Mafia hukum di Indonésia téh jadi panyakit nu bangga diubaranana. Teu matak hémeng masarakat neundeun harepan gedé ka pamaréntah Présidén Prabowo Subianto. Numpurkeun mafia hukum hartina nanjeurkeun kaadilan keur sakumna rayat. Henteu mintul ka luhur, seukeut ka handap, atawa ukur biluk ka sawatara kelompok. Kumaha carana numpurkeun mafia hukum téh? Manglé ngobrol jeung Rektor Universitas Islam Bandung (Unisba), Prof. Dr. H. Edi Setiadi, S.H., M.H.
Upama mikiran tarékah dina numpurkeun mafia hukum téh, kalolobaan nu mucunghul dina pikiran masarakat mah nyaéta kudu ngabebenah institusi nu nanjeurkeun hukum, saperti Polri, Jaksa, Hakim, Mahkamah Agung, Mahkamah Konstitusi. Nurutkeun Prof. Edi pamikiran kitu téh teu salah ngan teu sagemblengna bener. Lantaran ayana mafia lantaran aya ‘orderan’. Atuh saha nu ngorderna? Nyaéta masarakat.
“Ngabebenah institusi Kejaksaan, misalna hakim, sateuacan janten hakim téh tangtos kedah lulus heula rupaning pendidikan. Teu aya pendidikan nu ngajarkeun kaawonan. Teras saatos janten hakim dipaparin fasilitas, gajih, tunjangan, sareng sajabina, mung masih kabita ku pola mafia hukum margi aya nu nyungkeun bantosan,” ceuk Prof. Edi basa ngobrol jeung Manglé di Rektorat Unisba, Jl. Tamansari, Kota Bandung (30/11/2024).
Lantaran teu kuat ku gogoda tina perkara, ceuk éta Pakar Hukum téh, antukna jadi tamiang meulit ka bitis. Jalma nu boga kasangtukang pendidikan hukum ngarti pisan kana lolongkrang nu bisa dirugal-rigel bari jeung hésé dilawan. Demi nu ngulinkeun perkara téh lain ukur nu boga kakawasaan, dalah rayat gé milu maké jasa mafia.
“Masarakat téh resep norobos hukum. Contona baé, upami ditangtoskeun ngurus seseratan téh kedah sasasih, tah aya warga nu nawis, upami saminggon tiasa? Upami tiasa mah kedah sabarahaeun? Atuh pikeun mafia hukum mah asa aya jalan komo meuntas,” ceuk Prof. Edi tandes naker.
Nilik kana hal éta, emboh Prof. Edi, antara institusi hukum jeung masarakat, nya teu bisa diwilah-wilah mana heula nu kudu dibebenah. Tapi kudu babarengan dibebenah kalayan ngadegkeun tilu pilar hukum, nyaéta struktur hukum, eusi hukum, jeung budaya hukum. Prof Edi nandeskeun yén dina nanjeurkeun hukum téh kudu alus strukturna, eusina, budayana. Masarakat boga peran penting. Utamana dina budaya hukum.
“Salah sahiji conto bangsa nu budaya hukum luhung téh dina patalimarga. Upami taat rambu lalu lintas téh duméh aya pulisi, hartosna atikan budaya hukumna kedah ditingkatkeun,” pokna.
Patali jeung atikan budaya hukum, ceuk éta pituin Tasikmalaya, dipangaruhan ku laku lampah masarakat. Nilik kana perilaku di kampung adat, écés Prof. Edi, budaya hukum téh tas diwangun ti mangsa karuhun tur jadi warisan. Di lemburna Prof. Edi aya Karangkamulyan, nu mampuh miara leuweung. Taya saurang gé nu wani ngaruksak, samalah mah mawa suluh di éta leuweung gé bangun loba kapaur.


“Salangkung mah urang ngémutan, pira gé ku pamali, éta leuweung tiasa kapiara. Ku pamali. Tanpa plang nu diseratan undang-undang, pasal-pasal, ancaman dibui, dengda, sareng sajabina, Alesan masarakat cekap ku pamali. Masarakat gé siap béla upama aya pihak luar nu ngagunasika,” ceuk éta alumni Fakultas Hukum Unisba taun 1982.
Babasan hukum kasilih kaarifan lokal téh teu nyalahan salila tujuanana kahontal. Nurutkeun Prof. Edi, hal éta némbongkeun yén hukum téh lain ukur runtuyan pasal-pasal. Enas-enasna mah hukum téh sistim perilaku. Upama hukum tas jadi sistim perilaku mah baris tohaga budaya hukum, saperti pamali jeung palanggeran séjén nu kaunggel dina hukum adat.
