Garut – Penjabat (Pj) Bupati Garut, Barnas Adjidin, dibarengan Sekretaris Daerah (Sekda) Kabupaten Garut, Nurdin Yana, sarta réngréngan Kepala Satuan Kerja Perangkat Daerah (SKPD), ngahadiran panén munggaran lauk hasil Program Serikandi-Biru (Sistem Usaha Mandiri-melalui Budidaya Ikan di Perairan Umum), di Kampung Dayeuhandap, Kecamatan Garut Kota (4/12/2024).
Program Serikandi-Biru, nu ngalarapkeun konsép Sistem Usaha Mandiri ngaliwatan budidaya lauk balong téh pikeun ningkatkeun katahanan pangan masarakat. Barnas nétélakeun yén dina program éta aya niléy strategis lantaran lauk téh sumber protéin nu ngarojong kana intelektual kulawarga.
Barnas nétélakeun yén éta program téh dilaksanakeun sacara cross cutting atawa babarengan kalayan ngajak sababaraha SKPD. Ku kituna Barnas ngahaturkeun nuhun jeung ngaapresiasi Dinas Perikanan dan Peternakan (Diskannak) Kabupaten Garut, nu tas naratas program Serikandi-Biru.
“Tangtos aya niléy ékonomis. Dinten ayeuna tas panén, bingah pisan, urang teu kédah ngagaleuh lauk ti luar, nanging tuang lauk ti papada masarakat Garut,” ceuk Barnas tandes naker.
Barnas neueulkeun kana dampak positif program kana lingkungan, saperti meresihan wahangan nu saacanna pinuh runtah, sakaligus ningkatkeun produktivitas. Leuwih ti kitu, program éta gé nahan angka prevalensi stunting jeung kakurangan gizi di Garut.
“Dina dangka 3 sasih téh hasilna 300 persén tina jumlah binih nu ditebar. Tangtos ieu téh pikabungaheun,” ceuk Barnas bangun bungah.
Barnas ngémbohan yén Program Serikandi-Biru gé ngokolakeun wanoja. Sakumna ibu-ibu nu ancrub kana éta prigram téh jadi produktif. “Program hébat, program hébring, program unggul, hasilna gé saé, tangtos baris ningkatkeun kaséhatan sareng karaharjaan masarakat,” pokna.
Kepala Dinas Perikanan dan Peternakan (Diskannak) Kabupaten Garut, Beni Yoga Gunasantika, nétélakeun yén hasil panén éta program téh undak nepi ka 300 persén tina jumlah awal. Ku ayana éta program dipiharep bisa nyumponan pangabutuh gizi tina lauk sacara mandiri.

“Saupamina di hiji lokasi téh aya susukan 10 x 3 meter, dipelakan 22 kilogram binih lauk, ijiran mah tiasa panén dugi ka 61 kilogram,” ceuk Beni écés naker.
Nurutkeun Beni dina taun ayeuna éa program dilaksanakeun di 10 lokasi, sakabéhna dibagéakeun ku masarakat. Lian ti ngariksa lingkungan, éta program gé bisa nyumponan pangabutuh gizi di lingkungan séwang-séwang. Beni miharep program Serikandi-Biru bisa dilegaan ka wilayah lianna minangka tarékah ngarojong program makan bergizi gratis nu baris dimimitian taun hareup.
“Ka payunna mah sadayana kabutuhan bahan baku pikeun nyumponan gizi, kalebet lauk, tiasa dicumponan sacara mandiri di lingkungan masarakat,” pokna.
Program Serikandi-Biru jadi salah sahiji inovasi Garut dina ningkatkeun ajén hirup masarakat ngaliwatan katahanan pangan, produktivitas wanoha, jeung ngariksa lingkungan. (Diskominfo)***
Edisi majalah: 3008
Leave a comment