Home Warta Tamu Prof. Dwi Atmono: Ngajak Sunda Makalang di Lembur Batur
Tamu

Prof. Dwi Atmono: Ngajak Sunda Makalang di Lembur Batur

Urang Sunda lunta jauh ninggalkeun sarakan, tangtu wé aya maksud. Lian ti keur metakeun tarékah sangkan bisa hirup jeung huripna, ogé keur nguatan tatali batin wargi-wargi Sunda sangkan laludeung makalangan dina rupa-rupa widang, kaasup dina pulitik.

Share
Prof. Dr. Dwi Atmono., M.Pd., M.Si., Guru Besar FKIP Universitas Lambung Mangkurat (ULM) Kalimantan Selatan teureuh Sunda
Prof. Dr. Dwi Atmono., M.Pd., M.Si., Guru Besar FKIP Universitas Lambung Mangkurat (ULM) Kalimantan Selatan teureuh Sunda
Share

Urang Sunda ayeuna mah jarambah. Lunta jauh ogé beuki ilahar, ngambah ka mana-mana kalawan bisa nanjung di lembur batur. Hartina, urang Sunda di jauhna, teu sing kurung batokeun! Lantaran sabada némbongkeun kamampuhan jeung pasipatan budayana, geuning loba nu saruksés malah jadi  bumetah. Tah kitu ogé nu témbong dina lalampahan Prof. Dr. Dwi Atmono., M.Pd., M.Si., nu kiwari jadi Guru Besar di Universitas Lambung Mangkurat (ULM) Kalimantan Selatan.

“Sanaos ayeuna, kasebatna sanés sémah deui di Banjarmasin mah, namung angger ari tatali batin mah, tibelat waé ka bali geusan ngajadi tatar Sunda, hususna ka lemburna di Garut. Mana kitu, sanaos gaduh kasibukan di kampus atanapi di luar kampus, tetep komunikasi sareng wargi-wargi Sunda nu kabeungkeut dina Formas, forum masarakat Sunda Kalsel mah henteu pegat, minimalna tiasa ngalangkungan grup WhatsApp,” ceuk ieu Profesor nu ogé jadi sesepuh Forum Masarakat Sunda Kalimantan Selatan, waktu tepung rinéh di salah sahiji rumah makan di Banjarmasin waktu ka tukang. Harita kabeneran wartawan Manglé jadi bagéan tim atlét Pingpong Porwanas 2024.

Miara tatali batin jeung dulur sabudaya di lembur batur, ceuk ieu teureuh Garut, mémang loba karasa pentingna. Lian ti keur nguatan sumanget hirup, ogé keur silih rojong dina rupa-rupa widang, saperti dina wirausaha, pendidikan, dina soal kapamingpinan ogé dina politik. “Malihan dina politik sareng kapamingpinan mah, urang Sunda di Kalimantan Selatan mah, tos aya pangalaman sajarahna. Da, kapungkur mah kantos aya nu jeneng janten Bupati ti Jawa Barat hususna ti kalangan ABRI sareng ti POLRI,” ceuk Prof. Dwi témbrésna.

Kiwari mémang lain bihari. Lantaran dunya politik kiwari mah robih, mana ketak politik urang Sunda di lembur batur saperti di Kalsel ogé rada robih, henteu cara baheula. “Namung kitu, pami aya urang Sunda nu ancrub kana politik sapertos dina Pileg mah, tangtos dirojong pisan. Margi saha deui nu ngarojong baraya urang mun lain urang sorangan,” ceuk ieu alumni Doktor Manajemen Pendidikan Universitas Negeri Malang tandes deui.

Urang Sunda di Kalimantan Selatan saperti di Banjarmasin, mémang geus lila ayana. Lantaran kitu, ceuk ieu pangarang buku ‘Pengantar Bisnis’ wedalan Unlam Press ogé, hubungan jeung dulur sabudaya atawa jeung urang Kalsel mah, bakal terus kuat, kaasup babarengan matéahkeun politik atanapi mekarkeun ékonomi di pangumbaraan. “Mana dina usum politik ogé tos biasa ngayakeun ririungan téh. Sapertosna waé, pami pas giliran Pileg sok ngahaja ngajak wargi-wargi Sunda nu istilahna  ‘mendasak botram’, sakalian silih nguatan sangkan ludeung makalangan dina rupa-rupa widang,” pokna deui.

