Poténsi atawa pakaya nu dipiboga ku Jawa Barat tur kamampuh pangeusina pepek pisan. Pangna kitu, saha waé nu bakal jadi pamingpin, kudu mampuh maheutkeun kaunggulan jadi cukang lantaran rayatna raharja ogé pangwangunana walatrana. Jinekna, kudu nu masagi atawa luyu jeung kritéria harepan rayatna. Naon téa? Prof. Dr. Drs. H. Entang Adhy Muhtar, M.S., Guru Besar FISIP Universitas Padjadjaran nepikeun kamandangna ka Manglé.
Jawa Barat teu weléh jadi pangjugjugan jeung pangirutan. Kituna téh, lantaran alamna nu subur, padumukna nu soméah, ogé jarakna nu deukeut jeung ibu kota pamaréntahan atawa jeung pusatna ékonomi bangsa. Ninggang kaayaan kitu, mangka henteu anéh upama jadi beuki loba nu bumetah jeung loba kagiatan ékonomi di Jawa Barat, kaasup kana ketak pamaréntah pusat dina ngalarapkeun pangwangunan skala nasionalna.
Prof. Dr. Drs. H. Entang Adhy Muhtar, M.S.
“Nilik kana poténsi atanapi kaunggulan Jawa Barat mah, sakitu matak reueusna. Alamna nu subur, ditambih jarak nu caket ka ibu kota nagara, ngajantenkeun ieu wilayah janten seueur kaunggulanana. Numawi kitu, tangtos harepan mah, éta poténsi tiasa langkung janten cukang lantaran karaharjaan nu walatra,”
Mimiti muka obrolanana ka Manglé waktu tepung nyalsé di bumina Jalan Neptunus Raya Blok K-II nomer 76 Margahayu Raya Kota Bandung.
Upama ieu Guru Besar Administrasi Publik FISIP Unpad boga panitén kitu, lantaran upama ditilik sacara geografis mah, peta pangwangunan Jabar kaasup unik. Aya nu disebut Jabar Selatan atawa pakidulan, Jabar kalér atawa pntura, jeung Jabar tengah. Atuh kamekaran pangwangunan di sababaraha bagéan éta wilayah ogé, béda-béda. “Sareng deui, pami ditilik tina aspék kamekaran pangwangunan mah, saban bagéan éta wilayah, béda-béda atanapi tiasa disebat tacan walatra. Rupina, ieu ogé kedah janten tinimbangan para calon pamingpin Jabar kapayunna sangkan pangwangunan sarana patalimarga antar wilayah tiasa langkung ningkat deui. Ku cara kitu, mangka hontalan pangwangunan nu walatra téh bakal tiasa kaungkulan,” ceuk ieu alumni Public Administration (S2) Universitas Gadjah Mada tandes.
Nilik kana lobana poténsi jeung butuhna cara sangkan jadi lawang karaharjaan, atuh rayat ogé ilaharna neundeun harepan ka para pamingpinna. Jinekna, éta calon pamingpin dina Pilkada Jabar 2024, saperti keur gubernur, bupati atawa walikota, mémang nu payus bakal mawa harepan rayat Jabar sakumna.
Kriteria Pamingpin Harepan
Aya paribasa, ‘lauk buruk ti huluna’. Atuh, payus lamun urang mikiran nu kumaha calon pupuhu nu masagi tur baris ngaronjatkeun harkat darajat rahayatna. Lain ari neumbleuhkeun ka pamingpin mah. Ngan, di mana-mana ogé pamingpin daérah sok jadi simbol nu ngawakilan pasipatan rahayat nu dipingpinna.
Tah, keur nyurahan pentingna kaunggulan pamingpin di Jawa Barat, atuh ieu pangarang buku ‘Kebahagiaan Orang Desa’ wedalan Mujahid Press ogé, nepikeun kriteriana. Naon téa? Kahiji kudu boga track record atawa prestasi nu hadé. Sing saha waé nu baris hayang jadi pamingpin saperti calon gupernur Jabar, kudu nu geus puguh pangalamanana. “Calon pamingpin mah tos katingal track record atanapi puguh pangalamanana. Margi ari nu namina pamingpin mah teu tiasa dadakan atanapi asal-asalan,” pokna témbrés.
Kadua, pamingpin kudu dipikanyaho balaréa atawa istilahna populér. Ngan, ceuk ieu pangurus Asosiasi Ilmuwan Administrasi Negara (ASIAN) Pusat, disebut populér téh lain hasil rékayasa tapi alatan boga préstasi. “Sanaos terkenal atanapi populer, tapi pami teu gaduh préstasina mah, bakal nimbulkeun résiko, di antawisna bakal tiasa mandeg dina ngalarapkeun program jeung ngajalankeun pamaréntahanana. Margi kitu, nu populér ogé kedah nu gaduh préstasi,” pokna deui.
