Widang politik mah éstuning ukur bagéan tina rupa-rupa kahirupan. Lantaran kitu, dina sawangan agama (Islam), larapna politik ogé bagéan perkara anu landasanana ulah pegat tina wahyu. Kituna téh sangkan éta larapna politik bener-bener bisa ngahontal kahadéan, karaharjaan, kamaslahatan, tur kaamanan keur umat atawa rayatna. “Hadirna ajén-ajén agama dina politik ogé kedah. Kituna téh supados kaayaan masarakat tur bangsana tiasa idéal, nyaéta ngawujud sapertos isarat wahyu, baldatun toyyibatun warobun gofur, nagri anu hadé nu salawasna aya dina ampunan Alloh Swt. Éta prinsip ageungna mah,” ceuk Prof. H. Supiana mimiti muka obrolan.
Upama ieu Guru Besar UIN nu pernah mancén Direktur Pascasarjana UIN SGD boga panitén kitu, lantaran larapna politik saperti ngahadirkeun pamingpin nu idéal, dina ageman Islam mah geus aya contona, nyatana Nabi Muhammad SAW. Nu mana dina periodeu Mekkah, salaku Rasul jeung tokoh agama. Atuh nalika periodeu Madinah, sagigireun Rosululloh, ogé minangka kepala nagara, pamingpin utama nu ngalarapkeun sipat Siddiq, Tabligh, Amanah, Fathonah. “Tuladan pamingpin idéal sawangan agama mah, tos jinek kacida. Rosululloh SAW parantos mampuh ngawujudkeun persatuan ogé ngahijikeun duduluran nu masarakatna hétérogen dumasar kana pituduh wahyu. Kitu deui, dina ngungkulan rupa-rupa pasualan teu weléh musawarah, nanjeurkeun kaadilan, nyumponan hak sareng kawajiban umat, ngalarapkeun toléransi, sareng hak asasi manusa. Janten, ieu ogé dasar pentingna pituduh wahyu dina larapna politik kiwari kanggo milih pipamingpineun téh,” pokna deui.
Kitu deui, larapna politik nu pakait jeung pribadi para calon pamingpin, masih ceuk ieu Doktor wedalan UIN Syarif Hidayatulloh Jakarta, témbong kacida, yén nu dicontokeun dina ajaran Islam mah, ngumatakeun pisan tumuwuhna silih hargaan kana kaunggulan masing-masing téh.
“Harita aya dua tokoh calon pamingpin nu unggul, Utsman bin Affan tokoh senior sareng Ali bin Abi Tholib tokoh yunior nu ‘alim. Nalika pingpinan sidang Abdurrahman bin Auf naros ka Utsman sareng Ali ku patarosan nu sarua: ‘Saha numutkeun anjeun calon pamingpin nu paling hadé?’. Utsman ngawaler: ‘Calon pamingpin nu paling saé nyaéta Ali bin Abi Tholib’. Kitu deui waleran Ali: ‘Calon pamingpin anu paling hadé téh nyaéta Utsman bin Affan’. Ahirna Utsman kapilih jadi kholifah. Saatos éta Ali nembé janten kholifah. Janten tiasa katingal, kumaha pituduh wahyu dina kamulyaan Islam, dugi ka masing-masing calon pamingpin ogé tiasa silih hargaan kana kaunggulan masing-masing,” ceuk ieu Professor nu perenan neuleuman élmu di Universitas Al Azhar Mesir téh.
Larapna, Ulah Pasalia
Paripolah mah mahala-mahayu. Mun goréng atawa sasab bakal nyilakakeun, mun hadé bakal nyenangkeun atawa ngabuahkeun kahadéan. Lantaran kitu, keur nguatan jati diri jeung numuwuhkeun katingtriman bangsa, kaasup ti para politisi nu geus maranggung, mangka ngalarapkeun ajén-inajén ajaran agama (Islam) ogé, ulah pegat. Sabab, lamun pegat mah, henteu mustahil dina nanjeurkeun bebeneran ogé bakal sasab. Jinekna, sangkan rupa-rupa kahirupan, tinemu kasuksésan, kaberkahan, kasalametan dunya ahérat, nya kudu nyurup kana landasan wahyu.



