Boga élmu pangaweruh, kamampuh jeung kaludeung, Prof. Yaya Rukayadi, guru besar Food Science and Technology Universitas Putra Malaysia teureuh Sunda, kiwari beuki kasohor di mancanagara. Kituna téh, utamana mah sanggeus mampuh nyieun istilah pv. glycines YR32, hasil panalungtikanana di Amerika dina widang panyakit kedelé, sababaraha taun ka tukang.
Sunda, pakar biotéknologi, jeung Korea. Tilu kecap éta nu sahenteuna dalit dina lalampahan Assoc. Prof. Yaya Rukayadi, P.hD., nu kiwari geus kakoncara di mancanagara. Dalitna jeung Sunda, lantaran upama tepung jeung sasaha waé atawa dina sawala naon waé, ieu teureuh Sumedang, henteu ngarasakeun leutik haté nyempilkeun kekecapan Sunda. Boh di nusantara atawa di luar negeri ogé, keur inyanana mah, nu pangheulana diwanohkeun téh pasipatan jeung basa budaya purwadaksina Sunda téa. Sapertina waé, waktu ti diangkir jadi narasumber kuliah umum ngeunaan diversitas komponen bioaktif tina tutuwuhan obat Indonesia di Universitas Sebelas Maret (UNS) Jawa Tengah, bubukana mah ku basa Sunda. Kitu deui lamun di luar negeri, tara poho kana reueusna teureuh Sunda.
“Kamana waé, dimana wae ogé, ulah isin nyarios Sunda. Malihan sok ngaraos reueus janten urang Sunda téh. Da geuning angger pada ngajénan. Komo deui, ketak urang Sunda mah, dimana-mana waé ogé kalebet dina widang biotéhnologi atanapi science di akademisi luar negeri, kaétangna palinter pisan,” ceuk Prof. Yaya Rukayadi, guru besar Food Science and Technology Universitas Putra Malaysia waktu tepung di kampus Pascasarjana Universitas Padjadjaran (UNPAD) Dipati Ukur – Bandung, ka tukang-tukang.
Mémang hoyong jeung ieu élmuwan téhnologi makanan kelas dunya, teu babari. Ngan kabeneran bisa tepung harita mah, lantaran Prof. Yaya keur aya di Bandung, nyaksian sidang mahasiswa bimbinganana S3 ti Kedokteran Gigi Unpad.
Atuh obrolan jeung Kang Ya (landian upama ngarang carita pondok di Manglé) seterusna mah patali jeung daya saing SDM urang Sunda di widang téhnologi. Nurutkeun ieu Guru Besar Ilmu Tehnologi Pangan, urang Sunda nu neuleuman élmu, boh dina panalungtikan atawa pancén gawé di luar negeri, kaitung palinter kacida. “Mung, benténna, ari urang Sunda mah tara ningalikeun kaagulan téa. Namung pami dina sikep sareng pasipatan mah, katingal unggulna. Lian ti soméah, oge béda cai béda tampian alias tiasa énggal ngaluyukeun kana kaayaan, saur paribasana mah,” ceuk ieu pangarang carpon ‘Nu Paruasa di Korea’ nu dimuat di Manglé pokna deui.
Kacidekan Prof. Yaya Rukayadi kitu ogé, mémang luyu jeung prinsipna dina saban neuleuman jeung nepikeun élmu di mana waé. Da, cenah kukumaha waé, ceuk inyana, nu ngaran jatidiri mah, moal pegat tina puwadaksina téa. “Margi kamana waé ogé, pribados mah moal hilap ka lemah cai sareng budaya Sundana,” tandesna deui.


Lian ti boga pasipatan nu nyunda, Prof. Yaya Rukayadi ogé kasohor deui minangka pakar mikrobiologi Indonésia, nu pamikiranana kaasup dina widang biotéknologi pangan, sering jadi rujukan di saban paguron luhur. Neuleuman élmu dina éta widang ogé lungsur langsar. Ti mimiti di ITB sataun (harita henteu diteruskeun), S1 IKIP, S2 jeung S3 IPB, nepi ka ludeung neuleuman élmuna ka lunta jauh ka University of California di Berkeley, Amerika Serikat (AS). “Waktos taun 1996, alhamdulillah tiasa lulus seléksi ka University of California di Berkeley, Amerika Serikat (AS) kanggo nalungtik ngeunaan biokontrol panyakit kacang kadelé. Éta paguron luhur tiap taunna ukur narima 20 mahasiswa. Sapuluh urang AS, sapuluh deui ti luar. Tah pribados mah, kalebet hiji-hijina nu lebet ti Asia. Janten ketat pisan. Hasilna? Alhamdulillah lian ti loba nambah pangaweruh, ogé panemuna tiasa nyugemakeun para élmuwan ti saban nagara. Malihan, harita bari ngawanohkeun tanda xanthomonas axonopodis (campestris) pv. glycines (Xag) YR32, minangka bukti geus hasil ngaisolasi éta panyakit. YR 32 singketan Yaya Rukayadi, sedeungkeun angka 32 nandakeun harita waktu yuswa 32 taun,” ceuk ieu élmuwan teureuh Sunda témbrésna.
Nyongcolang di Koréa
Urang Sunda bisa jarambah jeung bisa ngambah ka mana-mana kalawan nanjung di nagara batur kalawan mampuh metakeun tarékah padika hirup nu saéstuna. Nu kitu saperti nu dilampahkeun Prof. Yaya sabada bérés S-3, nu harita langsung ngabdi lunta jauh ka Korea Selatan. “Sabada nyangking doktor, resep nalungtik tutuwuhan temulawak atawa pami di urang mah konéng gedé. Atuh, maksad téh hoyong nalungtikna nu langkung jero, kaleresan diajak deuih ka Korea ku Prof. Jae Kwan Hwang, salah sawios dosen di Yonsei University. Tah, ti harita, lian nalungtik temulawak, ogé ngawulang di Yonsei University salami 13 taun,” pokna deui.
