Home Warta Tamu Prof. Dr. Retty Isnendes, M.Hum, Nyusud Tapak Bujangga Manik
Tamu

Prof. Dr. Retty Isnendes, M.Hum, Nyusud Tapak Bujangga Manik

Share
Share

Naskah kuna téh salah sahiji titincakan pikeun nyusud titinggal karuhun urang Sunda. Di antara sakitu lobana, naskah Bujangga Manik ditalungtik ku Prof. Dr. Retty Isnendes, M.Hum.

Satutas diteuleuman mah, naskah Bujangga Manik téh lain ukur ngébréhkeun kaéndahan sastra, tapi aya élmu nu nyidem, luyu jeung kaayaan kiwari baring supagi.


Sanggeus mancén salaku pangatik leuwih ti dua puluh taun lilana, Téh Chye (nénéhna Rétty Isnéndés), ngahontal kalungguhan anu pangluhurna dina wewengkon atikan, nyaéta jeneng Profésor. Basa diistrénan jadi Guru Besar Widang Élmu Antropologi Sastra Sunda Universitas Pendidikan Indonesia, Téh Chye biantara nu jejerna, ‘Kajian Antropologi Sastra pada Naskah Bujangga Manik Abad ka-15 Maséhi Berdasarkan Perspektif Antropologi Abu Raihan Muhammad bin Ahmad Al-Biruni dalam Kitab Tahqiq ma li Al-Hindi min Maqulatu Maqbulatu fi Al-Aql au Mardzulat Abad ka-11 Maséhi’.


Dina biantarana Téh Chye nétélakeun yén Antropologi Sastra téh neuleuman manusa jeung budaya maké pakakas média karya sastra. Naskah Bujangga Manik nu dipesék téh ngabolékerkeun lalakon linguistik nu ngebat manjang. Kaunggel béwara ngeunaan alam, manusa jeung agama masarakat Sunda abad ka-15. Ditulisna kalayan daya imajinasi sastra nu luhung, rancagé basa, jeung nalar nu kuat.
“Naskah Bujangga Manik téh ngébréhkeun kaayaan masarakat Sunda abad ka-15.

Lalampahanana ngebat di pulo Jawa, Bali, interaksi sareng kabudayaan Malayu Islam di Nusantara,” ceuk Téh Chye tandes naker.


Kacatet ngaran-ngaran, kode, asal muasal, ukuran, jumlah lambar, sistim nganomeran, basa, taun dijieunna naskah. Laju dina struktur naratif naskah ngawengku karya, jejer, tokoh, waktu, tempat, aspék sosial, alur carita, titik telek. Téh Chye ngécéskeun yén dina naskah Bujangga Manik gé medar élémén antropologis patali jeung konsép toponomi, gunung, walungan, mandala, kabuyutan, kadatuan, hierarki sosial, kawilayahan. Hal-hal éta raket patalina jeung realitas historis masarakat Sunda, saperti lokasi geografis jeung kapercayaan.


“Karya sastra sapertos naskah Bujangga Manik mah kalebet arsip budaya. Payus pisan kanggo nyurahan kamekaran identitas Sunda,” ceuk éta Sastrawati Sunda.


Basa diwawancara ku Manglé satutas prosési diistrénan Guru Besar, Téh Chye nétélakeun yén karya sastra téh bisa ngagambarkeun laku lampah, pamikiran, konsép-konsép manusa jeung alam. Mangsa nu tas kalarung éta raket patalina jeung antropologi.


“Kabeungharan élmu tina naskah Bujangga Manik téh tiasa ngagambarkeun suasana kahirupan abad 15. Kalebet medar aspék kawilayahan, geografi, toponomi, nu diantawisna masih aya dugi ka kiwari,” pokna.


Wanoja teureuh Sukabumi téh resep ngarang ti mangsa sakola. Karya munggaran medal di Tabloid Sunda Galura taun 1991. Kalangenan éta gé nu nepungkeun Téh Chye ka Bujangga Manik tina macaan buku, jeung tulisan-tulisan Iskandarwassid kaasup nu dimuat di Majalah Sunda Manglé.


“Nu karaos nalika maos naskah Bujangga Manik téh sami sareng maos sajak. Kekecapanana nyidem hartos nu jero,” ceuk éta pangarang nu nampa pangajén Sastra Rancagé 2000.
Naskah Bujangga Manik kungsi teu lolos taun 2022. Teu gedag bulu salambar, taun 2023 diasongkeun deui dina judul anu béda.

Nyambung jeung Sustainabel Development Goals (SDGs) program dunya ngeunaan krisis kamanusaan balukar parobahan iklim. Satutas dipurak mah, naskah Bujangga Manik luyu jeung 17 program dunya patali jeung parobahan iklim. Ku kituna éta naskah téh lian ti revitalisasi, ogé muka panalitian anyar nu medalkeun inovasi kakiwarian.


“Kecap Tarum upamana, mémang teu aya kecap nu éksplisit nyebutkeunana, tapi aya dua kecap nu implisit ka dinya, nyaéta nelem jeung Citarum. Nelem téh cara ngawarnaan boéh rarang (lawon bodas) ku cara dicelep kana warna nila (warna biru nu dihasilkeun ku tutuwuhan Tarum).,” ceuk Téh Chye écés naker.


Infrastuktur nu dijieun ku Walanda téh nyaéta rute-rute tradisional, jalur nu diliwatan ku Bujangga Manik. Kukurusukan jalan satapak nu saterusna dibuka. Sanajan dina panalitianana ngabahas antropologi dina 18 poin, masih loba nu bisa diguar deui.


Bujangga Manik nu asmana Pangéran Jaya Pakuan téh bisa nyatet 586 toponomi. Karya sastra nu bisa disebut dokumenter. Sagigireun unsur fiksi téh aya kandungan fakta, cara ngaraharjakeun, pedaran budaya, ngariksa alam, jrrd. Éstétika antara nyata jeung kréasi lir pedotan nu nodél mamaras rasa.  Kaéndahan dina ngumbar panineungan, ngabayangkeun kaayaan wewengkon jaman baheula, ditimpah ku ngaran-ngaran tempat nu dugi ka ayeuna masih aya. Ngaguar naskah Bujangga Manik bisa ngubaran urang Sunda nu kiwari keur hanaang ku élmu warisan karuhun.

Edisi majalah: 3006

Share
Written by
Yadi Karyadipura -

Wartawan & Pangarang. Jajatén ninggang papastén.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Tamu

KH. Jeje Zaenudin; Ukhuwah Islamiyah Sarana Katingtriman Bangsa

Ilaharna, dina kaayaan kahirupan nu keur dirungrum ku lobana kahariwang, sok teu...

Tamu

Prof. Cecep Darmawan; Waktuna Jabar Némbongkeun Kakuatan di Tingkat Nasional

Larapna démokrasi saperti Pilkada Jabar 2024 ka tukang-tukang, lain semet milih pamingpin,...

Tamu

Wahyudin Iwang; Loba Invéstor Kotor Alatan Aturan Henteu Peurahan

‘Alam ngajaga urang, urang ngajaga alam’. Ieu kekecapan, negeskeun, yén dina ngurus...

Mo Sidik, Komika nu kasohor. (foto: istimewa)
Tamu

Mo Sidik: Di Tatar Sunda Humor Jadi Budaya

Urang Sunda mah resep heureuy. Tina ngabanyol téh sok tuluy jadi bukur...