Kaayaan Jawa Barat nu loba padumukna jeung boga poténsi pangan nu unggul, mustina bisa mawa berkah nu luar biasa. Tapi ngan nyakitu, geuning dina prakna mah, masalah pangan Jabar ogé masih kénéh aya halangan harunganana. Naon téa? Prof. Dr. Tomy Perdana, S.P., M.M., Guru Besar Fakultas Pertanian Universitas Padjadjaran bruk-brak ka Manglé.
Kaayaan alam di ieu bangsa kaasup di tatar Sunda, lain ukur padumukan, tapi deuih poténsi pangan jeung lahan tatanén keur dijadikeun lahan usaha sangkan tinemu hirup jeung huripna. Pentingna lahan, atuh kagambar dina kahirupan Sunda ti mangsa ka mangsa. Apan, lembur gé disebutna téh banjar karang pamidangan, atawa bali geusan ngajadi. Atuh, gambaran kama’muran gé, saperti ceuk kekecapan kolot, buncir leuit réa duit, loba ketan loba keton. Hartina, nugraha alam bangsa nu subur ma’mur, sawadina jadi lawang harepan walatrana rayat nu raharja.
“Kaayaan tatar Sunda Jawa Barat ngagaduhan jumlah padumuk nu paling ageung di Indonesia ampir 50 juta jalmi. Dugi ka pangabutuh pangan Jawa Barat ogé kacida ageungna. Sacara agrégat dina sataunna (asumsi upama henteu aya perdagangan ka luar Jabar) pangan poko Jabar tiasa kacumponan ti urang kénéh, badé béasna, sayuranana, bungbuahan, daging hayam, endog, atawa jagong. Mung pami ditingal perdinten atanapi perminggu, ditambih ku ayana adperdagangan antar daérah, mangka pasokan pangan nu aya, kaétang dinamis. Hartosna, kalan-kalan cekap kalan-kalan kirang. Kaayaan kitu, nu ahirna gé nimbulkeun fluktuasi harga ataapi inflasi pangan nu kaétang luhur,” ceuk Prof. Dr. Tomy Perdana, S.P., M.M., Guru Besar Fakultas Pertanian Universitas Padjadjaran mimiti muka obrolan.
Niténan poténsi pangan unggulan Jabar, mémang payus jadi perhatian. Kituna téh, lantaran dina prakna mah, tacan bener-bener matak nyugeman keur nyumponan pangabutuh rayatna. Sapertina waé, pangan-pangan Jabar unggulan, di antarana; kahiji béas, kadua widang hortikultura saperti sayuran, bungbuahan, pepelakan hias jeung pepelakan obat). Katilu, widang perkebunan kopi jeung kalapa, opat widang peternakan saperti hayam, endog, domba, susu, sarta kalima dina widang perikanan budidaya jeung tangkap.
“Janten, soal pangan Jabar ogé masih aya halangan harunganana. Di antawisna, kahiji, teu acan walatrana pangabutuh sareng pasokan pangan di tiap kabupatén sareng kota Kadua, icalna hasilna ical sareng runtah pangan nu ageung. Katilu, sistem pasok sareng logistik pangan nu tacan leres-leres katata. Kaopat, seuseurna nu jadi patani tos umuran, nincak 50 taun ka luhur, sareng generasi ngorana aralim jadi patani, dugi ka regenerasi patani kaétang kirang pisan. Atuh kalimana mah, produktivitas komoditas pangan tacan tiasa optimal,” ceuk ieu Guru Besar widang élmu Agribisnis Faperta Unpad tandes.


Upama ieu panitén pangan nasional boga pandangan kitu, mémang luyu jeung buktina. Jinekna, mémang soal pangan mah, kudu daria pisan lantaran sapopoéna heuteu leupas tina ajén hirup. “Margi kitu, utamina pamaréntah dina ngokolakeun pangan mah kedah daria. Margi, upami biasa-biasa mah, bakal seueur nu janten korban, utamina para patani alit nu kirang raharja, lantaran téknologi produksina henteu optimal sareng modél ngokolakeun bisnisna mung pribadi alias henteu dumasar kana tinimangan pasar,” pokna deui.
Mémang, masih ceuk Prof. Tomy, salila ieu ogé pamaréntah geus loba narékahan. Tapi tina kawijakanana, masih nekenkeun kana aspék mekarkeun produksi berbasis komoditas. Sabalikna tacan neueulkeun kana pentingna mekarkeun sistem pangan nu holistik jeung terstruktur.
Ku kituna, keur ningkatkeun ajén pangan, lian ti butuh cara ngokolakeun nu daria, ogé pentingna tumuwuh kasadaran ti masarakatna. Tangtu dina hal ieu, maksud ieu ahli Sistem Rantai Pasok jeung Logistik Agribisnis nyaéta penting kacida dina ngokolakeun pangan ogé didadasaran ku aspék budaya atawa sikep kabiasaan gawé nu hadé. Saperti budaya hayang maju babarengan, budaya disiplin, resep nyieun inovasi keur masarkeun ka luar jeung budaya hadé lianna. “Budaya kolektif dina sistem pertanian saé pisa, utamina nalina budaya pasarna tos robih tina transaksional janten kemitraan,” ceuk ieu Guru Besar teureuh Sunda téh.
Kitu deui, pentingna ngawangun sistem pangan. Nurutkeun paniten Prof. Dr. Tomy bakal mawa harepan masarakat tinemu raharja. Kituna téh lantaran, tos tumuwuh kasadaran masarakat dina soal konsumsi panganna. “Namung kitu, mudah-mudahan kapayunna, soal pangan di Jawa Barat tiasa aya parobahan,” ceuk Prof. Dr. Tomy nu ogé pernah narima pangajén anugerah Inovasi Jawa Barat Bidang Rekayasa Sosial taun 2014.