Katilu, nyaéta nu ngagaduhan sipat pro poor atawa nyaah ka nu leutik. Ilaharna, ceuk ieu carogé Dr. Dra. Hj. Atik Rochaeni, M.Si. (Dosen Fisip UNJANI), nu disebut rayat leutik téh, masarakat nu miskin téa, nu bener-bener butuh panyalindungan ti para pamingpinna. Palebah deui, pamingpin kudu boga tatali batin nu jadi dadasar kanyaah ka rahayatna. Sakurang-kurangna bisa neuleuman jerona-jerona haté urang Jawa Barat. Tah, nu kawas kitu, bener-bener pamingpin nu ngahiji jeung rahayatna, lir lauk jeung caina. “Pamingpin nu ngahiji, nu gaduh komitmen kanggo babakti sagemblengna, daék digawé sataker kebek keur ngangkat martabat nasib rayatna. Éta pasipatan pro poor. Pamingpin Jabar kapayun ogé kedah kitu,” pokna téh.
Kaopat, nu boga jaringan kuat. Nurutkeun ieu penulis jurnal judul ‘Pelayanan Publik di Indonesia Dalam Perspektif Kultural’, wangunan komunikasi ti nu jadi pamingpin téh penting kacida. Lain ukur keur ngungkulan pangwangunan saperti masalah investasi, tapi ogé komunikasi keur gancangna ngungkulan pasualan rayat di tingkat nu paling handap. Kalima, pamingpin nu agamis. Kukumaha ogé, rayat Jabar mah dalit pisan jeung agama. Lantaran kitu, jati diri éta pamingpin kudu luyu jeung jati diri rayatna nu dalit kacida jeung agama.



Kriteria kegenep bisa ditarima ku sakumna rayatna. Dina panitén ieu Guru Besar teureuh Cirebon, kukumaha ogé, Jawa Barat mah unik. Boh wilayah géografisna atawa pasipatanana. Saperti idéntitas jeung karakter urang Jabar selatan/pakidulan jeung Jabar Utara atawa Pantura, éta ogé sok aya bédana, kitu deui jeung Jabar tengah. Ieu nuduhkeun, pamingpin Jabar mangsa datang, bisa mawa warna nu ngahijikeun nu béda téa. Kitu deui sabalikna, pamingpin mampuh ogé bertahan/resistensi. Lantaran nurutkeun Prof. Entang, kukumaha ogé, pasti aya pihak nu henteu suka, boh ti lawan politikna atawa nu ngajaha keur ngagoda sangkan kairut ku kapentinganana.
Kiwari calon pamingpin nu bakal ancrub dina Pilkada Jabar geus beuki sahéng. Kasangtukangna ogé rupa-rupa, kaasup aya ti kalangan artis. Palebah dieu, ceuk Profesor nu kiwari mancén Asesor Badan Akreditasi Nasional (BAN PT), upama téa mah aya calon pamingpin ti kalangan artis ogé, teu masalah, salila luyu jeung kriteria nu jadi harepan rayatna. Lantaran éta mah mémang hakna téa.
Nataharkeun calon pamingpin deuih, moal leupas tina peran partéy politik. Pangna kitu, nurutkeun Guru Besar nu sering diangkir narasumber di Nusantara, partéy politik ogé henteu asal-asalan milih calonna, tapi dumasar kana tinimbangan nyumponan kriteria jeung gedéna harepan rayatna ka éta calon pamingpin nu dijagokeunana.
Putra Buta Hurup, Jadi Profesor
Pangalaman hirup mangsa lawas, teu weléh jadi peurah. Sapertina waé, tina pangalaman loba kadaék diajar, ludeung organisasi, nurutkeun kana papatah kolot atawa tarapti dina ngalarapkeun paripolah. Tah, nu kawas kitu ogé kaalaman pisan ku Prof. Dr. Drs. H. Entang Adhy Muhtar, M.S. dina lalampahan hirupna.
Prof. Entang Adhy Muhtar téh, teureuh Cirebon nu lahir 4 Méi 1958. Jinekna gubragna ka alam dunya di lembur Jatiseeng Kidul Kacamatan Ciledug Kabupatén Cirebon. Atuh, upama kiwari junun jeneng nyangking guru besar di paguron luhur kawentar Fisip Universitas Padjadjaran, singhoréng keur leutikna mah teu ngimpi-ngimpi acan. Malah dina ati sanubarina mah, éstuning jajauheun pisan. “Atuda, ceuk saréat mah tetebiheun pisan badé tiasa kawas ayeuna téh. Margi sepuh pribados mah mah kasebatna buta hurup. Sanés kulawarga aya sareng nu nyakola. Namun alhamdulillah, sanaos sepuh mah patani sareng padagang icalan tahu genjrot di lembur, tiasa nyandak barokah. Pun biang ogé, sanaos henteu sakola tapi kana maos al-Qur’an mah pinter. Janten, henteu kabayang pisan harita mah. Nu aya, mung cekap hoyong sakola, hoyong ngangkat darajat kulawarga,” ceuk Prof. Entang nineung ka mangsa baheula.
