Carita Nyambung

Pulpén ti Kayangan (10)

“Fir, beungeut modél urang-urang kieu mah teu kudu disusah-susah. Urang nyengir baé katempona angger wé balangsak,” Yosép nepak punduk Firman.

Share
Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (10)
Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (10)
Share

Carnyam Agus Sugianto

Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (Cover)
Carnyam Agus Sugianto – Pulpen ti Kayangan (Cover)

Jelema mah sok ngarep-ngarep meunang kahadéan, ngusahakeun supaya éta kahadéan beunang kapimilik, ngarayu Pangéran sangkan ngabulkeun kahayangna téa. Tapi upama angen-angen anu dipiharepna téa bener-bener jadi kanyataan teu saeutik jelema anu ngarasa kagét, teu siap narima.

Kawas Firman. Nyaho Réza bisa deukeut jeung Wulan haténa asa ngajenghok, teu beunang dibohongan. Padahal manéhna sorangan anu paling sumanget ngahatéan Réza sangkan bisa meunangkeun Wulan. Kitu deui sikepna ka Nuraini. Firman hayang ngabagjakeun Nuraini tapi basa nempo ku panon sorangan Nuraini suka seuri padeukeut jeung Galih, manéhna ngarasa teu réla.

Teuing sabaraha lila pikeun Firman bisa ngabebenah deui batinna. Kaayaan asa béda. Aya kasimpé sajeroning ramé di kelas, di kantin, di sakola. Kasimpé anu ngalantarankeun Firman ngoléséd ngajauhan babaturanana. Firman jadi resep nyorangan.

“Fir, beungeut modél urang-urang kieu mah teu kudu disusah-susah. Urang nyengir baé katempona angger wé balangsak,” Yosép nepak punduk Firman.

“Manéh mikiran Nuraini, nya?” Abdulah gék gigireunana. “Perlu urang turun tangan?”

Firman ngadelék.

“Lamun urang éléh ganteng, tong nyerah. Masih aya peureup buleud kénéh.”

“Émang manéh wani ka Si Galih?”

“Nyéta henteu.”

“Meunggeus montong mikiran Nuraini. Anu kudu dipikiran mah Dina. Geus rék saminggu éta budak can mulang,” ceuk Yosép.

“Kari lapor wé ka pulisi.”

“Manéh kan jago strategi. Kelas 12 IPA 2 waé taluk. Tah ayeuna manéh nyusun strategi supaya Dina kapanggih.”

“Teu nyambung, Sép. Éta mah maén bal lain néangan budak kabur,” Firman seuri.

“Strategi mah di mana-mana gé sarua. Anu penting kumaha carana sangkan hasil. Maén bal supaya meunang, néangan Dina supaya katimu. Tuh!”

“Sing saha-saha anu manggihan Dina, lamun awéwé rék diaku anak, lamun lalaki bakal diangkat jadi minantu!” Abdulah nyakakak.

“Gaskeun, Fir! Saha nu nyaho manéh jadian jeung Dina. Daripada mikiran Nuraini hantem-hanteman.”

Bél pelajaran disada. Giliran Bahasa Inggris. Pa Ruhyat kaluar ti ruang guru. Panonna beureum, buukna kusut kawas nu kurang istirahat.

“Wah! Mister conversation aya, euy!” Yosép ngaharéwos.

“Naha, nya, unggal-unggal Pa Ruhyat téh siga anu kurang saré,” ceuk Abdulah.

“Tanyakeun wé langsung!” ceuk Firman.

“Embung, ah! Engké téh manéhna ngomong ‘in English, please’, paéh urang.”

Matéri pelajaran Bahasa Inggris téh ngabahasa ‘Making promise and swearing’. Réza bener-bener jadi béntang kelas. Kabéh pertanyaan ti Pa Ruhyat dijawab kalawan sampurna. Malah hiji waktu mah Pa Ruhyat jeung Réza dialog maké Bahasa Inggris lumayan lila. Firman molohok. Pulpénna ditakol-takolkeun kana dampal leungeun.

“Saha ngaran téh?”

“Réza, Pa.”

“Murid anyar, nya?”

Ger saleuseurian.

“Naha? Aya anu salah kitu?” Pa Ruhyat kerung. Barudak mingkin ager-ageran.

“Abdi sering bolos, Pa,” ceuk Réza ngélémés.

“Oh … terus naha insyap atuh?” Pa Ruhyat seuri.

“Aya guru anu inspiratif. Anjeunna berjuang hébat pikeun kulawargana. Anjeunna anu nginspirasi abdi hoyong langkung rajin,” Sora Réza rada dareuda.