“Prinsip pentingna wahyu, sakumaha nu ditétélakeun waktu Rosululloh SAW ngadugikeun pesan penting ka kulawarga, ka sohabat sareng ka muridna; ‘Aranjeun moal nyasab dina kahirupan pami nyepeng amalan Kitabulloh sareng Sunnah Rosululloh’. Dua hal éta disebat wahyu. Di nagara urang nu mayoritas muslim ogé, kantenan panduan wahyu téh penting kacida keur neuleuman élmu jeung mageran paripolah. Da geuning, di nagara batur (barat) mah, ngélmu téh teu nganggo landasan wahyu, nepi ka jalmina janten sekulér, nu nganggap teu aya hubungan antara agama jeung budaya,” ceuk Prof. Supiana, nu ogé istiqomah ngawanohkeun konsep wahyu mandu élmu di UIN SGD Bandung ngaliwatan program integrasi jeung interkonéksi, nalika ngabahas ayat-ayat Qauliyyah jeung Qauniyyah.
Pentingna surahan wahyu atawa dasar-dasar Islam al-Qur’an jeung hadits dina kahirupan politik, masih ceuk ieu Guru Besar teureuh Sunda Kuningan Jawa Barat, sangkan para politisi ogé bisa mageran paripolahna. Hartina, naon nu diucapkeun jeung nu geus dijangjikeun, henteu pasalia jeung prakna. Pituduh wahyu atawa dina Al-Qur’an jinek kacida, Alloh SWT kacida benduna jalma anu omonganana pasalia jeung lampah paripolahna (Q.S 37:3).
Jinekna, masih ceuk ieu pangarang buku ‘Metodologi Studi Islam‘, sangkan mekarna politik numuwuhkeun katingtriman bangsa, atuh para politikus ogé, lian ti kudu luhung élmuna, jembar budayana, ogé kudu pengkuh agamana. Ku cara kitu, naon nu diucapkeun, bakal luyu lantaran haté jerona geus dibimbing ku wahyu ajaran agamana. “Normatifna mah kitu. Wahyu téh kadudukan salaku pituduh jalan kabeneran jeung kasalametan (Q.S 2:2). Anapon pami jalma nu pinter tapi teu bener alias pinter kabalinger mah, atawa ngarti agama tapi ngalanggar aturan agama, éta jalma geus puguh ku Alloh dibendu, lantaran teu mampuh nedunan ujian hirup, teu kuat merangan hawa nafsu sétan ti hareup, ti tukang, ti gigir. Numawi kitu, éta panyawat, lian ti kedah waspada, ogé kedah dilandongan, nyaéta ngalangkungan atikan anu luyu, luhung élmuna, pengkuh agamana, tur jembar budayana. Atikan ieu saleresna nu nyurup kana konsep wahyu memandu ilmu anu muarana Rohmatan Lil’alamiin. Janten Rohmat kanggo sadaya umat tur mahluk lianna,” ceuk ieu Guru Besar Pendidikan Islam nu teu weléh sok nepikeun bagbagan agama ku basa Sunda.
Ludeung Nepikeun Pangabisa
Mimiti ti kulawarga. Ti dinya, awal ngalalakon hirup téh. Kumaha waé, mun ayeuna bisa hirup jeung huripna, lantaran kanyaah kulawarga. Hirup dijurung kanyaah indung, lunta mawa pangjiad bapa. “Karaos pisan kanyaahna ibu rama téh,” ceuk Prof. Dr. H. Supiana, M.Ag, CSEE., nineung ka mangsa leutik di tempat purwadaksina Désa Paninggaran Kacamatan Darma Kabupatén Kuningan.
Yayan (kitu ngaran landian Prof. Supiana keur leutik) deuih ngararasakeun hirup di lingkungan lembur téh, mawa barokah. Alamna nu subur, kagambar dina cur-corna cai, wahangan, susukan, kokocoran jeung pancuran, jadi pangrojong suburna tatangkalan. Atuh, urang lembur gé lakar daék, da keur nyumponan kabutuh sapopoé gé teu kudu hésé. Pola hirup basajan urang lembur kitu, keur Yayan ogé jadi ngahudangkeun sumanget geusan jaga bisa jadi jalma junun kalawan dibarung ku pasipatan Sunda nu soméah hadé ka sémah. Mana, sangkan tinekanan, sepuhna (Bapa Halimi sareng Ibu Nioh) mah teu weléh ngatik ku cara nguatan élmu agama jeung umum. “Sepuh mah, utamana ngawajibkeun pisan kedah tiasa ngaji atanapi diajar Agama di masjid sareng madrosah,” ceuk Prof. Supiana nu ti leuleutik geus boga cita-cita hayang junun saperti Pa Daud Yusuf (Menteri Pendidikan & Kebudayaan di era Orde Baru, 1978-1983).


