Home Warta Tamu Prof. Hj. Ulfiah: Kasakti Demokrasi Ulah Megatkeun Duduluran
Tamu

Prof. Hj. Ulfiah: Kasakti Demokrasi Ulah Megatkeun Duduluran

Hadirna niléy-niléy kaagamaan dina larapna démokrasi deuih, masih ceuk ieu Assesor Pondok Pesantren Kemenag, sangkan démokrasi ogé henteu ukur jadi kaagulan pribadi atawa hiji golongan. 

Share
Prof. Dr. Hj. Ulfiah, M.Si. MCE., CPCE., Dekan Fakultas Psikologi UIN SGD Bandung.
Prof. Dr. Hj. Ulfiah, M.Si. MCE., CPCE., Dekan Fakultas Psikologi UIN SGD Bandung.
Share

Ilaharna, larapna démokasi téh baris dipoconghok kalawan teu weléh nyanghareupan batu ujian. Pangpangna nu kurang tahan uji, ahirna bakal katarajang kasakit psikis, saperti megatkeun duduluran. Lantaran kitu, sangkan démokrasi saperti dina Pilkada Jabar 2025 ogé tetep bisa ngajaga batin rayatna, mangka dina larapna kudu tigin kana asas luber jeung jurdil téa. Kitu di antara jejer obrolan Manglé jeung Prof. Dr. Hj. Ulfiah, M.Si. MCE., CPCE., Dekan Fakultas Psikologi UIN SGD Bandung. 

Démokrasi nu jadi padika kahirupan dina ngatur kakawasaan, sumarambah ka mana-mana. Henteu waé keur para calon pamingpinna, tapi ogé keur rayatna. Ku lantaran kitu, akal manusa nu nangtukeun ajénna, teu weléh bakal diuji.

“Mémang, dina usum politik sapertos Pilpres kamari atanapi ayeuna dina mayunan politik dina Pilkada Jabar 2024, nu namina béda pandangan atanapi pamadegan mah bakal teras aya. Mung, nu teu kénging mah, tina bédana pamadegan ulah dugi ka ngabalukarkeun pacéngkadan. Ieu rupina nu kalan-kalan sok janten kasakit démokrasi téh. Jinekna, leupas tina kapentingan politik, kalan-kalan seueur sumebarna fitnah, resep silih ngajojoré ka nu jadi sainganana, atanapi silih ngaawonkeun. Sok padahal tujuan sadayana mah, miharep ayana pamingpin nu uswah nu janten tuladan kanggo kapentingan rayatna,” ceuk Prof. Dr. Hj. Ulfiah, M.Si. MCE., CPCE., mimiti ngobrol rineh basa tepung di rohangan Dekan Psikologi UIN SGD jalan AH. Nasution Bandung.

Nilik kana kaayaan kitu, mangka ceuk ieu Ketua Pengurus Pusat Asosiasi Dosen Pergerakan (PP ADP), boh para calon pamingpin, boh para tim suksésna, sawadina ulah ninggalkeun prinsip-prinsip bebeneran, saperti kajujuran, kamaslahatan, ukhuwah. “Komo kanggo Jawa Barat, nu dalit pisan sareng agama Islam, kantenan niléy-niléy kaagamaan ogé kedah teras tiasa nyurahan démokrasina, sakumaha nu sering ogé dibahas tina konsep moderasi beragama,” pok tandes deui.

Hadirna niléy-niléy kaagamaan dina larapna démokrasi deuih, masih ceuk ieu Assesor Pondok Pesantren Kemenag, sangkan démokrasi ogé henteu ukur jadi kaagulan pribadi atawa hiji golongan.  Dina agama Islam, milih pamingpin jinek udaganana, sangkan ayana pamingpin nu siddiq, amanah, fatonah jeung tablig. Lain nu hianat, komo ukur keur ngudag kapentingan pribadi atawa golongan mah. Pangna kitu, ceuk ieu Guru Besar Psikologi UIN SGD ogé, kasakit démokrasi saperti ukur keur ngudag kaagulan mah, ulah diantep. Lantaran nu kitu mah, ahirna ngabalukarkeun pacéngkadan jeung resep megatkeun ukhuwah atawa ngaruksak katingtriman batin rayat.

