Home Warta Tamu Prof. Yeni Huriani; Budaya Rikrik Jalan Basajan Nyorang Kasalametan
Tamu

Prof. Yeni Huriani; Budaya Rikrik Jalan Basajan Nyorang Kasalametan

Hirup rikrik gemi, lian ti paréntah agama ogé papatah budaya bangsa. Lantaran kitu, dina larapna pamingpin bangsa ngahangkeutkeun deui budaya rikrik, ulah ukur pupulasan. Kituna téh sangkan rayatna jadi raharja jeung mampuh mageran paripolah hadé. Kitu di antara jejer obrolan Manglé jeung Prof. Dr. Hj. Yeni Huriani, M.Hum., Guru Besar Fakultas Ushuludin UIN SDG Bandung.

Share
Prof. Dr. Hj. Yeni Huriani, M.Hum., Guru Besar Fakultas Ushuludin UIN SDG Bandung
Share

Ngahangkeutkeun deui budaya rikrik gemi ti para pamingpin ieu bangsa, tangtu hadé kacida. Malah, ieu kacindekan ogé kudu jadi cekelan luyu jeung paréntah agama ogé papatah budaya. Dina Al-Qur’an ditandeskeun dina surat Al-Isra ayat 26, ‘walaa tubadzdzir tabdziiro’, poma anjeun ulah awuntah. Kitu deui dina paribasa Sunda, hirup kudu bisa ngatur rejeki kalawan rikrik tur gemi, henteu awuntah roroyalan.

“Hirup rikrik gemi alias henteu awuntah, éta paréntah agama nu dikiatan deui ku papatah budaya. Janten, pami ayeuna pamingpin bangsa ngahangkeutkeun deui program budaya rikrik, éta saé pisan. Mung nyakitu, dina larapna ngadongsok rikrik, nempatkeun kawijakanana ulah patukang tonggong ogé sareng kawijakan lianna. Sapertosna waé, nalika kedah rikrik anggaran sareng pengeluaran di saban birokrasi, tapi geuning di sisi séjénna mah, lembaga kementerian, wakil-wakil menteri malah beuki nambihan. Tangtos hal-hal sapertos kieu, jantén munculkeun paniléyan budaya rikrik bangsa nu anéh ogé, margi anggaran ogé bakal nambihan. Janten, budaya rikrik gemi nu jelasna mah kedah proporsional baé, hartosna luyu sareng kabutuhan. Naha seueurna lembaga kementrian atanapi wakil menteri leres-leres janten kabutuhan? Mangga masing-masing tiasa ngalinéyna,” ceuk Prof. Dr. Hj. Yeni Huriani, M.Hum., basa tepung di kampus Pascasarjana UIN SGD Jalan Soekarno Hatta Bandung.

Budaya rikrik di ieu bangsa, sawadina dibarung ku niat pamingpin nu jolna tina tékad haté nu beresih jeung dumasar paréntah agama. Ceuk ieu aktivis wanoja nu perenah mancén Wakil Ketua P2TP2A Jawa Barat 2010-2019, upama rikrik dasarna mémang pangabutuh bangsa nu lain ukur saharitaeun, mangka dina matéahkeun poténsi sumber daya alam jeung sumber daya manusa ogé, pasti pangaboga ieu nagri moal dimomonyah jeung moal talobéh. “Bangsa nu rikrik ogé, henteu nurutkeun napsu kana perkara nu dicegah ku agama,” ceuk Prof. Yeni bari miharep pamingpin dina ngalarapkeun budaya rikrikna lain ukur keur ngungkulan résiko paripolah nu saméméhna awuntah.

Upama ieu aktivis wanoja mangsa réformasi nu perenah milu ngadongsok ngadegna Sekolah Sukma Bangsa di Aceh pasca Tsunami boga panitén kitu, lantaran kalan-kalan dina angen-angena sok ngarasa hariwang budaya rikrik bangsa bakal leungit kalimpudan ku kapentingan golongan. “Mudah-mudahan baé pamingpin niatna saé, nu dasarna paréntah agama. Sok komo sakedap deui lebet sasih Romadon, nu kantenan seueur hikmahna, utamina kanggo ngiatan pamingpin sangkan istiqomah nanjeurkeun bebeneran sareng nebarkeun budaya rikrik gemi,” pokna deui.