Yayan putra kalima tina salapan dulur, mémang kaasup pinter. Acan deui aya di lingkungan sosial nu pinuh ku duduluran, éta ogé mangaruhan kana pangrujung kakuatanana geusan lunta nyiar luang diajar jeung pangalaman. Cindekna, sanggeus bérés sakola ti SDN Cipasung taun 1974, PGA Darma opat taun atawa PGAN Talaga genep taun, Yayan ogé jadi gesit neruskeun kuliah deui ka IAIN Cirebon ’84 nempuh Sarjana Muda. Teu cukup ti dinya, neruskeun deui S1 IAIN Bandung taun 1987. “Margi di kampus dibarung ogé neuleuman élmu agama di Pasantren Bustanul Wildan Cileunyi, atuh haté ogé beuki hoyong deui neraskeun kuliah. Mana saterasna mah abus wé ka S2 IAIN Jakarta taun 1994, ogé S3 masih di UIN Jakarta nu réngsé taun 2008,” ceuk ieu Guru Besar widang Pendidikan Islam nu teu weléh nineung ka mangsa baheula, lantaran sasatna bisa miang tina kanyaah kulawarga nu ahirna mawa berkah dina nyorang hirup jeung huripna nepi ka kiwari.
Lalakon nyiar élmu deui, loba neuleuman ti guru-guru nu ahlina boh sacara nasional boh internasional. Saperti ti Prof. Harun Nasution nu katelah disiplin, rasional, jeung ahli dzikir. Kitu deui ti Prof. Komarudin Hidayat. “Malihan waktos harita, panalungtikan disertasi pribados ngeunaan Pendidikan Madrasah Aliyah Unggulan di Jawa Barat, tiasa kapilih minangka disertasi unggulan nu dimedalkeun ku Kemenag RI. Dugi ka muka lawang janten tiasa diajar ngeunaan tradisi akademik di Universitas Al Azhar Mesir,” ceuk ieu panitén kaislaman nu kamari-kamari ieu jadi narasumber ngeunaan Integrasi jeung Interkoneksi Pengetahuan Agama di Universitas Malaya, Islamic International University of Malaysia.
Kiprahna di almamater UIN, Prof. Supiana ogé lungsur langsar. Najan patali jeung karir di kampusna kasebutna neté tarajén nincal hambalan saperti perenah ogé mancén Wakil Dekan Tarbiyah & Keguruan, tapi ahirna mah kabiruyungan mancén tugas puncak lembaga paélmuan, nyaéta jadi Direktur Pascasarjana UIN SGD mangsa 2020-2023. “Seueur nu ngarojong nyepeng amanah janten Direktur Pascasarjana téh. Saur nu sanés, cocog sareng kaayaan lembaga nu kedah dipingpin ku jalmi nu jembar manah, daria, disiplin sareng low profile. Kitu deui saterasna, sami dipercanten kedah mancén Ketua Konsorsium WMI (Wahyu Memandu Ilmu) UIN SGD,” ceuk ieu carogé Ibu Hj. N. Sri Mulyati téh.
Kiwari, najan sibuk saabreg kagiatan di kampus, ieu pupuhu Yayasan Pendidikan Islam Nurul Hoesna ogé, ngadosénan ka kampus daérah saperti ka Universitas Islam Singaparna, jeung aktif di pangurus PUI Jawa Barat. “Lian ti nedunan tugas di lingkungan akademisi, ogé alhamdulillah tiasa caket sareng aya jalan kanggo marengan umat, boh di Bandung atanapi pami nuju ngalongok ka lembur Darma di Kuningan,” ceuk ieu rama Lusi Luthfiati Isaosis, Alfan Najah, Ami Nurbaiti, sareng Ilman Najah nutup obrolanana.
Edisi majalah: 3000
Leave a comment