Islam téh ajaran nu universal, rembes nyerep meuntasan wates-wates sélér, ras jeung budaya. Ari budaya Sunda mah budaya nu kacida bruk-brakna kalayan narima sacara positip ajén-inajén anyar, nu bisa jadi cukang lantaran kahirupan leuwih maju tur dinamis. “Niléy-niléy kasundaan jeung ajaran Islam, dina padangan sosiologi mah, aya hubungan integrasi dina modél akulturasina. Margi kitu, salaku urang Sunda nu umumna madoman kana ajaran Islam, dina mayunan alam kakiwarian ogé, kantenan saéna panceg Islamna kuat jati diri kasundaanana,” ceuk Prof. Dr. H. Deni Miharja, M.Ag., Guru Besar Ilmu Studi Agama-Agama Universitas Islam Negeri (UIN) SGD Bandung basa ngamimitian ngobrol jeung Manglé.
Hayang tepung jeung ieu pakar Studi Agama-Agama UIN SGD Bandung nu ogé panalungtik Islam Sunda mémang teu babari. Lantaran, ieu Guru Besar keur loba kasibukanana ngalaksanakeun pancén jadi Kepala Pusat Penelitian jeung Penerbitan UIN Sunan Gunung Djati Bandung, nu harita ogé keur maheutkeun gawé bareng widang penelitian, pangabdian masarakat, Studi Gender & Hak Anak jeung LP2M UIN SUKA Yogyakarta.
Nyaritakeun, Islam jeung Sunda, ceuk ieu pangarang buku ‘Islam dan Budaya Sunda’, mémang teu weléh matak jadi perhatian. Sok komo dina mangsa nu terus robah, tangtu alam pikiran jalma ogé bakal terus robah, kaasup urang Sunda jeung agamana. “Tah palebah istilah ogé, boh Islam-Sunda, Sunda-Islam atanapi Sunda-Islami, éta nuduhkeun hubungan nu silih ngiatan pisan. Anapon asal-muasalna, sahenteuna aya dua paktor. Kahiji, mangrupi stratégi budaya urang Sunda keur nyegah asupna paham komunis taun 1965. Kadua, mangrupi stratégi da’wah ogé kanggo ngiatan paripolah urang Sunda dina ngamalkeun agamana, nu mana antawis niléy-niléy kabudayaan urang Sunda teu aya nu patojaiyah sareng ajaran agama Islam. Éta intina mah,” ceuk Prof. Deni Miharja tandes.


Ngalarapkeun padika hirup sawadina henteu leupas tina padoman ajaran agama nu dikuatan ku papatah karuhun Sunda ogé. Lantaran kitu, ceuk ieu teureuh Tatar Galuh Pamarican Ciamis, dina kakiwarian ogé, istilah Islam Sunda kudu terus ditebarkeun, nu hususna ogé ka generasi nonoman. “Prinsipna, kabudayaan Sunda ngagaduhan niléy-niléy luhur nu saluyu sareng ajaran Islam. Ku kituna, supados henteu pareumeun obor, para santri, para generasi muda Sunda Jawa Barat ogé kedah terang sareng wanoh kana istilah Sunda Islam atanapi Islam Sunda, nu saterasna dilarapkeun dina paripolahna. Luhur jatidiri budaya Sundana ogé pengkuh dina ngamalkeun agama Islamna,” pokna deui.
Saterusna, lantaran urang geus narima budaya titinggal karuhun nu henteu patojaiyah jeung ajaran agama, mana ceuk Prof. Deni, urang ogé bakal janten karuhun kanggo generasi mangsa jaga. Hartosna, upama téa mah aya nu matak sasar, atuh sawadina nu kitu ulah diwariskeun deui, supados generasi saterasna henteu matak sasar téa.
Nyurahan pentingna Islam-Sunda, tangtu ceuk ieu pengurus Wargi Galuh Puseur jeung Yayasan Galuh Taruna, lain ukur ngaréngkol dina istilahna wungkul, tapi kudu dilarapkeun dina paripolah kahirupan sapopoé. Lantaran kitu, konsép Islam-Sunda kudu disebarkeun, nu lain waé jadi tugas para juru da’wah atawa paguron luhur Islam di Jawa Barat saperti UIN SGD, tapi ogé jadi tugas pamaréntah ngaliwatan MUI. “Ngiatan niléy-niléy kaarifan lokal sapertos budaya Sunda, intina ngarojong lumangsungna kahirupan nagara Republik Indonesia. Margi kitu, ka para cendekiawan, pamaréntah sareng masarakat di Jawa Barat kedah gaduh perhatosan nu langkung jembar kanggo ngawanohkeun konsép Islam-Sunda atawa Sunda Islam. Ku cara kitu, Insya Alloh kahirupan kaagamaan bakal lumangsung guyub, rukun antawis umat beragama,” pokna deui.