Ngahontal Udagan Dijurung Kanyaah Indung

Ceuk kekecapan karuhun gé, indung tunggul rahayu, bapa catang darajat. Tah, nya kitu pisan nu karasa ku Yeni Huriani ogé. Indung téh jadi pangjurung laku geusan tinemu rahayu. Bapa téh, pangjajap paripolah sangkan hirup tinemu hurip. Matak, baheula keur budak, waktu bapa aya kénéh di kieuna, hirup téh sugema, tur remen  kénéh nyorang bagja batan sedih kingkin. Ngan, nya kitu, mungguhing hirup, manusa mah darma wawayangan. Ukur kahayang jeung ihtiar, da pamustunganana mah anging Alloh Nu Mahakawasa. Neneng ogé (kitu landian Prof. Yeni keur leutik) keur budak téh, nyorang nu kawas kitu. Sabada ramana, Muhammad Yahya mulang ka kalanggengan, lalampahan hirup Neneng nu harita nincak umur 7 taun, nyorang jalan takdir leungiteun panyalindungan ti ramana.

Yeni Huriani nu lahir 12 Januari 1964 di Maja, Majalengka, ngalaman kahirupan jadi yatim. Atuh, bangbaluh hirup kulawaga sapinuhna jadi tangung jawab indung, nu harita, biangna (Almh. Yayah Huriyah) ukur jadi ibu rumah tangga. “Mung alhamdulillah, lian ti dikiatan ku kanyaah pun biang, kahéman nini sareng ti wargi-wargi, pribados tetep sumanget,” ceuk Prof. Yeni bari nineung ka mangsa bihari.

Namung kitu, ngabandungan kahirupan kulawarga kawas kitu, Neneng (cikal), kalan-kalan kapaksa kudu mantu-mantu indung. Milu ngahampangkeun bangbaluh rumah tangga, najan ku cara nu teu sapira, lantaran ukur tanaga budak nu harita Neneng kakara nincak umur tujuh taun ka dalapan nu keur dipaju. Atuh, bunta-bantu gé sakadugana. Ngasuh adina Neti hiji-hijina. “Alhamdulillah waktos alit dipasihan kakiatan méntal. Malihan, pami ameng sareng kaulinan ogé seueurna mah sareng pameget. Rupina ti dinya, sanaos teu gaduh rama, tapi jiwa henteu pantos ringrang mayunan kahoyong atanapi pasualan. Jinekna, ku teu ayana rama henteu janten bangbaluh. Ku ngaraoskeun kanyaahna ti Mamih, ti nini, ti wargi-wargi, janten tetep sumanget,” ceuk ieu alumni S2 Kajian Wanita Pascasarjana Universitas Indonesia (UI) téh.

Bray beurang mawa harepan. Kitu deui urang Maja, dina mapag beurang téh ku rupa-rupa kagiatan, ka sawah ka kebon, jeung ka tempat pagawéan séjénna. Ari barudak sakola, saperti Neneng, rebun-rebun kénéh gé geus tatahar, seja miang ka sakola. Kituna téh, keur Neneng mah sanggeusna bunta-bantu nyeuseuh, gegeroh, bébérés di imah sakadugana.

Dina saban rék miang ka sakola, implenganana mah, teu weléh tibelat ka ramana nu geus taya di kieuna. Pangna kitu téh, lantaran teu weléh inget kana papatahna. Cenah, dina kaayaan kumaha waé gé, Neneng kudu tetep getol diajar, kudu maksakeun tolab élmu, boh di sakola boh di madrosah.

“Emut pami usum hujan, jalan téh jareblog. Mun hujan peuting, jalan téh ledok. Kitu deui jujukutan sisi-sisina, ogé sok loba kacéprétan taneuh. Atuh susah néangan nu tuus leumpang gé, lantaran ‘nyeker’ teu disapatu. Kétang tong boro disapatu, seseringna mah teu disendal-sendal acan!,” pokna deui bari nineung ka mangsa harita, nu karasana ku Neneng, boh ramana boh biangna, miharep pisan Neneng ogé jaga boga pangarti sangkan bisa jadi guru agama di SD. Pangjurung indung jeung papatah bapa kawas kitu, teu weléh napel dina pipikiran Neneng. Jadi panyundut sumanget geusan nyiar élmu sakadugana.