“Hukum nu diajén mung runtuyan pasal mah, masarakat téh rajeun milari cara supados tiasa lolos hukum,” ceuk Prof. Edi tandes naker.
Prof. Edi ngémbohan yén budaya hukum gé bisa diwangun ku hal-hal nu ku sawaréh jalma mah dianggap teu konkrit. Da hukum téh inkonkrito (istilah nu dipaké keur hal-hal kongkret), sarta in abstracto (hukum nu patali jeung undang-undang atawa wangun lianna).
Budaya Hukum di Paguron Luhur
Prof. Dr. H. Edi Setiadi, S.H., M.H., téh diistrénan jadi Rektor Unisba ti taun 2017. Ngalaksanakeun pancén kapamingpinan Unisba napak kana tilu spirit: Mujahid, Mujtahid, Mujadid. Ngalarapkeun konsep 3 M téh ku cara nu basajan. Mujahid teu saukur perang, Mujadid lain ngan loba karya, Mujadid teu sakadar ngabarukeun nu tas aya. Nurutkeun Prof. Edi nanjeurkeun budaya hukum di lingkungan paguron luhur téh henteu neueulkeun teuing kana aturan nu ditulis. Tapi aturan téh sistim perilaku.
“Sanaos teu kaserat, mung margi tos lebet sistim perilaku mah pakaitna sareng etika sarta moral,” pokna.
Pangeusi lingkungan kampus Unisba téh sumebar di saban daérah. Jadi bagian ti masarakat nu ogé boga pancén dina ngawangun budaya hukum, Ngadidik budaya hukum lain dijejelan kudu ngapalkeun pasal-pasal. Tapi nyurupkeun atuan kana perilaku. Sagigireun éta, insan Unisba gé mangaruhan ka pihak nu medalkeun aturan undang-undang. Nurutkeun Prof. Edi salah sahiji dasar hukum téh bisa tina kabiasaan masarakat. Hukum nuturkeun harepan masarakat.
“Di Indonésia rata-rata hukum téh pasalia sareng harepan masarakat. Pamohalan masarakat miharep karuksakan. Kereteg jalmi mah caket kana kasaéan,” pokna.


Produk hukum Indonesia rajeun teu nyumponan harepan masarakat saperti omnibuslaw. Pon kitu deui jeung perda, pergub, jsb. Masarakat dipaksa nuturkeun hukum. Balukarna hukum nu teu saluyu jeung budaya masarakat bisa ningkatkeun kajahatan. Kanyataan éta mingkin ketir lantaran aparat nu nanjeurkeun hukum ngalaksanakeun pancén tanpa nurani.
“Ajén hukum katara ayana karasa mangpaatna satutas neuleuman eusi hukum. Ngawewegan makna tina eusi undang-undang. Nu basajan mah, nalika teu aya aturan, sanés hartos kenging, nanging nguku watesan,” ceuk éta Dewan Pakar MBKM LLDIKTI Wilayah IV.
Dua periode mingpin Unisba, Prof. Edi ngarasa lugina da cita-cita Unisba tas kahontal jadi paguron luhur nu unggul. Ciri kaunggulanana séhat tina budaya akademik, produktivitas nulis jurnal, dosen naék pangkat, lulusan kompetén. Prof. Edi nandeskeun yén Unisba ngadorong kamajuan dosén. Katémbong Unisba kasebut paguron luhur nu produktif dina medalkeun guru besar.
“Dosén nu nyangking gelar guru besar téh alpukah tina upaya kolektif. Urang kedah paheuyeuk-heuyeuk leungeun pikeun majukeun Unisba,” pokna.
Di periode kadua, Unisba muka Kantor Kerja Sama Internasional. Upaya ngahontal cita-cita Unisba jadi kampus sohor di Asia. Mahasiswa Unisba dirojong pikeun mekarkeun nalar, minat, bakat. Kampus méré fasilitas jeung aprésiasi.
Unisba nyumponan target mahasiswa anyar saban taun akademik. Prof Edi miharep kualitas prodi tur minat masarakat bisa walatra. Pihakna terus ngawangun kapercayaan masarakat. Diwangun tina ajén lulusan nu kompeten tur mibanda akhlakul karimah. Mahér di widangna, jujur dina milampahna. (Yadi)***
Edisi majalah: 3002
Leave a comment