Carnyam ku Agus Sugianto

Sora gamelan siloka nanta ngarungkup pucuk-pucuk daun kacapi sapanjang jalan taman paséban Jonggring Salaka. Régangna tinglogodor ngasongkeun buah anu marontok rampak konéng gading. Para widadari anu kapapancénan nabeuh gamelan téh kawas keur ngalaksanakeun ritual ibadah, khusyu dina gerak lambak jaladri. Sakapeung nyuruwuk ngajelegur neumbag jungkiring karang, sakapeung nyiriwik leutik ngoconan kikisik sisi basisir.
Paséban dilingkung ku tatangkalan umurna rébuan taun. Tangkal kiara peucang, caringin kurung, reunghas, salam, purba jeung surén badag nakeranan. Moal katangkeup ku tujuhan jalma anu leungeunna ranggoas. Pucukna mumbul ka alak paul, papak jeung puncer gunung atawa gedong munara cahya anu pangluhurna. Handapeun tatangkalan jukut kandel lir permadani ti nagri Pérsia. Awahing ku empuk matak merelek heuay anu pirajeunan niténan.
Tangkal bungbuahan ngajajar nurutkeun jinisna. Sarorog tangkal durén ngadérés ditéma ku jajaran tangkal mangpirang bungbuahan; ditumbu ku dalima, sarikaya, dukuh jeung naon deui. Sanajan ngaranna sarua jeung bungbuahan di Marcapada tapi bédana jauh mela-melu. Tangkal bungbuahan anu wungkul kapanggih di Kayangan, jangkungna sarua jeung teu weléh meuhpeuy, taya usumna. Unggal diala harita kénéh tuluy aya gantina bari teu kungsi jam-jaman langsung asak dina tangkal. Perkara rasa montong ditanya. Upama jalma geus ngasaan bungbuahan di Suralaya, tinangtu sakabéh bungbuahan di alam dunya karasana hambar, teu karasa amis haseumna. Lamun létahna hayang balik deui, éta jalma kudu nginum cai sumur Jalatunda bari nyiukna kudu nukang.
Rupa-rupa kembang dipelak dina jambangan, pot tina batu alam sagedé-gedé kolam renang. Kembang srigading, kembang ratna, kembang padma jeung kembang asoka lir anu kongkur pamér momonés kaéndahan jeung seungitna. Kembang taraté beureum getih luhureun balong hérang ngagenclang teu bina ti kaca anyar ngelap. Lauk warna-warni silih udag matak simeuteun anu nyeri panon.
Di juru taman, handapeun tangkal purba, opat putera Batara Guru keur istirahat. Maranéhna nyarandé kana akar sagedé karuhun oray kuda. Opatanana Bayu, Kamajaya, Surya, jeung Yamadipati. Sigana barudak téh kakara kaluar ti kelas, nyaralsé ngamangpaatkeun waktu istirahat. Pamulu, panon, jeung buukna karusut lungsé kacida.
“Urang mah bosen sakola téh, euy,” ceuk Bayu ngarabut jukut belewer dialungkeun kana balong.
“Pelajaranana teu menantang. Saban poé hantem ngaderes puisi tuluy ditafsirkeun. Atawa sabeubeurang ngapalkeun ujar-ujar kitab lontar,” Surya humandeuar.
“Paling sebel lamun kudu nyalin syair cinta para pujangga. Kawas anu lamun euweuh syair pikasebeleun téh dunya langsung kiamat,” ceuk Kamajaya.
“Naha, nya, si bapa maké nunjuk Éyang Narada keur ngajar urang? Padahal si bapa téh guru, Batara Guru pisan,” Yamadipati najong koral sahabekna nepi ka melentung meulah méga bodas di awang-awang.
“Padahal anu dideres téh taya hubungan nanaon jeung tugas urang engké. Urang ngurusanan angin. Naon hubunganana geura puisi jeung angin? Paling ‘oh angin, pangnepikeun salam kuring!’ hadeuh! Ngusial beuteung,” Bayu nyanghunjar.
“Komo urang. Sinah ngawaskeun sarangéngé. Apan jalurna puguh, orbitna matuh. Saréréa ogé bisa, teu kudu sakola,” ceuk Surya.
“Manéh mah mending, Kamajaya! Puisi jeung syair aya patalina. Ari urang? Tugas nyabut nyawa, pan? Naha atuh kudu diajar anu kitu patut. Bisa-bisa di mana rék dines téh kaburu baper mantén,” Yamadipati gagaro sirah.
“Justru urang anu parah mah. Di kelas diajar syair cinta, giliran tugas ngurus jalma-jalma anu kabungbulengan asmara. Bosen kuadrat! Manéh sih mending, aya variasina,” Kamajaya nyengir.
“Tapi urang teu berdaya. Éyang Narada disiplin pisan.”
“Jeung bawél, lamun aya nanaon téh langsung laporan ka si bapa.”
“Ngahukumna deuih, leuleuy tapi nyiksana amit-amit.”
“Heueuh. Palias aing mah kaalaman deui. Tibang ogé ngalenyap sakeudeung di kelas, urang digebluskeun ka Ruangan Implengan. Sapoé jeput cunggelik di ruangan sakitu badagna. Luak-lieuk, ukur kitab baradag karandel.”
“Euweuh nanaonna éta mah. Inget teu waktu urang asup ka kaputran, nyokot bugis jeung jalabria? Sumpah lapar pisan harita téh. Bakat ku anteng ngahénggoy kuéh urang telat ka kelas. Éyang Narada keukeuh urang dianggap bolos pelajaran. Tah urang dikerem di Bilik Cungkelik. Kosong blong. Ti isuk jedur nepi ka soré jedér ngajapapang dina risbang. Wungkul sora rukat-rekét risbang maturan.”