Lantaran lila di Koréa téa, Prof. Yaya ogé lian ti beuki kasohor jeung nyongcolang jadi panalungtik senior, ogé jadi tamu kahormatan pamaréntah Koréa jeung loba paélmunana dipaké ku nagara Korea Selatan.
Anapon patali jeung panalungtikana kana temulawak atawa konéng gedé, harita tutuwuhanana didatangkeun ti Indonesia ka nagara Gingseng. Kituna téh, ceuk Kang Ya, sangkan temulawak bener-bener jadi ciri has Indonesia saperti hasna gingseng keur nagara Korea. “Janten pami nyarioskeun ginseng, pasti émut ka Korea. Sok padahal nagara nu panglobana mroduksi ginseng téh Kanada sareng China. Kumaha ari konéng gedé atanapi temulawak? jinek tanaman obat has Indonesia éta, apan seueur pisan di Indonesia mah,” ceu ieu Professor nu dina taun 2008 geus ngaalpukahan Kongres Internasional Temulawak di Bogor.
Keur ngahontal harepan temulawan has Indonesia, masih ceuk Kang Ya, harita, Presiden SBY ogé ngahaminan pisan. Malah lian ti sok diajak ngarumuskeun brand temulawak di istana nagara, ogé upama aya kunjungan ka Korea Selatan sok tepung. “Mung hanjakal ka dieunakeun mah, di nagara urang mah, pami gentos kapamingpinan bangsa, kawijakan ogé sok bentén deui. Tah, sabada SBY atosan mah, programna henteu dilajengkeun deui. Duka ka payunna mah!,” pokna dibarung ku mésem.
Kitu deui, di Korea, Kang Ya ogé, lian jadi élmuwan di nagara gingseng, ogé sering diangkir dina siaran di Radio KBS Seoul, utamana keur némbongkeun poténsi bangsa Indonesia nu kacida beunghar pisan, sok sanajan dina prakna mah sesah daria ngokolakeunana.
Nalungtik nu Kapopohokeun
Prof. Yadi Rukayadi téh teureuh Situraja, Sumedang nu lahir 17 Agustus 1964. Upama ayeuna kakoncara jadi ahli jeung pakar widang élmu téhnologi pangan, singhoréng
angen-angen keur leutik mah ukur hayang jadi guru baé. Lantaran kitu, sabada lulus SD nepi ka SMA di Sumedang, Yaya mah neruskeunana téh ka Jurusan Biologi IKIP. “Kétang, kantos sataun mah ti ITB,” pokna bari nineung ka mangsa bihari.
Keur neuleuman deui élmuna, Kang Ya neruskeun deui ka S2 jeung S3 di IPB. Geus réngsé nyangking Doktor, mimiti makalangan ngalanglang ka mancanagara, saperti ka Amerika, Skotlandia, ogé ka Korea.
“Nembé, saatos lami 13 taun di Koréa, haté téh asa hoyong ngabdi di lingkungan nagara nu rada agamis. Margi sono kana sorana adan, sasarengan puasa, sareng kagiatan agama sanésna. Mana, saatos milih sababaraha paguron luhur, nya ahirna pilihan téh ngabdi di Universitas Putra Malaysia, nu ogé rada caket ka Bandara. Kituna téh, supados rada lancar upama hoyong ka ditu ka dieu, kalebet upama hoyong ka lemah cai tatar Sunda Jawa Barat,” pokna deui.
Kiwari, lian ti ngadosenan jeung ngabimbing sababaraha mahasiswa S3 kaasup ti Indonesia saperti ti Unpad, ITB atawa IPB, ieu guru besar ogé sering nalungtik sababaraha tutuwuhan obat nu sok dipopohokeun. Tujuanana, lian ti ningkatkeun kaséhatan ogé keur ngungkulan mangsa ka hareup nu dina irongan Badan Pangan Dunia (FAO), dina taun 2050 mah bakal loba pisan jalma nu kalaparan.
“Numawi kitu, ti ayeuna, FAO tos nganjurkeun ka para pamingpin saba nagara kanggo ngawanohkeun deui katuangan-katuangan nu salami ieu sok kahilapkeun, sok padahal éta katuangan deui bisa nyéhatkeun sareng luyu sareng genetik masarakatna. Sapertos upami di tatar Sunda mah aya buah huni, jamblang, kupa, kokosan, sareng sajabina. Dina tutuwuhan, aya kersén, sirsak, cécéndét, haréndong. Atuh dina sasatoan, sapertos aya simeut, jangkrik atanapi silaru,” ceuk ieu Doktor IPB wedalan taun 1998 téh. Ngalanglang dunya nepikeun hasil paélmuanana, lain ukur lantaran dipikabutuh di tingkat lokal jeung nasional, tapi ogé di tingkat internasional. Tapi najan loba pangajén kitu, tetep ari keur diri Prof. Yaya mah, nu pentingna mah, mudah-mudahan tiasa kaalap mangpaat élmuna keur balaréa. “Kantenan ogé, mudah-mudahan tiasa nyandak mangpaat kanggo lemah cai ogé,” ceuk Prof. Yaya nu dina saban dua minggu sakali mah sok ngahajakeun ngalongok lemburna di Sumedang, nutup obrolanana.***
Manglé édisi 2999
Leave a comment