Hayang Jadi Insinyur ti Leuleutik Kénéh
Tomy Perdana, teureuh Bandung nu lahir ping 13 Désémber 1973. Upama ayeuna junun nyangking Professor jeung bisa nebarkeun pangweruhna soal pertanian atawa pangan ka sakumna pihak di Indonesia, singhoréng keur leutik mah teu ngimpi-ngimpi acan bakal jiga ayeuna. Da, nu ngarasa harita, ceuk Tomy, sepuhna (H. Andang Sapardan sareng Hj. Diah Radiana), ngajarkeun sangkan bisa mandiri téa. Lantaran kitu, keur Tomy nu harita sok marengan usaha percetakan sepuhna, atuh kabiasaan ogé diajar masarkeun usaha néangan rélasi. “Kétang! inget jaman SD, waktu ditanya cita-cita ku guru, sok resep nulis, hayang jadi insinyur pertanian, gagah. Tah, rupina éta takdir Gusti nu ngagariskeun dugi ka ayeuna,” pokna nineung ka mangsa bihari.
Diajar milu usaha maturan kolot, keur Tomy loba mangpaatna. Pangna, lian diajar silaturahmi, ogé diajar sikep, kumaha jeung babaturan, ka sahandapeun ogé ka saluhureun. Malah, kumaha cara diajar gawé bareng téa. Diajar kumaha gawé bareng, éta nu saterusna sok diajarkeun ogé ku sepuhna. Atuh sanggeus réngsé sakola ti SMPN 13 jeung SMAN 11, ceuk ieu carogé Lisnasari, papatah sepuh kitu terus nerap. Malah, ka dieunakeun mah jadi peurah. “Anjeun mah cikal, kudu motaker, sing bisa jadi turus kulawarga. Margi kitu, sagala pamikiran ulah ukur jang sorangan, tapi kudu mangpaatna kudu babari babari ngocorna keur batur,” ceuk Tomy nirukeun papatah sepuhna.


Tigin diajar jeung narima papatah kolot, Tomy ogé ngajurung sumanget keur neruskeun kuliah. Harita, pilihan téh, lian ti ka Pertanian UNPAD, ogé ka ITB jeung Kedokteran Maranatha. Ahirna pilihan ka pertanian UNPAD luyu jeung diucapkeun waktu leutik.
Keur kuliah, élmuna beuki motékar. Malah sanggeus lulus ogé (Februari 1997) teu lila diangkat jadi staf pengajar jeung panalungtik Program Studi Agribisnis, Fakultas Pertanian Universitas Padjadjaran. Ti dinya, loba aktif jadi pendamping ahli, saperti di Puslitbang Inovasi & Kelembagaan (Value Chain Center) LPPM UNPAD, di pausahaan, asosiasi agribisnis, konsultan internasional, BUMN, pamaréntah pusat jeung daérah. Unggul préstasi jeung loba nu mercaya, Dr. Tomy di kampus jadi loba meunang pangajén, sapertina waé jadi Dosen Berprestasi I Tingkat Fakultas, Dosen Berprestasi I Tingkat Universitas, Satya Karya Satya X Tahun ti Presiden Republik Indonesia, jeung sajabana.
Ieu ahli pemodelan System Dynamics, Strategi Bersaing, Manajemen Rantai Pasokan Agribisnis & Agroindustri, ogé ngarasakeun pisan, yén bisa ngalaman rupa-rupa kagiatan jeung narima pangajén, éstuning pangjurung dua ti sepuhna. Mana kitu, naon nu jadi harepan sepuhna, saperti sabada lulus S2 jeung S3 ti Institut Pertanian Bogor, élmuna seja bisa mawa mangpaat keur balaréa. “Prinsipna, Insya Alloh, naon rupi hasil diajar élmu, output hoyong nyandak mangpaat kanggo sadayana. Kitu deui, tina niléy mangpaat ogé, kantenan deuih hoyong nyurahan pikeun ngamajukeun regenerasi kader-kader pertanian. Margi, upami lahanna aya tapi nu minat neuleuman élmu tatanén atanapi nu ngagarapna teu aya, badé kumaha? ieu ogé janten émutan dina narékahan hususna generasi pertanian ka payunna,” ceuk ieu rama Hanifa Hasna Perdana sareng Muhammad Defalah Ramadhan, nu kiwari ogé keur mekarkeun ékosistem rantai pasok sirkular jeung logistik pangan berkelanjutan, sarta resiliensi ku cara ngamangpaatkeun téhnologi digital (husus analitika bisnis) kalawan gawé bareng jeung pamaréntah sarta para palaku usaha.
Tina saabreg kasibukanana, kaasup di organisasi profesi International System Dynamics Society, Asosiasi Logistik Indonesia (ALI), Indonesian Production and Operation Management Society (IPOMS) ogé Guru Besar jeung ngadosena dina Program Doktor jeung Magister Sains Manajemen Sekolah Bisnis & Manajemen ITB, ieu Profesor tetep teu weléh inget ka kulawarga. “Isya Alloh ari kulawarga mah diperhatoskeun pisan. Malihan janten nomer hiji. Margi kukumaha ogé, apan teu kedah hilap ka purwadaksi sareng silaturahmi ka wargi-wargi,” ceuk Prof. Tomy nutup obrolanana.
Edisi majalah: 3004
Leave a comment