“Urang paling parah mah. Gara-gara kanyahoan udud, padahal ngan dua sedot, urang digiring ka Sepén Kasimpé. Siga lorong rumah sakit sepén téh, nya panjang nya ngemplong. Simpé kabina-bina. Taya sora nanaon. Angin ogé pantesna téh teu wanieun mulubus bakating ku taya batur.”
“Urang mah sirik ka jelema,” ceuk Bayu, “hirupna loba pilihan.”
“Matak pantes bangsa manusa mah maju. Ceuk béja jelema ayeuna geus hasil ngolah sarangéngé jadi listrik,” ceuk Surya.
“Geus bisa nyieun sarangéngé, ieuh! Saingan manéh tah,” Yamadipati seuri.
“Tapi anu paling ahéng, jelema bisa nyiptakeun alat anu bisa ngucurkeun cai tiis nyelecep jeung cai panas dina wadah anu sarua. Dispénser, teuing naon asa poho deui,” Kamajaya ngusapan gado.
“Aya deui kotak ajaib, euy! Ngaliwatan éta kotak jelema bisa nyaksian peristiwa di satungkebing langit bari teu kudu ingkah ka mana-mana.”
“Urang mah kungsi manggihan jelema nangtung sisi jalan, ngeukeuweuk barang sagedé pamupus papan tulis lah. Ngocoblak sorangan, seuseurian, tutunjuk sorangan. Rék disebut jelema gélo, bajuna rapih didasi. Tapi kalakuanana nyeplés anu kurang saeundan.”
“Lamun urang hantem-hanteman ngagugulung puisi, syair jeung ujar-ujar cara ayeuna, hiji waktu bangsa manusa moal butuheun déwa deui. Nganggur, pan?”
“Nganggur pisan mah moal. Sarangéngé asli masih aya, angin angger kudu ditiup, anu bobogohan réa kénéh. Paling jelema mingkin cuék. Teu pati hormat deui ka urang.”
Bakat ku uplek ngobrol, anu opatan teu engeuh yén waktu istirahat geus lekasan ti tadi mula. Hadéna aya gulang-gulang anu ngaliwat.
“Héy, kalah ka guntreng! Nu séjén mah geus ti tadi arasup deui,” cenah.
Lir nu diseureud éngang, opatanana langsung cengkat. Deregdeg lumpat tibuburanjat muru ka kelas. Tapi percumah, pelajaran geus ti tadi. Éyang Narada ngajega ngahadang maranéhna dina lawang panto.
“Éyang rék démokratis. Pék parilih ku sorangan hukumanana, Rohangan Implengan, Bilik Cungkelik atawa Sepén Kasimpé?” sora Éyang Narada abot komara.
“Ampun, Éyang. Sumangga badé ditibanan naon rupi sangsi, nanging mugia luntur kalbu henteu nibanan ku hukuman anu tilu éta, Éyang!” Bayu acong-acongan.
“Please, Éyang!”
“Putra jangji dina ati moal sakali-kali deui talobéh kana saniskara aturan!”
Anak-anak déwa anu séjén, anu henteu telat, tingcikikik nempo baturna.
“Heug atuh ari kitu mah. Andika opatan nganggit tembang Sinom, eusina kaéndahan alam, masing-masing sapuluh pada. Sok kerjakeun di ditu tuh!” Éyang Narada nunjuk kana batu sagedé kebo lintuh sisi balong.
Cong anu opatan nyarembah. Gura-giru nyokot buku jeung pulpén langsung muru batu sisi balong.
“Yes!” Bayu ngeupeulkeun peureup mani buleud.
“Éh, pupuh Sinom téh anu kumaha téa?” ceuk Yamadipati.
“Anu sapadana genep jajar. Sajajarna dalapan engang,” témbal Kamajaya.
“Lain! Kinanti anu kitu mah?” Yamadipati kerung.
“Kinanti mah sapadana opat jajar,” Kamajaya embung éléh.
“Anu opat jajar mah Dangdanggula atuh,” ceuk Yamadipati.
“Dangdanggula sapadana sapuluh jajar,” Kamajaya rada buncelik.
“Meunggeus, lah! Rék genap, rék opat atawa sapuluh jajar anu penting judulna Sinom,” ceuk Bayu ngahuit anu paréa-réa omong.
“Teu bisa kitu. Anu ngaranna pupuh mah jelas aturanana!” Kamajaya jeung Yamadipati carengkat.
“Terus? Naon maksudna éta maké nyeuneu kitu, hah!” Bayu milu cengkat. Caréhamna ngeket nahan kaambek.
“Éh, kalah paraséa! Ngaganggu nu lian téh mani jadi kalangenan!” Éyang Narada kaluar ti kelas. Pameunteuna geuneuk. Sakilat pulpén dina saku jubahna dibabétkeun ka nu opatan. Bubuhan anu ngababétkeunana sesepuh para déwa bari nuju bendu, atuh mani bangbaraan. Hawa anu kaliwatan ku pulpén kontan ngahéab. Hadéna anu dibabétna ogé para putra déwa. Bayu, Surya, Kamajaya jeung Yamadipati tibang patingjarengkang kahémbos angin tina pulpén anu badis tornado. Pulpén ngabelesat tanding kilat, ngabelesur ngaliwatan lawang Séla Matangkep, norobos lapisan méga, ngalayang di gegana wiati, meulah rohang meuntas waktu. (lajengkeuneun)
Edisi majalah: 2990
Leave a comment