Dina paniténna deuih, mun étnis séjén loba nu boga karep makalangan di lembur batur saperti di Kalsel, ceuk Prof. Dwi, sabenerna urang Sunda mah leuwih payus. “Mung tangtosna deui, maksad nu nu payus téh, nyaéta nu tiasa némbongkeun kamampuhna téa. Margi, dina politik atawa kapamingpinan apan teu cekap ukur gaduh kaludeung mah!” ceuk ieu Dewan Pakar Asosiasi Profesi Pendidik Ekonomi Indonesia (Aspropendo) témbrés deui. 

Silih Asih ku Pangarti

Miara duduluran di pangumbaraan loba carana, di antaran silih asih ku pangarti, silih asah ku pangabisa. Kitu ogé nu sering dilakonan ku Prof. Dwi Atmono dina lalampahanana. Atuh prinsip kitu, lain ukur dina lalambé tapi ogé dilarapkeun dina kahirupan sapopoéna. Sapertina waé waktu mancén di kampusna, sok merhatikeun pisan para pagawé teureuh Sunda atawa mahasiswa nu asalna ti Jawa Barat. Kitu deui, di luar kampus, saperti dina widang budaya, usaha, atawa olah raga, geus henteu ngawagu deui tur ngahiji jeung dulur dulur Sunda. Lian ti kitu, ogé sering komunikasi jeung silih simbeuhan élmu jeung dulur-dulur Sunda di Nusantara, utamana upama aya kagiatan ti kampus ka kampus di Indonesia. “Kalebet pami aya tugas ka Jawa Barat, asa waé beuki sono ka lembur téh, sok sakalian nyempetkeun amengan ka lembur Garut mah. Mémang silih anjangan silih ngiatan kawargian téh penting kacida. Mana, pami aya tamu urang Sunda ka Banjarmasin téh, mani asa tepang sareng wargi baé, hoyong sasarengan tuang bari balakécrakan,” pokna deui.

Bétahna lalampahan di lembur batur, mémang gumantung ka dirina. Tah, nu karasa jeung nu kaalaman ku Prof. Dwi ogé henteu leupas tina hikmah rupa-rupa pangalaman waktu mimiti ngumbara mancén tugas ka Banjarmasin taun 1987 nepi ka ayeuna. “Sabada lulus IKIP taun 1987, harita nampi dua SK. Kahiji guru SMEA di Garut, kaduana ngabdi ka Banjarmasin. Harita, langsung buleud hayang lunta jauh, siap ngumbara, siap ludeung keur ngahontal harepan nu leuwih hadé jeung ngajangjikeun. Sabada dilakonan ditambih gaduh bojo, Ibu Rahmi Jaleha teureuh Banjarmasin, alhamdulilah dugi ayeuna tiasa betah sareng karir utamana di paguron luhur ULM tiasa nyugemakeun. Sapertos tiasa dipercanten janten Wakil Direktur Bidang Keuangan dan Umum Pascasarjana ULM taun 2015-2018, nu éta posisi, batur tacan karuhan tiasa,” ceuk ieu sesepuh Formas Kalsel nu kiwari nganjrek di Jalan HKSN Dasamaya I nomer 51 Banjarmasin téh.

Tapi najan seueur pangalaman di lembur batur, geuning angger sok tibelat baé ka bali geusan ngajadi, nya ka tempat purwadaksi téa. Mana, keur nyacapkeun kasono, Prof. Dwi ogé, tara ninggalkeun komunikasi jeung kagiatan nu patali budaya atawa olahraga téa. Saperti di Forum Masarakat Sunda Lembur Kuring Kalsel, kagiatan Harmoni Budaya (nebarkeun ajén Sunda) di Duta TV Banjarmasin, dina kagiatan gelar budaya Pamaréntah Kalsel, di komunitas Sepeda Tua Malaka, kagiatan budaya Jawa Barat, Budaya Nusantara atawa dina waktuna nobar Persib jeung dulur-dulur Sunda.

Miara Duduluran

Urang Sunda nu dumuk di Kalimantar Selatan, teu leungiteun kanyaahna kana budaya lemburna, saperti keur ngalarapkeun kekecapan silihasah, silihasih, silihasuh. “Atuh, saterusna éta padika hirup kumbuh téh teu sing ukur dina lalambé, tapi dilarapkeun dina kahirupan sapopoé nu rupa-rupa pakasabanana,” ceuk Prof. Dwi Atmono deui.

