Home Warta Tamu Prof. Deni Darmawan: Ngalarapkeun Cara, Malar Guru Digugu Jeung Ditiru
Tamu

Prof. Deni Darmawan: Ngalarapkeun Cara, Malar Guru Digugu Jeung Ditiru

Maju mundurna pangwangunan bangsa gumantung kana pendidikan rayatna. Kumaha keur ngahontal générasi nu lain waé pinter, tapi ogé bener sarta ngajungjung moralitas?

Share
Profesor Deni jeung sabagian karya bukuna
Profesor Deni jeung sabagian karya bukuna
Share

Dina seléksi panarimaan mahasiswa anyar aya sababaraha hal nu bisa ditempuh. Di antarana jalur préstasi anu henteu merlukeun seléksi nasional, sarta aya jalur seléksi Ujian Tulis Berbasis Komputer (UTBK).

Kacida bédana éta dua jalur téh. UTBK mah nasional, nu miluna réa pisan, kompétisina ogé lega sarta rék peunteun rapotna alus atawa goréng baroga kasempetan pikeun nutaskeun soal sacara digital maké komputer.

Tapi ceuk Profésor Deni jalur préstasi sabenerna nu kudu diprioritaskeun mah. Sabab guru-guru geus apal kana kamampuh murid, nu geus dipeunteun ti mimiti seméster 1 nepi ka 5.

“Nu dimaksad jalur préstasi téh sagala rupi. Aya seni, akademis, olahraga, ngaji sareng nu sanésna. Sim kuring langkung satuju kana jalur préstasi, margi dina milih générasi bangsa téh anu tos leres-leres gaduh préstasi ti awalna,” ceuk  Profésor Deni di kantorna, Jalan Pendidikan No. 15, Cibiru Wétan, Kec. Cileunyi Kabupatén Bandung. (9/6/2024).

Nurutkeun  Profésor Deni Darmawan nu kungsi jeneng Ketua Sosialisasi Penerimaan Mahasiswa Baru Nasional Wilayah Indonesia Barat sarta mingpin paguron luhur saperti UI, ITB, IPB, Unpad jeung nu séjénna dina dilaksanakeunana UTBK, manghanjakalkeun. Kuota jalur préstasi ukur 20 persén.

“Kedahna mah 40 persén,” Profésor Deni miharep.

Nu milih jalur UTBK kudu nyiapkeun kaparigelan élmu komputerna. Anu boa di lemburna mah pelajaran komputer téh geus katinggaleun pisan. Tempat seléksi gé jauh deuih. Nu matak jumlah nu hadir dina UTBK mah can kungsi 100 persén. Sabalikna nu miluan jalur préstasi salawasna 100 persén tapi can pernah ditarima 100 persén.

“Komo deui jalur mandiri. Éta jelas henteu pro ka rayat miskin. Margi mayar paageung-ageung,” ceuk Profésor Deni Darmawan nu jeneng Diréktur UNESCO widang pendidikan budaya dan komunikasi (ORBI Com).

Pikeun ngahontal UPI Kampus Cibiru jadi kampus pelopor nu unggul, Profésor Deni miboga visi ‘cemerlang’. Nu pihartieunana leuwih bersih, leuwih hérang leuwih narik jeung lian ti éta. Hal kitu bakal diwujudkeun ku misi Hybrid Digitalization Competences. Kampusna, Dosén jeung Tendik, mahasiswa, sarana, préstasina kabéh cemerlang.

“Alhamdulillah nembé 10 sasih mancén di Cibiru, gedung bérés. Kitu deui juara akademik leader sa-UPI,” Profésor Deni reueus.

Nu jelas dina mingpin Deni Darmawan méré conto heula. Henteu ngabos asa jadi juragan. Tapi ku préstasi, publikasi jeung nu lianna. Asih heula ka sasama. Dosén sepuh, nu anyar, nu aya masalah dirangkul. Saterusna diasah kudu iklas ulah ngarasa kapaksa. Da mun ngarasa kapaksa mah tangtuna lumpat, malik ngéwa boro-boro berpréstasi.

“Saterasna diasuh sangkan gaduh préstasi. Janten silih asih silih asah silih asuh téh teu tiasa dipisahkeun. Modal kanggo ngasah ku gaduh luang ku seringna saba mancanagara. Modal kanggo ngasuh ku seueur pangabisa, modal kanggo asihna ku harta sareng kalungguhan,” ceuk ieu profésor nu boga téori Bio-Communication. Ngariksa Diri. Urang téh rék ka mana, jadi naon, rék jiga saha, nanya ka diri urang heula. Dilenyepan, ditingali jeung dirarasakeun.

Karya

Nu dibutuhkeun ku jalma ceuk Profésor Deni nyaéta karya. Bisa mangrupa karya seni, karya tulis jeung sajabana nu bakal mangpaat ku générasi nu bakal datang. Sabab hirup moal saendeng endeng, élmu ogé kaukur sarta sagala rupa kawatesanan.

Karya Deni Darmawan mah mangrupa tulisan. Dina umur nu kiwari 53 taun, alhamdulillah cenah geus medalkeun 57 judul buku boh anu ku Basa Indonésia atawa basa asing.

“Mudah-mudahan ageung manfaatna kanggo balaréa,” ceuk Prof. Deni nu resep nyapédah jeung olahraga jalan kaki.

