

“Pinter pelajaran lain hartina jago neguh!” Firman nyakakak.

“Tuh Dina nyampeurkeun,” Réza nuduhkeun ka Dina jeung Wulan anu ngadeukeutan.

“Lan, perpustakaan kénging bantuan buku-buku sastra terbitan anyar. Ningalian, yu!” Réza ngiceupan Wulan.

“Oh, hayu atuh! Din, ka perpus heula, nya!” Wulan imut.

“Sinétron banget!” Firman ngarames pucuk mérah tuluy dibalangkeun ka sobatna.

“Kerén!” ceuk Dina ngacungkeun jempol basa Réza jeung Wulan geus rada jauh.

“Naon téa?”

“Lasmana, Batara Kresna, Gajah Mada. Langkung suka mana?” Dina gék gigireun Firman rada anggang.

“Sukasrana,” Firman nyikikik.

“Sukasrana téh rayina Bambang Sumantri, nya?” Dina kerung. Halisna méh tepung.

Firman unggeuk.

“Goréng atuh Sukasrana mah. Jabi maot deuih kapanah ku lanceukna.”

“Sesuai kenyataan,” Firman laun.

“Saur anu ngéwaeun éta mah,” Dina imut.

“Tamat SMA, Dina badé lanjut ka mana?”

“Hoyongna mah ka sastra Universitas Indonésia,” Dina ngucang-ngucang sukuna. “Firman sih?”

“Ké semédi heula.”

“Ka sastra wé sami sareng Dina.”

“Naha?”

“Ambéh pami aya tugas, Dina bisa miwarang,” Dina imut.

“Réza anu pinter mah.”

“Firman ogé pinter. Buktosna harita paling tinggi niléyna.”

“Kaleresan éta mah Bu Éndangna kapireungpeunan.”

“Dina gaduh jampéna supados guru, dosén, panitia ujian kapireungpeunan.”

“Kumaha?”

“Sing rajin belajar,” Dina ngalinggek.

Peutingna Firman kaciri mani saregep. Diuk sidakep dina méja nyangigirkeun cai hérang sagelas jangkung. Niatna geus panceg rék nulis nasib sorangan maké pulpén ahéngna. Cohagna mah kieu: manéhna lulus ka UI Jurusan Sastra bareng jeung Dina. Rénghap Firman sababaraha kali. Gep kana pulpén. Trét nulis.

Firman calangap teu percaya kana téténjoan. Mangsi pulpén téh béak.

“Dasar!” Keleweng pulpén dibalangkeun kana kasur. Kempot Dina anu ngalinggek nyumputkeun imut ngalangkang.

“Sing rajin belajar,” cenah ogo.

Firman kéom. (Réngsé)

Edisi majalah: 3001

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (11)
Carita Nyambung

Pulpén ti Kayangan (11)

Carnyam Agus Sugianto Luyu jeung anu ditulis ku Firman maké pulpénna, Dina...

Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (10)
Carita Nyambung

Pulpén ti Kayangan (10)

Carnyam Agus Sugianto Jelema mah sok ngarep-ngarep meunang kahadéan, ngusahakeun supaya éta...

Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (9)]
Carita Nyambung

Pulpén ti Kayangan (9)

Carnyam Agus Sugianto Kelas 12 IPS 2 héboh. Dina, budak tomboy anu...

Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (8)
Carita Nyambung

Pulpén ti Kayangan (8)

Carnyam Agus Sugianto Di unggal sakola sok aya waé guru anu galak,...