Gesitna diajar, ti mimiti di SDN 1 Maja, PGA PUI Majalengka nepi sakola deui ka PGAN Cirebon Yeni Huriani ogé beuki ludeung jeung sumanget ngagedur. “Harita, waktos PGA PUI opat taun ditutup, digentos janten MTs./MA. Margi tos gaduh ijasah PGA opatan taun, mana neraskeun deui téh ka PGAN Cirebon dua taun. Da, pami ka MA mah kedah tiluan. Di Cirebon, alhamdulillah kantos janten siswi teladan. Kitu deui, tiasa neraskeun aktif jadi Pradani Pramuka PGAN, nu sateuacaan di SDN ogé tos resep, malih mah harita tos ngiring  Jamnas 1978 di Sibolangit Deli Serdang Sumatera,” pokna deui.

Réngsé sakola guru, biur baé daftar kuliah ka Bandung nu harita ditarima di Unpad Bahasa Arab jeung di IAIN. Tapi pilihanana ka Ushuluddin IAIN SGD (IAIN ayeuna mah). Lantaran gesit téa, di kampus ogé beuki sumanget jeung ludeung nepikeun pangabisa. Malah keur masa ta’aruf kampus ogé, geus dilandi ‘ratu’ mahasiswi di angkatanana.

“Di kampus mah, lian teras diajar ogé resep aktif di organisasi. Di HMJ, Senat atanapi di luar kampus di Kohati HMI. Alhamdulillah nambih sobat, nambih pangaweruh ogé nambih kaludeung téa,” ceuk ieu garwa Ir. Nibrasullah Salim nu jatukramina taun 1987.

Pangalaman loba aktif dina kagiatan sosial, réngsé kuliah ogé angger sibuk, kaasup jadi dosen tidak tetap di almamaterna. Kakara dina taun 1992 diangkat jadi PNS. Miang ti dinya, taun 1997 neruskeun ka S2 Pascasarjana Universitas Indonesia (UI) widang Kajian Wanita. Taun 1998 jadi Ketua Jurusan Perbandingan Agama UIN SGD, sarta dina taun 2019 réngsé S3 kajian Studi Agama-Agama UIN SGD.  “Saparantosna ngabdi resmi di UIN, seueur aktif ogé di kagiatan wanoja, kalebet kantos janten wakil ketua P2TP2A Jawa Barat 2010-2019. Kitu deui kagiatan sosial lianna, utamana nu patali sareng isu gender, TKW , kasus Trafiking, sareng kekerasan perempuan lianna. Di lingkungan Depag deui, ngiring ngarojong sangkan ningkatkeun ajén Guru Agama Islam ngalangkungan program béasiswa master, ogé ngadongsok sangkan para Guru Besar tetep turun ngadosenan mahasiswa S1,” ceuk biangna Nabrul Rahman Annibras, Naufal Lutfhi A. jeung Nafiril Haq A. témbrésna deui.

Kiwari, ieu wanoja Sunda nu nyangking Profesor taun 2023 najan saabreg kagiatan di kampusna, tetep tara poho ka tempat bali geusan ngajadi lembur Maja. Kituna téh lantaran keur Prof. Yeni mah, dina ngahontal lalampahan hirupna nepi ka jununna téh, henteu leupas tina peran kulawarga, wargi-wargina, jeung sobat-sobatna. “Mudah-mudahan, ku alpukahna pangjurung doa ti sepuh, kanyaah ti wargi-wargi di lembur sareng ti sobat-sobat, janten kasaéan sadayana. Margi kitu, pami nuju nyalsé mah, sok nyempetkeun pisan nepangan wargi-wargi di palemburan. Kituna téh supados henteu pegat kawargian,” ceuk Prof. Yeni nutup obrolanana.***

Mangle edisi 3016

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Tamu

KH. Rahmat Syafe’i; Puasa Miara Ucap jeung Paripolah

Kamulyaan Islam mah, teu weléh katara jeung karasa. Lantaran kitu, dina ngalakonan...

Tamu

Yopi Firmansyah: Urut Tukang Ngamén nu Ngadegkeun Pasantrén

Nasib jalma taya nu nyangka. Kungsi jadi tukang dagang asong di tempat...

Tamu

Dra. Hj. N. Sri Mulyati CTMR; Metode Mikat Rejeki Marekkeun Haté ka Ilahi

Kaum muslimin nu ngagem agama, dina mangsa global ayeuna, sawadina nempatkeun agama...

Tamu

KH. Jeje Zaenudin; Ukhuwah Islamiyah Sarana Katingtriman Bangsa

Ilaharna, dina kaayaan kahirupan nu keur dirungrum ku lobana kahariwang, sok teu...