Pentingna Ngajaga Batin Rayat

Tina larapna démokrasi, angen-angen rahayat mah, poé isuk geusan leuwih hadé batan ayeuna kalawan bisa nyugemakeun. Pangna kitu, dina larapna démokrasi ogé, ceuk ieu pangarang buku ‘Bimbingan dan Konseling: Teori dan Praktik’ ngajaga katingtriman batin rayat kudu diutamakeun pisan.

“Supados batin rayat di alam démokrasi atawa dina usum milih pamingpin kepala daérah tiasa teras kajagi, mangka dina milih ogé kudu luber sareng jurdil. Kitu deui, nu badé milih ogé henteu ngaraos kapaksa, sareng si calon pamingpin atanapi tim suksésna ogé henteu keukeuh mamaksa sina milih luyu kahoyongna,”

Prof. Dr. Hj. Ulfiah, M.Si. MCE., CPCE.,

Upama ieu Doktor wedalan Pascasarjana Universitas Pendidikan Indonesia (UPI) boga panitén kitu, lantaran ku cara ‘maksa’, mangka batin rayat bakal kaganggu katingtrimanana, nu ahirna jadi timbul pacéngkadan téa. Kajinekan kitu penting kacida, sangkan ceuk ieu Prof. Ulfiah sangkan antara nu meunang jeung nu éléh, bisa ngahiji deui keur ngahontal udagan babarengan. Jinekna, nu éléh henteu ngarasa éléh, atuh nu meunang ogé henteu jadi kaagulan téa. “Komo urang mah umat beragama, anu kantenan kedah kandel kayakinan, yén saatos usaha maksimal saterasna dipasrahkeun ka Alloh Swt. Tah, wujud urang narima kana sagala takdir Gusti, éta nu saleresna mah nu ngajantenkeun pribadi nu kuat mah. Janten badé kawon badé kénging, jiwa mah tetep tingtrim,” pokna deui tandes.

Kitu deui, keur ngubaran kasakit sangkan démokrasi walagri, tangtu wé tiasa tina kalungguhan ajén budaya. Komo keur urang tatar Sunda Jawa Barat, ceuk ieu salasahiji wakil ketua MUI Jawa Barat, urang mah gaduh papatah nu luhung, nyaéta silih asah silih asih jeung silih asuh. Ieu papatah, tangtu payus keur nyurahan démokrasi sangkan dina larapna milih pamingpin di Jawa Barat, silih ajénan jeung silih mentingkeun duduluran téh leuwih diutamakeun.

Guru Ngaji jeung Akademisi

Prof. Dr. Hj. Ulfiah, najan lahirna di Palimanan, Cirebon 13 Nopémber 1969, tapi ari kiprah keur nguatan lalampahan hirup mah loba di Bandung. Malah, waktu ti keur sakola di MAN 1 (Madrasah Aliyah Negeri) Cirebon ogé, geus boga cita-cita hayang kuliah, hayang loba neuleuman élmu di Bandung. Ahirna, blus wé ka Fakultas Tarbiyah Jurusan Pendidikan Agama Islam (PAI) IAIN SGD Bandung taun 1989.

“Nuju alit kapungkur, mémang gaduh cita-cita hoyong janten guru, utamana guru agama. Kitu deui, lingkungan kulawarga ogé aya di lingkungan pasantrén Al-Jauhariyah Balerante Cirebon. Abah sareng Ambu ogé ngaduakeun sareng ngarojong pisan. Mana, ti aalit ogé resep ngaos. Tos sakola di SDN Balerante III ngaos heula, atanapi méméh sakola ngaos heula. Neras ogé waktu sakola di SMP YAPPI Cirebon. Hasilna? Alhamdulillah karaos dugi ka ayeuna,” ceuk ieu putra H. Abdullah bin H. Thohir sareng Hj. Khotimah  binti Abdurrohhim, bari nineung ka mangsa bihari.