Keur nguatan éta paguyuban nu anggotana sumebar, saterusna ieu alumni S1 Pendidikan Manajemen IKIP Bandung taun 1982-1987 téh, jeung para pangurus lianna, salawasna ngalarapkeun program nu jadi hontalan udaganana. Di antarana, kahiji ngamumulé jeung mekarkeun adat-istiadat jeung seni budaya Sunda. Kadua, ngawaluyakeun masarakat Sunda jeung simpatisanana dina widang usaha, ogé silih bantu ku cara kagiatan bakti sosial. Katilu, gawé bareng jeung budaya Kalimantan Selatan, milu ilubiung ningkatkeun ajén dina widang pendidikan & kebudayaan, parawisata ogé soal usaha nu mawa mangpaat ka para anggota, jeung program-program lianna.

“Urang Sunda nu arusaha ogé seueur pisan. Sapertos nu aricalan siomay, sareng icalan kulinér nu sanésna, malihan nu janten pangusaha ogé seueur. Intina, galibna nu miang, tangtos sok gaduh harepan. Atuh Formas Kalsel ogé teu weléh ningalikeun ketakna sareng karaos mangpaatna, ka anggotana, ka lingkungan masarakat Banjarmasin atanapi Kalsel, ogé aya mangpaat keur pamaréntah lemburna sorangan Jawa Barat téa. Kalebet, peran Formas kantos tiasa nyegah pacéngkadan antaran bobotoh jeung panongton Banjarmasin nalika Persib maén,”

Prof. Dr. Dwi Atmono., M.Pd., M.Si.,

Harepan kitu, ceuk ieu Guru Besar FKIP ULM, lain ukur kahayang wungkul tapi kudu jadi kanyataan. Saperti nu kabandungan, Formas Kalsel ogé, teu weléh ngalarapkeunana. Sapertina waé dina ngamumulé budaya, sok mintonkeun seni Sunda, ngiring ilubiung dina gelar budaya nu diayakeun ku pamarentah Kalsel.

Dina kagiatan ningkatkeun tatali batin lianna, saperti seueur kagiatan ‘mendasak botram’, nobar Persib, bakti sosial, bukber, pangajian bareng jeung sajabana. Atuh keur nepungkeun silaturahmi anggota boh ti pamaréntah Kalsel atawa ti Jawa Barat ogé teu weléh ditarékahan. “Sapertos waktos nyarengan Gupernur Jawab manten Kang Aher silaturahmi ka Kalsel. Jinekna, kawargian Sunda di Kalsel teu weléh pada ngajénan. Insya Alloh janten barétah,” ceuk ieu rama M. Ayub Anggadireja sareng M. Robby Nugraha Dwinanda téh.

Nguatan pamatri jati diri Sunda di Banjarmasin Kalsel, ceuk Guru Besar nu boga hobi ngoléksi sapéda ontél, saterusna mah kumaha nu miarana. Pangna kitu, Formas Kalsel nu ayeuna, satékah polah keur tempat silaturahmi, keur silih ngamajukeun karaharjaan anggotana ogé keur ngantengkeun tatali batin sabudaya urang Sunda, ogé sareng nu béda budaya jeung urang Kalimantan Selatan.

“Atuh, supados langkung ningkat deui, mudah-mudahan kapayunna tiasa dilengkepan ku gaduh sarana sekretariat nu permanén, ogé sarana pembinaan seni budaya Sunda nu saé. Harepan mah, saénggalna tiasa ngawujud, sareng mudah-mudahan baé janten perhatosan sadayana, utamina rojongan ti Gupernur pamaréntah Jawa Baratna. Ku cara kitu, supados beuki karaos kiatna tatali batin duduluran urang Sunda di pangumbaraan,” pokna nutup obrolanana jeung Manglé.

Edisi majalah: 2994

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Tamu

KH. Jeje Zaenudin; Ukhuwah Islamiyah Sarana Katingtriman Bangsa

Ilaharna, dina kaayaan kahirupan nu keur dirungrum ku lobana kahariwang, sok teu...

Tamu

Prof. Cecep Darmawan; Waktuna Jabar Némbongkeun Kakuatan di Tingkat Nasional

Larapna démokrasi saperti Pilkada Jabar 2024 ka tukang-tukang, lain semet milih pamingpin,...

Tamu

Wahyudin Iwang; Loba Invéstor Kotor Alatan Aturan Henteu Peurahan

‘Alam ngajaga urang, urang ngajaga alam’. Ieu kekecapan, negeskeun, yén dina ngurus...

Mo Sidik, Komika nu kasohor. (foto: istimewa)
Tamu

Mo Sidik: Di Tatar Sunda Humor Jadi Budaya

Urang Sunda mah resep heureuy. Tina ngabanyol téh sok tuluy jadi bukur...