Salila ieu, ketak Islam-Sunda dina panitén Prof. Deni, geus témbong dina sababaraha kagiatan. Sapertina waé di lingkungan kampus UIN Sunan Gunung Djati Bandung, kagiatan Maulid Nabi Muhammad SAW atawa Hari Santri Nasional geus ngalarapkeun konsép nu ngadumaniskeun ajaran Agama Islam jeung niléy budaya Sunda. Dina widang paélmuan ogé, aya ketakna, saperti medalna tarjamahan Al-Qur`an Sunda nu harita dialpukahan ku Prof. Dr. H. Rosihan Anwar (Rektor UIN SGD kiwari). Kitu deui di UNPAS aya lembaga kajian Islam jeung Budaya Sunda. Atuh, lingkungan pamaréntahan jeung kagiatan pangajian masarakat muslim saperti di majlis-majlis ta’lim ogé, teu weléh nepikeun pupujian Sunda. Ustadna nepikeun ku basa Sunda. Dina tradisi walimahan, nikahan, nyunatan, sukuran opat bulanan kakandungan, tahlilan, tradisi haul, jeung sajabana, éta geus nyurahan tradisi tina hasil mulyana Islam jeung mulyana kaluhungan budaya lokal Sunda.
“Masarakat Sunda parantos ngalarapkeun kaislamanana dibarengan budaya lokalna. Lantaran kitu, para mubalig di Jabar atanapi MUI ogé kedah teras nebarkeun da’wah Sunda téa. Patali jeung rujukan paélmuan, gerakan nyunda-nyundakeun kitab konéng ogé kedah diteueulkeun deui. Sapertosna waé kitab konéng al-Lam`ah al-Nuraniyyah karya ulama Sunda teureuh Garut, Syaikh Mustafa Utsman al-Qaruthi al-Jawi (Syaikh Musthafa Garut). Tangtos pami ditarjamahkeun kana basa Sunda mah, masarakat lokal ogé bakal tiasa langkung paham. Kitu deui kitab-kitab konéng lianna,” ceuk ieu pangarang buku-buku jeung artikel-artikel ilmiah kaislaman jeung kasundaan, saperti buku jeung artikel jurnal Ekspresi Keagamaan Masyarakat Betawi, Keberagamaan Masyarakat Kasepuhan Sunda, Persentuhan Agama Islam dengan Kebudayaan Asli Indonesia, Sistem Kepercayaan Awal Masyarakat Sunda, Nilai-Nilai Spritual Kebudayaan Macan Putih, Peran FKUB dalam Menyelesaikan Konflik Keagamaan di Jawa Barat, Tradisi Wuku Taun sebagai Bentuk Integrasi Agama Islam dengan Kebudayaan Sunda, jeung buku-buku lianna.

Nyurahan Politik Sunda
Dina hirup kakiwarian, utamana dina widang politik, tangtu keur masarakat Sunda ogé, teu leupas tina paktor dalitna Islam Sunda nu témbong di masarakat. Pangna kitu, ceuk Prof. Deni ogé, sikep urang Sunda dina politik ogé bakal luyu jeung pandangan hirupna, nyaéta nu ngakar kana niléy-niléy kaislaman jeung budaya Sunda.
“Dina widang politik, urang Sunda mah, teu weléh nyurup kana prinsip papatah luluhurna. Saperti, kudu nyanghulu ka hukum, munjung ka nagara, mupakat kabalaréa. Ieu ngagaduhan hartos, réhna urang Sunda kedah taat hukum, mihak ka nagara, ogé sadayana kedah hasil mupakat balaréa. Numawi kitu, harepan politikna téh, kedah nyandak kamangpaatan sareng kamaslahatan kangge kahirupan rayat sareng nagara. Mana, kekecapan ‘silih asih, silih asah, silih asuh’, nu luyu sareng ajaran Islam, kedah teras janten modal sareng ciri politik urang Sunda,” ceuk Prof. Deni nu teu weléh ngarojong kampusna, utamana Fakultas Adab & Humaniora sangkan naskah-naskah kuno basa Arab atawa nu masih dina basa deugeun kénéh, bisa ditarjamahkeun kana basa Sunda atawa ogé medalna tafsir paribahasa Sunda.
