Poténsi sumber daya obat hérbal atawa tradisional Jawa Barat, kacida unggulna. Lantaran kitu, keur ngungkulan layanan kaséhatan masarakat, bisa waé, pangobatan tradisional jeung obat herbal ogé jadi layanan kaséhatan formal. Asal luyu jeung sarat-saratna. Naon waé? Prof. apt. Taofik Rusdiana, M.Si., Ph.D., Guru Besar Farmasetika & Teknologi Farmasi Universitas Padjadjaran (UNPAD) bruk-brak ka Manglé.
Kaayaan alam Jawa Barat nu subur ma’mur, neundeun potensi alam nu sakitu unggulna, nu di antarana sumber daya obat herbal atanapi obat tradisional. Saperti jahé, kunyit, kencur, mengkudu, sambiloto, meniran, pegagan, paré sareng sajabina. “Malihan, simkuring ogé taun 1997, kantos nalungtik poténsi herbal salédri Ciwidey minangka ramuan kanggo ubar batu ginjal. Hasilna? Tiasa ngahasilkeun formula herbal nu patén kanggo anti batu ginjal. Kitu deui para dosen sareng panalungtik sanésna seueur nu tos mekarkeun herbal lianna, sapertos tina manggu, pala, daun salam sareng sajabina. Kitu deui, poténsi tutuwuhan obat, tina 50-60 tutuwuhan nu kacatet dina formularium obat hérbal asli Indonesia nu ditetepkeun ku Kementerian Kesehatan RI, lolobana aya di daérah Jawa Barat. Kantun, dina larap ngabudidayakeun tina hasil panénna, tiasa leres-leres luyu sareng standarisasi herbal kanggo obat téa,” ceuk Prof. apt. Taofik Rusdiana, M.Si., Ph.D. mimiti muka obrolan jeung Manglé.
Atuh nu dimaksud standarisasi obat hérbal, ceuk ieu Guru Besar Farmasetika & Teknologi Farmasi Universitas Padjadjaran, tangtu ogé kudu luyu jeung hasil uji klinis éta obat hérbalna, boh hasiatna boh kaamananana. “Hartosna, upama aya sawatara pihak nu ngarojong sangkan pangobatan tradisional bisa adumanis atanapi hadir di rumah sakit-rumah sakit, prinsipna mah teu masalah, teu kedah hariwang, asal hasiat sareng kaamanan obat tradisional éta parantos jinek sacara ilmiah, luyu sareng kaidah evidence-based medicine (EMB),” pokna tandes.
Anapon perhatian kana kaunggulan obat hérbal, salila ieu matak reueus kacida. Sapertina waé, ceuk ieu pangarang buku “Aplikasi Biofarmasetik dalam Pengembangan Obat”, di sababaraha PT. Farmasi, geus aya departemen atawa Kelompok Keilmuan (KK) nu husus neuleuman jeung nalungtik poténsi tutuwuhan asli Indonesia. “Kalebet di Unpad nyalira aya departemen herbal, aya Pusat Studi Herbal nu garapanana nalungtik produk herbal atanapi jamu supados tiasa dimekarkeun janten obat hérbal terstandar (OHT) sareng Fitofarmaka tina tutuwuhan herbal Indonesia. Di kalangan dokter, aya himpunan kedokteran komplementer nu ngalarapkeun terapi alternatif kalawan ngagunakeun hérbal,” pokna témbrés.



Salila ieu, husus obat hérbal asli Indonesia, pamaréntah pusat dina hal ieu Kemenkes RI geus nerbitkeun formularium minangka ramuan herbal naon baé. Aya 60-an tutuwuhan herbal nu bisa dimangpaatkeun ku para praktisi kasehatan atawa ku masarakat keur ngubaran panyakit. Aya 25 jenis gangguan kaséhatan, boh dina séktor formal atawa non formal. Dina éta formularium ogé dijelaskeun deui, aya lima lével bukti, mimiti disebut kuat (A), baik (B), kurang jelas (C), negative (D), sangat negative (E) nepi ka bener-bener henteu ngabukti yen éta bahan téh bisa dijadikeun obat.
Édukasi jeung Sosialisasi
Nurutkeun Prof. Taofik, harepan sawatara pihak sangkan pangobatan tradisional hususna di Jawa Barat jadi bagéan layanan kaséhatan masarakat di rumah sakit pamaréntah atawa swasta, teu jadi masalah atawa ulah matak jadi hariwang masarakat, salila éta obat herbal atawa pangobatan tradisionalna, bukti hasil uji klinisna aman jeung aya hasiatna.
“Atuh, nu kedah diperhatoskeun saterasna ogé, soal édukasi, sosialisasi, malihan palatihan-palatihan tumali sareng kamangpaatan obat herbal asli Indonesia nu tos lebet kana formularium, kanggo ngayakinkeun sababaraha herbal parantos bukti luyu sareng kriteria ‘evidence-based medicine’,” ceuk ieu pangarang buku ‘Farmakokinetik Dasar’ téh.
Lian ti édukasi jeung sosialisasi, hadirna pangobatan tradisional jadi bagéan layanan kaséhatan masarakat di rumah sakit pamaréntah atawa swasta, ogé dibutuhkeun aturan nu jelas jinekna ti pamaréntahna. Kituna téh sangkan herbal-herbal nu tos gaduh bukti luyu jeung kriteria EBM, bisa digunakeun dina sistem palayanan kaséhatan formal.