Boga udagan hayang sakola kitu kalawan dibarung ku kanyaah sepuhna (Alm. Tarwan sareng Almh. Hj. Sutiah Barokah), ieu putra ka opat tina lima sadulur, jadi soson-soson diajar, boh keur di SDN Jatiseeng Kidul, di SMPN Ciledug atawa keur di SMAN Sindanglaut Cirebon. Hasilna? sering kaasup nu unggul dina préstasina. Ngan dina hiji mangsa mah, Entang perenah bingung, lantaran keur SMA, sepuhna ngajurung bari milu masantrén ka Buntet Cirebon. “Harita gé ngiring ngaos, ngobong di éta pasantrén. Mung henteu lami ukur genep sasih, lantaran kantos teu damang,” ceuk Entang deui sabari teu weléh nepikeun rasa sukurna, lantaran tina pangalaman masantrén dibarung ku sering diajar agama mangsa leutik, nepi ka ayeuna sok jadi cahya atawa ‘obor’ dina lalampahan hirup saterusna.
Réngsé, SMA tékad hayang terus diajar beuki ngagedur, utamana kukumaha oge hayang sakola ka Bandung. Harita taun 1976, biur we ka Bandung kalawan ditarima di Akademi Pertanian Nasional. Ngan di éta paguron henteu lila, lantaran sataun ti harita katarima kuliah di Administrasi Publik FISIP Unpad. “Bingah nu taya hinggana tiasa ditampi di kampus Unpad. Atuh sumanget diajar dibarung ku hoyong ngabuktoskeun ka sepuh sareng nu utami kanggo ngangkat darajat kulawarga, beuki ngagedur lantaran aya jalanna téa,” pokna deui. Mana ceuk ieu rama Imanuddin Azhari, SAP., Annisa Fitriana. M.Psi., sareng Salsabila Aini, SAP. ogé, waktu kuliah mah loba diajarna kana naon ogé, kaasup diajar di organisasi. Saperti di DKM kampus nu ahirna perenah jadi ketuana, di BEM ogé milu aktif di HMI. Mangpaatna loba kacida, utamana jadi beuki nguatan jati diri, boh dina mageran paripolah atawa dina nyurahan élmu bagéan tina kaum inteléktual.
Hasil soson-soson diajar jeung loba aktif, jadi beuki mawa harepan. Atuh, sabada lulus sarjana, Entang ogé, henteu lila kabiruyungan diangkat PNS jadi dosen di almamaterna. Atuh, keur nguatan élmu deui, rojongan neruskeun ka S2 nu harita ka UGM atawa S-3 di Unpad ogé lungsur langsar, katambah loba nu ngarojongna. “Seueur nu ngarojong janten nambih sumanget diajar, kalebet waktos neraskeun S2 di UGM. Malihan di éta kampus deui, tiasa seueur nimba élmu kalebet élmu diri nu patali sareng éndah jeung ni’matna hirup basajan,” ceuk ieu Profesor nu sering nepikeun kamandangna ngeunaan pentingna pangwangunan di padésaan.
Kiwari, di tengah-tengah kasibukanana, saperti ngajar di kampus jeung jadi panyatur di sababaraha seminar, Profesor ogé tara ninggalkeun kana kagiatan nu patali jeung kaagamaan. Kituna téh, lantaran dasar pribadina nu réligius ogé teu weléh neneda ka Gusti, sangkan naon rupa lampah jeung paripolah, janten landang amal ibadah. “Margi naon ogé amal, kalebet dina milari élmu, sadayana gumantung niatna. Pribados ogé neneda ka Gusti, mudah-mudahan naon nu tos dibaktikeun sareng lampah sajabina, tiasa janten ladang bekel ibadah, nu sadayana bakal uih ka Mantenna,” ceuk ieu Prof. H. Entang nu ogé mancén Ketua DKM Al-Muhajirin RW 08 Margahayu Raya, sarta keur naratas ngadegna Rumah Tahfid Qur’an di Arjasari Kabupatén Bandung, nutup obrolanana. (RH)
Katgam :
- Prof. H. Entang Adhy Muhtar
- Sareng kulawarga
- Waktu dileler Guru Besar Fisip Universitas Padjadjaran
- Dina salah sahiji kagiatan, ngajak para pamingpin sangkan sauyunan
- Jeung sobat-sobatna. Teu weléh pada ngarojong kana karir Prof. H. Entang Adhy Muhtar
Edisi majalah: 2989
Leave a comment