Amazing! Mudah-mudahan éta guru téh ngaranna Ruhyat,” Pa Ruhyat seuri.

Ger barudak asa kaindit. Guru galak mah sakali ngabodor téh karasana lucu pisan.

Oke, next! Another, please!”

Réza jeung Wulan silih rérét, silih nyumputkeun imut.

“Oh … manéh anu harita ribut waé, nya? Terus ku bapa dijéwér titah nangtung di hareup?” tanya Pa Ruhyat, tayohna kakara ingeteun.

Of course atuh, Pa,” ceuk Yosép.

“Inggris wilayah mana aya atuhan?” Pa Ruhyat nyengir.

“Wéra, Pa!” ceuk barudak réang.

“Sigana jéwéran éta anu ngabalukarkeun otak manéh jadi éncér. Sing saha anu hayang éncér otakna, bérés pelajaran ngantri hareupeun kelas, ku bapa dijéwér hiji-hiji,” Pa Ruhyat nyakakak.

“Pami dosis jéwéranana henteu pas, kumaha, Pa?” Yosép gagaro sirah.

Poé harita mah asa kakaraeun, pelajaran Bahasa Inggris téh pikaresepeun. Barudak kaciri saregep, teu katara aya anu nundutan. Paroman Pa Ruhyat marahmay. Pasemon kusut salin jinis jadi soméah.

“Suasana kelas anu pikabetaheun téh kabutuh saréréa,” ceuk Réza. “Anu kudu gumbira téh lain murid wungkul tapi ogé guru.”

Pa Ruhyat nulis latihan dina papan tulis.

“Bapa ka ruang guru heula. Kerjakeun latihan sing bener! Montong ribut!”

“Ribut sakedik mah kénging, Pa?” Yosép beuki pikasebeleun.

“Of course atuh,” Pa Ruhyat ngoloyong ka luar.

Ger barudak saleuseurian.

“Ternyata Pa Ruhyat gokil ogé, nya?”

“Heueuh. Tapi diajar loba humorna asa leuwih masuk, nya?”

“Heueuh bodorna masuk, matérina mangprét.”

“Nu sidik ti ayeuna urang moal nyebut Pa Ruhyat ‘Mister Conversation’ deui tapi Mister of Course Atuh.”

Kelas ngageder.

“Bener kamari néangan urang?” ceuk Réza.

“Dina can balik. Urang jadi kapikiran nulis carita maké pulpén ajaib yén Dina kapanggih tuluy balik,” Firman ngacungkeun pulpén ahéngna. “Ceuk manéh kumaha?”

“Nu paling penting, Dinda gancang kapanggih jeung kabawa balik ka imah. Soal manéh jadi calon minantu mah bisa dipikiran engké deui.”

“Hésé nulis caritana. Néangan ka perpustakaan horéam. Aya anu bobogohan.”

“Sigana manéh kudu pindah ke lain hati. Kamari urang manggihan Nuraini keur ngobrol jeung Galih gigireun GOR,” Réza laun.

“Pulpén anu ieu dipaké nulis catetan, ngerjakeun tugas, gagambaran teu jelas. Pulpén anu ieu dipaké ngajawab soal ulangan jeung nulis carita sangkan jadi kanyataan. Masing-masing aya galur caritana séwang-séwangan,” Firman ngaréndéngkeun pulpén.

“Maksud manéh, manéh geus ikhlas?”

“Acan! Haha. Pikeun samentara, urang miluan bungah sabab balad urang, bisa meunangkeun awéwé anu diimplengna saméméh saré.”

Réza teu ngajawab. Naon anu kaalaman ku Firman, ngurangan kabagjana deukeut jeung Wulan. Haténa nancebkeun tékad rék tohtohan mantuan sobatna.***

(Lajengkeuneun)

Edisi majalah: 2999

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (12) Tamat
Carita Nyambung

Pulpén ti Kayangan (12 – Tamat)

Carnyam Agus Sugianto Sakumaha pangbadé ti saréréa, Réza jadi piunggul lomba panalungtikan...

Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (11)
Carita Nyambung

Pulpén ti Kayangan (11)

Carnyam Agus Sugianto Luyu jeung anu ditulis ku Firman maké pulpénna, Dina...

Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (9)]
Carita Nyambung

Pulpén ti Kayangan (9)

Carnyam Agus Sugianto Kelas 12 IPS 2 héboh. Dina, budak tomboy anu...

Carnyam Agus Sugianto - Pulpen ti Kayangan (8)
Carita Nyambung

Pulpén ti Kayangan (8)

Carnyam Agus Sugianto Di unggal sakola sok aya waé guru anu galak,...