Ngahontal Udagan Sabada Leungiteun Panyalindungan
Ceuk kekecapan karuhun gé, indung tunggul rahayu, bapa catang darajat. Tah, nya kitu pisan nu karasa dina lalampahan Prof. apt. Taofik Rusdiana, M.Si., Ph.D. ogé. Indung téh jadi pangjurung laku geusan tinemu rahayu. Bapa téh, pangjajap paripolah sangkan hirup tinemu hurip. Matak, baheula keur budak, waktu bapa aya kénéh di kieuna, hirup téh éstu tingtrim, remen kénéh nyorang bagja batan sedih kingkin. Ngan, nya kitu, mungguhing hirup, manusa mah darma wawayangan, ukur kahayang jeung ihtiar, da pamustunganana mah anging Alloh Nu Mahakawasa. Atuh, sabada ramana (Alm. Ius Hendarius) mulang ka kalanggengan, lalampahan hirup Opik (ngaran landian keur leutik) nyorang ujian hirup.
“Pun bapa ngantunkeun abdi nuju alit kénéh. Atuh saterasna mah, tanggel waler kulawarga, sapinuhna ku pun biang (Ibu Empat Fatmah). Kantenan, kalan-kalan sok teu wasa ningal pun biang kitu téh,” ceuk Taofik bari nineung ka mangsa bihari.


Taofik Rusdiana, nu lahirdi Tasikmalaya 30 Maret 1973, ngalaman ujian kahirupan. Kitu téh, lantaran bangbaluh hirup kulawarga sapinuhna jadi tangung jawab indung. Ngabandungan kahirupan kulawarga kawas kitu, Opik (putra kaopat tina lima sadulur) jadi kudu mantu-mantu indung. Milu ngahampangkeun bangbaluh rumah tangga, najan ku cara nu teu sapira, lantaran harita mah kasebutna budak kénéh. Atuh, bunta-bantu gé sakadugana.
“Pun biang dugi ka kedah banting tulang icalan di pasar. Abdi ogé sok dipiwarang ngabantosan. Kedah ugah tabuh dua atanapi tabuh tilu nyarengan ka pasar. Nembé énjing-énjingna kedah siap-siap ka sakola,” ceuk Opik nu dina panineunganan, harita dina miangna sakola, implenganana mah, teu weléh tibelat ka ramana nu geus taya di kieuna.
Kaayaan kitu, ahirna Taofik jadi boga tékad geusan ngangkat darajat kulawarga ngaliwatan sumanget diajar, boh di SDN Tuguraja II Cihideung Tasikmalaya, di SMPN 6 Tasikmalaya atawa di SMAN I Tasikmalaya. Malah basa rék neruskeun kuliah mah, gesit pisan milih paélmuan obat nyaeta ka jurusan Farmasi Unpad. “Alhamdulillah ditampi di Farmasi Unpad. Pokona hoyong dugi ka tiasa nyiptakeun obat, utamina obat kasakit bronchitis akibat roko atanapi udud. Komo pun bapa dugi ka teu damang parna téh, apanan saréatna mah panyawat bronchitis tina roko,” ceuk ieu alumni S2 Jurusan Farmasi ITB, nu saterasna ngalajengkeun sakola ka S3 di Gunma University, Jepang..
Luyu jeung sumangetna karir Taofik ogé lungsur langsar. Sapertina tina karya nulisna bisa miluan program SAME di Jepang. Kitu deui, diangkir keur nepikeun paélmuanana di sababaraha nagara, saperti di Malaysia, Korea Selatan, Amerika Serikat, ogé waktu studi banding ka Monash University, Australia. Atuh, puncak karirna, kasinugrahan Guru Besar kalawan dilélér Profesor widang Farmasetika & Teknologi Farmasi. “Alhamdulillah, alpukah rojongan sepuh, pun bojo sareng kulawarga, naon nu dicita-citakeun tinekanan. Koncina, nu karaos, mémang hirup mah kedah luyu sareng paréntah Alloh Swt. Sok komo, hirup di alam dunya mah ukur ngumbara sakeudeung. Ibarat musafir nu rék muru ka tempat kahirupan nu saéstuna nu langgeng nyatana alam ahérat. Mudah-mudah lalampahan hirup pribados ogé tiasa nyandak mangpaat kanggo bekel salamet jaga di ahérat. Aamiin,” ceuk Prof. Taofik nu ogé sering diangkir janten Khotib jum’ah di masjid lingkungan panganjrekanana di Jatinangor.
Kiwari, najan saabreg ku kasibukan kampus, tapi Prof. Taofik ogé sok nyempetkeun kana kagiatan masarakat, utamana keur manjangkeun silaturahmi nu ogé sakaligus nyéhatkeun badan. Di antarana ngaliwatan nyalurkeun hobi olahraga pingpong. “Alhamdulillah tina resep deui pingpong, lian ti kanggo ngajaga kaséhatan, da tiasa ngirangan berat badan, oge kanggo nyambungkeun silaturahmi,” ceuk Prof. Taofik nu sasasih sakali mah sok nyempetkeun nepungan babarayaan di lemburna Tasikmalaya.*** (RH)
Edisi majalah 3007
Leave a comment