Deni Darmawan kalahiran Bandung 28 Nopémber 1971 téh gedé di Garut. Sakola di SD Ranggalawé 5 Garut. Tapi meunang ijasah mah di SD Cipadung 2 Bandung. Dituluykeun di SMP Muslimin 5 Bandung, sarta namatkeun SPG ogé di tempat nu kiwari didirékturan ku anjeunna.

Teu kapikir rék jadi profésor. Da kahayang mah siga emangna jadi jéndral di Angkatan Laut. Dunya militér aya ti luluhurna. Sepuh ti ibuna mah, Rd. Iceu Sopiaty ti AURI. Sedengkeun sepuh ti ramana, Dodo Sudjana, BE., jeneng Brimob. Emangna ogé aya anu AD, AL jeung Angkatan Udara.

Ramana nu jeneng guru téknik mesin sok pirajeunan meuli topi nu aya aksaraan ITB atawa ITS. Nya hayang kuliah ka ITB. Tapi teu katarima. Terus najan geus lulus SPG, teu katarima deuih jadi guru. Antukna ngalaman gawé heula jadi tukang ngelas.

Ti tukang ngelas asup ka IKIP taun 1992 anu lulus taun 1996 jurusan Téknologi Pendidikan. Nyaéta ngarancang alat alat keur pendidikan.

“Sataun ngabdi heula di IKIP. Malah kénging béasiswa ka Jepang tapi kasiangan. Nya lebet wé S2 ka Unpad jurusan Ilmu Komunikasi Komputer,” Prof. Deni mulangkeun panineungan.

Meunang deui béasiswa. Tapi nu kuduna indit ka Belanda teu jadi. Nya katampana di UNPAD deui. Ngahontal gelar Doctor taun 2005 kalawan lulus cum laude.

“Ti dinya sim kuring mendakan téori anyar nu disebat Bio-communication. Dibukukeun anu terbitna kahiji sareng kadua di Jerman, katilu di Méksiko, kaopat sareng kagenep di Perancis, kalima di Kanada. Judulna mah bénten-bénten, ngan élmuna perkawis Bio-communication atanapi ngariksa diri,” ceuk Deni.

Papatah sepuh nu natrat nepi ka ayeuna nyaéta kudu disiplin, nurut, rajin, motékar, ludeung, mandiri, préstasi, iklas jeung tandes. Hal éta kalarapkeun pisan waktu inyana jadi Kepala Humas UPI.

Salila jeneng Kepala Humas UPI 8 taun tilu kali ganti réktor, UPI bisa juara ngéléhkeun paguron luhur saperti ITB, UI, UGM, UNPAD, IPB ku ngabogaanana TV UPI. Kitu deui Layanan Online Rakyat Terbuka juara kahiji sa-Indonésia. Malah Unit Layanan Terpadu ogé jadi juara jeung réa-réa deui préstasi nu kacangking ku UPI.

Tina ngarangkep ka Neni Herlina, S.Pd., dijimatan tilu murangkalih. Tapi nu aya ukur Nenden Sofwatul Ningrum nu rék neruskeun S2 di ITB jeung UI, sarta Diestry Delliyana Aisyah nu cita-citana hayang ka kedokteran Unpad.

Prinsip hirup Profésor Deni Darmawan nyaéta, “Janten nu terbaik sarta manfaat kanggo balaréa,” ceuk ieu profésor nu aktif di masjid téh.

Aya sababaraha pangalaman nu matak reueus waktu inyana ngajalankeun pancén Diréktur UNESCO wawakil ti Indonésia. Kahiji biantara di Méksiko nepikeun rencana strategis pangwanguan pendidikan tingkat kabupatén kota di nagara berkembang, kadua pidato di Paris nepikeun Digital Kompéténsi Guru Indonésia, sarta katilu pidato di De Lima University Péru.

Kitu deui kungsi pidato di Strausbourg jeung Bordeaux Perancis, sarta sababaraha kali di Jepang jeung di Kanada.

“Ka payunna mah diulem ka Kolombia,” Deni sumanget.

Kiwari ieu profésor nu kungsi jadi kaptén kasawelasan méngbal di kampusna téh keur ngaréngsékeun dua bukuna anu ditulis bareng jeung Bernard Marr urang Amérika nyaéta Artificial Inetelligence Dalam Persperktif, sarta dina versi Basa Inggris nu judulna DYNAMIC OF VCDLN, Through Artificial Intelligence.

“Mudah mudahan taun ieu medal,” Profesor Dr. Deni Darmawan, M.Si., M.Kom., MCE., nutup obrolan.

Edisi majalah: 2983

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Tamu

KH. Jeje Zaenudin; Ukhuwah Islamiyah Sarana Katingtriman Bangsa

Ilaharna, dina kaayaan kahirupan nu keur dirungrum ku lobana kahariwang, sok teu...

Tamu

Prof. Cecep Darmawan; Waktuna Jabar Némbongkeun Kakuatan di Tingkat Nasional

Larapna démokrasi saperti Pilkada Jabar 2024 ka tukang-tukang, lain semet milih pamingpin,...

Tamu

Wahyudin Iwang; Loba Invéstor Kotor Alatan Aturan Henteu Peurahan

‘Alam ngajaga urang, urang ngajaga alam’. Ieu kekecapan, negeskeun, yén dina ngurus...

Mo Sidik, Komika nu kasohor. (foto: istimewa)
Tamu

Mo Sidik: Di Tatar Sunda Humor Jadi Budaya

Urang Sunda mah resep heureuy. Tina ngabanyol téh sok tuluy jadi bukur...