Nebarkeun Islam Sunda
Sanggeus kasinugrahan Guru Besar Studi Agama-Agama, UIN SGD Bandung, Prof. Deni Miharja langsung dipercaya keur mupuhuan Kepala Pusat Penelitian & Penerbitan LPPM UIN Sunan Gunung Djati Bandung, mangsa bakti nu kadua kalina (2019-2023, 2023-2027). Dina ngahontal harepanana, ieu lembaga geusan jadi pinunjul, kompetitip jeung inovatif dumasar kana konsep ‘wahyu memandu ilmu’ nu didadasaran ku ahlakul karimah. Anapon programna, nyaéta ngayakeun panalungtikan jeung penerbitan & publikasi ilmiah, ngarumuskeun jenis-jenis klaster panalungtikan, kolaborasi jeung pamaréntah atawa lembaga swasta, ngawal tiap panalungtikan jeung medalkeun karya para dosen, ogé ngarojong medalna buku-buku Islam Sunda.
“Kalebet program patali jeung nebarkeun Sunda Islam, diantawisna ngadugikeun ka para dosen dina waktos sosialisasi, sangkan ditalungtik deui kalawan jero jeung ilmiah, nu saterusna bisa diterbitkeun ka publik. Sapertosna waé, nyunda-nyundakeun naskah kuno sareng tafsir ayat-ayat budaya atanapi paribasa Sunda téa,” pokna deui.
Mancén lembaga panalungtikan jeung penerbitan, nu dirasakeun ku Prof. Deni téh, éstuning mawa barokah. Di antarana waé, lian ti jadi sering ngalanglang Nusantara keur babarengan jeung paguron luhur lianna dina raraga ningkatkeun ajén panalungtikan, ogé bisa ngarumuskeun pedoman panalungtikan jeung pangabdian masarakat ka saban daerah, utama ka lembur sorangan. “Tah, nalika aya rancangan badé dibentukna IAIN Pangandaran ogé, pribados dilebetkeun kana tim Komite Pendirian IAIN Pangandaran, kanggo ngarumuskeun pedoman widang penelitian jeung pangabdian masarakat. Kantenan, kénging tugas éta, matak bingah kacida. Margi tos cita-cita ti kapungkur, hoyong ngabdikeun élmu ka lembur nyalira di Jabar pakidulan. Pribados putra Tatar Galuh, nu tangtos ogé sakedikna uninga kumaha perkembangan daérah Pangandaran,” ceuk ieu carogé Hj. Encum Sumirah, M.Ag. témbrés.
Anapon tugas lianna di antarana waé, ngarékap laporan ahir panalitian para dosen nu meunang hibah penelitian Litapdimas taun 2023, nyukséskeun hasil panalitian para dosen nu panghadéna tur diajukeun meunang hak Paten ti Kemenkumham, sarta kagiatan seléksi proposal keur meunang bantuan hibah Litapdimas taun 2024.
Ngalarapkeun Papatah Sepuh
Deni Miharja lahir 25 Agustus 1977 di Pamarican Kabupatén Ciamis. Ti keur leutik atawa rumaja kénéh, boh di sakola SDN Taman Sari Kertahayu atawa di SMPN I Pamarican, geus témbong sumanget diajarna. Mana, sepuhna (Bapa Iron sareng ibu I. Sumiati), satékah polah rék mentingkeun sakola budak, nu mudah-mudahan jaga bisa junun.


“Sepuh mah moal ngawariskeun harta, mung ngawaris ku élmu, nyaéta nyakolakeun hidep. Margi kitu, kudu soson-soson sareng kudu merih (tirakat), ogé sumanget dina nyuprih élmuna, ulah hilap ibadah ka Alloh sareng jaga solat lima waktu ulah dugi kaliwat,” ceuk Deni nirukeun papatah sepuhna mangsa baheula.
Papatah kitu, ku Deni ogé terus dilampahkeun kalawan ti waktu ka waktu jadi beuki ngagedur sumanget diajarna. “Mana sabada lulus SMA, luyu sareng cita-cita alit, daftar AKABRI. Harita ngiring seléksi, mung tahap pra pantohir, gagal!. Ti dinya, émut deui kana papatah sepuh, cenah, nu penting nyiar élmu baé. Matak langsung daftar ka UIN SGD, kalawan alhamdulillah ditampi. Rupina Alloh SWT parantos nakdirkeun jalan kasaéan. Di UIN deuih, hoyong janten jalmi nu berilmu sareng gaduh wawasan kaagamaan. Gaduh kahoyong kitu dibarung ku ihtiar maksimal sareng doa, alhamdulillah tiasa S2 sareng lebet PNS formasi Dosen taun 2004. Teras S3 kalawan béasiswa angkatan pangpayunna ti Diktis Kemenag nu harita disebat Program 5.000 Doktor atanapi pami ayeuna mah program BIB LPDP Kemenag, prodi Ilmu Perbandingan Agama (Religious Studies),” ceuk Prof. Deni bari nineung ka mangsa harita.
