Carnyam Agus Sugianto

Luyu jeung anu ditulis ku Firman maké pulpénna, Dina kapanggih di lampu mérah Tegal Kalapa. Budak tomboy anu sapopoé jigrah téh keur gunjrang-genjréng wé ngamén maké ukulélé. Sorana les-lesan kasilep ku kendaraan anu lalar liwat. Lamun teu diteges-teges mah moal engeuh yén éta téh Dina. Sirahna buni dirungkup ku kupluk switer hideung, di jerona maké kaos oblong beureum ngora gambar hello kity, ka handapna calana jins belél anu tuurna rawing. Geus sidik Dina mah geuwat ku Réza dipépéd maké motor. Dina muka kupluk switer, barang nyaho anu mépéd téh baturna, manéhna ngarahuh.
“Heuh, kapanggih!” cenah imut. Panonna katara ceuleuyeu bangun anu leuseuh. “Naon alesan urang kudu balik?” pokna deui dina sésa imutna.
“Ambéh urang diangkat minantu, Din,” Firman ngajawab bari nyengir.
“Dasar! Heug urang balik tapi pangmeulikeun heula sangu padang.”
Bari cacaleuhakan ngahanca sangu padang, Dina ngadongéng petualanganana. Réngsé urusan di ruang BK téh Dina tuluy ménta idin. Haténa kebek ku kaheneg. Asa teu dihargaan sapésér gowéng ku Galih anu salila ieu dianggapna deukeut jeung manéhna. Horéng salila ieu téh cau ambon dikorangan, kaliki ka pipir-pipir. Anu tadina hayang balik, niat gégéléhéan di kamar teu jadi lantaran kaburu inget indungna tangtu bakal nanya naon sababna manéhna balik ti heula. Kabayang sanggeus réa nanya téh indungna baris ceramah ngeunaan perluna sabar, prihatin, ulah ngandelkeun kolot pleus perjuangan indungna baheula anu peurih ku kaayaan. Batan sumpeg dikhotbahan ku indungna, Dina turun di Rawabadak, nyimpang ka rumah singgah bogana kapiuwana ti bapana. Nempo Dina anu ngalénghoy nyoréndang tas sakola téh kapiuwana teu tatanya nanaon. Dina sagawé-gawé mantuan kapiuwana ngurus rumah singgah. Malah mantuan ngajar maca barudak jalanan asuhan kapiuwana anu lar-sup ka dinya. Kapiuwana teu barang geureuh waktu Dina teu balik ka kolotna jeung teu sakola téh.
Teu cukup ku mantuan ngajar maca barudak jalanan, Dina ogé sok miluan ngamén. Mimitina sok jeung baturna. Ka dieunakeun ludeung sorangan.
“Urang teu manggih alesan anu bergéngsi pikeun balik,” Dina ngalungkeun bungkus sangu kana wadah runtah.
“Ih, apan ambéh urang diangkat minantu ku orang tua manéh. Nya, Réz?”
“Émang manéh bogoh ka urang?” Dina nyakakak.
Teu kira-kira atoheunana indung jeung bapana Dina. Teuing sabaraha belas kali nganuhunkeunana ka Firman jeung Réza. Dina disangkéh ti barang datang, kasieunan budak anu kakara jol téh indit deui ti imah. Dina imut. Panonna anu tadi ceuleuyeu geus cénghar deui.
Balik nganteurkeun Dina, Réza ngaharéwos ka sobatna.
“Rarasaan urang, Dina cocog jeung manéh.”
“Menurut perasaan urang, manéh jeung Wulan bakal langgeng napi ka KUA.” Firman males ngalédék. “Éh, geus nepi ka mana manéh jeung Wulan?”
“Urang keur fokus kana panalungtikan ayeuna mah,” ceuk Réza. “Aya lomba panalungtikan kabeungharan hayati di UPI. Urang rék nyobaan miluan.”
“Butuh bantuan pulpén teu? Ngarah jurina kapélét ku penelitian manéh.”