Sanggeus ngalap élmu di paguron luhur IAIN harita, Ulfiah ogé beuki sumanget ngalap élmu jeung ludeung diajar organisasi, boh di intra kampus (Senat Mahasiswa Fak. Tarbiyah) boh di ékstra kampus saperti di PMII (Pergerakan Mahasiswa Islam Indonesia), Sekum PW IPPNU Jabar, jeung sajabana. Tina nambahan élmu, Ulfiah ogé jadi beuki loba kamampuh jeung kawawuh, kaasup jeung para dosen nu ahirna méré kapercayaan sangkan jadi asisten dosen di almamaterna. Kitu deui tina hasil organisasi sarua beuki loba kawawuh utamana jeung mahasiswa luar, kaasup jadi wasilah ngajodona jeung H. Jamaluddin, teureuh NTB.

Tiasa ngabdi jeung loba deui neuleuman élmu di kampus, ahirna  taun 1997 diangkat PNS. Ti dinya mah, karirna di kampus beuki nérékél kalawan henteu pegat ogé jeung kagiatanana di luar, boh di NU boh di organisasi lianna, saperti pernah jadi Wakil Sekretaris DPD KNPI Jabar 2000-2004.   

Lian ti tigin ngabdi di almamaterna ogé loba ngajar di luar saperti di STAI Al-Musaddadiyah Garut, STAI Al-Falah Cicalengka, Pascasarjana UNINUS jeung sajabana. Kitu deui dina urusan neruskeun kuliah, saperti S2 ka Unpad jeung S3 widang psikologi ti UPI. “Alhamdulillah tiasa nyandak program doktor psikologi, nu éta widang kanggo di kampus UIN mah, langki pisan,” pokna téh.

Beuki nanjung di kampus, Prof. Hj. Ulfiah beuki dipercaya, boh di kampus boh di luar kampus. Di kampusna saperti jadi Wakil Rektor IV widang Kerjasama, Kelembagaan & Pengembangan UIN SGD 2019-2023. Kitu deui di luar kampus, beuki loba dipercaya, boh di NU boh di Departemen Agama jeung Departemen Pendidikan Nasional. Saperti jadi Asesor di Pondok Pesantren Kemenag RI atawa Asesor BAN PT Kemendikbud & Dikti.

Tapi najan saabreg kasibukanana, Prof. Ulfiah teu poho ka lingkungan masarakat sabudeureun tempat panganjrekanana di Komplek Bukit Permata Cinunuk Cileunyi Bandung. Sapertina waé dina saban kagiatan kaagamaan majlis ta’lim Al-Ikhlas, nu teu weléh nyempetkeun ngiring ngeusi pangajian.

Kiwari, ieu Guru Besar, dipercaya jadi Dekan Fakutas Psikologi UIN SGD Bandung. Dina harepanana, geusan jadi fakultas nu unggul, kompetitif, jeung inovatif dina mekarkeun sarta ngalarapkeun psikologi dumasar kana niléy-niléy Islam moderat di Asia Tenggara taun 2029.

“Mudah-mudahan, dibarung ku gaduh élmu psikologi mah, atuh mahasiwa sareng alumnina tiasa nebarkeun atanapi da’wah kamulyaan Islam nu langkung pikabitaeun dina sagala widang, kalebet dina widang politik,” ceuk ibu rama M. Rif’at Al- Razi, S.I.Kom, M.I.Kom sareng Fatya Nabila. S. Ked., nutup obrolanana.

Edisi majalah: 2995

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Tamu

KH. Jeje Zaenudin; Ukhuwah Islamiyah Sarana Katingtriman Bangsa

Ilaharna, dina kaayaan kahirupan nu keur dirungrum ku lobana kahariwang, sok teu...

Tamu

Prof. Cecep Darmawan; Waktuna Jabar Némbongkeun Kakuatan di Tingkat Nasional

Larapna démokrasi saperti Pilkada Jabar 2024 ka tukang-tukang, lain semet milih pamingpin,...

Tamu

Wahyudin Iwang; Loba Invéstor Kotor Alatan Aturan Henteu Peurahan

‘Alam ngajaga urang, urang ngajaga alam’. Ieu kekecapan, negeskeun, yén dina ngurus...

Mo Sidik, Komika nu kasohor. (foto: istimewa)
Tamu

Mo Sidik: Di Tatar Sunda Humor Jadi Budaya

Urang Sunda mah resep heureuy. Tina ngabanyol téh sok tuluy jadi bukur...