Nyiar élmu, éstuning keur silih asih ku pangarti silih asah ku pangabisa. Lain ukur di kampus, tapi ogé di kulawarga jeung lingkungan panganjrekanana di Babakan Cikeruh Desa Cimekar Cileunyi Kabupatén Bandung. Salila nyiar élmu nepi ka bisa S3, ceuk Deni, alhamdulillah lungsur langsar, komo deui dibarung ku doa jeung kanyaah kulawarga, utamana ti bojona (Dewi Nuraeni, M.Ud). Malah, lian pangjurung doana, ogé ku kahémanna utamana dina palebah bunta-bantu ngungkulan ékonomi kulawarga, ku cara muka usaha jahit jeung ngajar barudak. “Mung nyakitu, tanggal 7 Agustus 2020, pun bojo ngantunkeun, dipundut ku Gusti Alloh Nu Maha Nyaah. Kantenan, kacida sedihna, margi pun bojo nu nyarengan tiasa diangkat janten PNS, tiasa lulus S3 sareng pait, manis, getirna kahirupan kaalaman dugi dipaparin amanah ku Gusti Nu Maha Suci turunan opat purta/putri. Namung lami-lami sadrah sumerah, rupina Gusti Alloh mah langkung nyaah. Mana émutan ogé sakuat-kuat henteu dugi kaleleban, tapi lempeng dina kayakinan guratan takdir ti Gusti Alloh nu Maha Kawasa nu kedah ditampi sareng ditarimakeun,” ceuk Prof. Deni Miharja téh.
Ngalaksanakeun pancén di rumah tangga, sanggeus teu katingal deui kanyaah indung utamana keur palaputrana, ceuk Prof. Deni mimitina mah karasa beurat kacida, utamana kudu ngasuh téa. Atuda, ma’lum barudak opatan, pami dihijikeun téh apan tara salilana akur. Sakapeung mah sok hareureuy nepi ka raéng careurik. Dina kaayaan kitu, H. Deni satékah polah ngupah-ngapéh adina nu ceurik téa. Dibébéjokeun, sangkan répéh. “Namung lami-lami mah, murangkalih haréman, sapertos biasa deui,” ceuk ieu Guru Besar nu hobi olahraga sasapédahan téh.
Najan geus narima ujian beurat, tapi lain hartina ngahontal harepan hirup kudu pegat. Mana, siang wengi teu kendat neneda pituduh kasaéan ka Gusti Alloh Nu Mahakawasa. Nya, ahirna sababaraha taun saatosna, Gusti Alloh masihan jodo deui, Hj. Encum Sumirah, M.Ag, teureuh Sedong, Kabupatén Cirebon, dugi ka ayeuna. “Alhamdulillah kénging jalan Gusti, kalawan dipasihan murangkalih deui,” ceuk ieu sepuh Nasywa Syahida Putri, Muhammad Iqbal Nugraha, Muhammad Ilham Muzaki, Nadine Almira Putri, sareng Nazla Almira Putri nu ayeuna kakara yuswa sataun dalapan sasih téh.
Kaayaan kulawarga, utamana palaputra beuki kuat deui. Atuh karir di kampus ogé lungsur langsar, nu puncakna, 1 Juni 2023 diangkat jadi Guru Besar, luyu jeung harepanana dina yuswa 45 taun. “Mudah-mudahan, nu penting saterasna, janten pribadi nu istiqomah, nu nyaah ka sahandapeun, ngahargaan ka sasama sarta ngahormat ka saluhureun, kalawan pareng janten jalmi nu mangpaat kanggo kampus sareng masarakat,” ceuk Prof. Deni nu sering dipercaya masarakat keur ngurus lembaga kaagamaan jeung sosial, sapertina waé jadi Ketua DKM Al-Barokah RW 14 Cimekar, ngokolakeun Madrasah Diniyah Nurul Iman jeung sajabana.*** Manglé édisi 2959
Leave a comment