“Meunyi!” Réza meureupan. “Urang keur naliti tanaman obat tradisional urang Sunda. Leuwih deukeut kana ngadokuméntasikeun. Tapi carana lain néangan tina internét. Urang hayang ngawawancara kolot, anu apal kana rupa-rupa tanaman obat téa. Dicatet, dirékam kateranganana, tanaman jeung tokohna dipotrét didokuméntasikeun. Dina waktuna présentasi, éta para tokoh téh dihadirkeun ka forum. Sugan ku cara kitu panalungtikan urang leuwih oténtik. Sugan aya perhatian anu serius kana tanaman obat jeung para tokoh téa.”
“Urang mantuan naon?” ceuk Firman.
“Bantuan ngawawancara. Teu kabéh tokoh bisaeun Bahasa Indonésia. Tah urusan nanya-nanya maké basa Sunda, urang ngandelkeun manéh,” ceuk Réza, “hiji deui, deukeutan Dina nepi ka beunang!”
Tulusna mah opatan penelitian téh. Wulan jeung Dina miluan ngadatangan jeung ngawawancara tokoh masarakat. Tokoh anu didatangan téh urang Cijuhung, Royom, Cibenda, Cipetir, jeung Ciruluk. Sawaréh mah geus karolot pisan bari teu taram-taram sama sakali kana Bahasa Indonésia. Aya hal séjén anu kapanggih salila penelitian téh. Firman sabatur-batur kakara nyaho horéng basa Sunda téh béda-béda boh kosa kecapna boh lentongna. Urang Cijuhung, Cibenda, Royom rungah-ringeuh ngadéngé kecap érép téh da biasa nyebut béak. Ari urang Cipetir ilahar maké érép. Aya anu nyebut tetewang, aya anu nyebut totowang, aya ogé anu nyebut towang bari barangna mah sarua kénéh. Komo palebah lentong mah mani jadi geuhgeuyan. Urang Cijuhung jeung Royom lamun ngomong téh semu teureugeus. Sabalikna urang Cibenda jeung Cipetir rada ngaleu. Anu pangkaguguna mah lentong urang Ciruluk, ngaleu lir nu aya cengkokna.
“Kacipta resepna mun ngayakeun panalungtikan lentong basa Sunda,” ceuk Réza.
Panalungtikan dibarung resep mah teu karasa capé. Nyaho-nyaho anggeus wé. Laporan geus dijilid, file dokumén eusi foto-foto, rékaman wawancara audio jeung vidéona geus kumplit. Kari isukan Réza kudu ka Bandung pikeun présentasi. Anu miang ka Bandung téh limaan, Réza, Firman, Wulan, Dina jeung Ki Résem, kokolot lembur urang Ciruluk minangka nara sumber tambahan. Ngahaja dibawa ku Réza sangkan leuwih ngayakinkeun sakalian ngahudang motivasi anu di luhur ambéh leuwih neundeun katineung enya-enya kana warisan karuhun Sunda.
Der téh présentasi, Firman ngembang kadu. Réza perténgtang hareupeun réngréngan juri jeung audiéns ti kalangan dosén, guru, mahasiswa katut pamilon séjénna. Sobatna anu harita kapidara lantaran kabanting pulpén ahéng ti awang-awang téh ngajanggélék jadi singa podium. Hadirin kawas anu dihipnotis. Basa Réza ngawanohkeun Ki Résem manéhna maké basa Sunda.
“Ieu pun aki jenenganana Aki Résem. Anjeunna mah sareng prakna mikanyaah, mikadeudeuh ku cara miara, mekarkeun tutuwuhan obat tradisional Sunda téh. Pun Aki ibarat Robert Hooke kanggo Isaac Newton, anu nyayogikeun taktak sareng pundakna kanggo entragan sapandeurieunana supados tiasa nyawang ka tebihna, ka mangsa anu bakal datang. Ayeuna kantun urangna, naha badé ngalacat kana taktak-pundak anjeunna atanapi badé ngantep anu tos sayaga kuda-kuda. Bari nembé engeuh sabada inyana kabujeng ngudupruk kaungkul waktu,” Réza ngadeukeutan Ki Résem, disangkéh diangkat leungeunna. Ger hadirin keprok bari narangtung asa kaindit marengan Réza anu rengkuh ngahormat ka papat madhab. (Lajengkeuneun)
Edisi majalah: 3000
Leave a comment