Larapna démokrasi saperti Pilkada Jabar 2024 ka tukang-tukang, lain semet milih pamingpin, lantaran manjangkeun lalakon, nyaéta keur babarengan ngahontal udagan Jawa Barat nu leuwih maju jeung raharja rayatna. Atuh keur nguatan kasapukan kitu, saterusna mah, législatif atawa wakil rayat nu dikokojoan ku partéy politik, éksékutif atawa gubernur jeung para bupati atawa walikota, yudikatif jeung rayatna, teu aya deui, iwal ti kudu kuat kana tékad babarengan, sarta nyekel pageuh kana aturan jeung bebeneran. Atuh, upama aya nu méngpar, mangka sawadina ulah diantep jeung wani silih ngoréksina.
“Palebah dieu, législatif atanapi wakil rayat nu dikokojoan ku partéy ogé, sanés ukur ngadukung wungkul ka éta pamingpin daérah, tapi tetep kedah kritis atanapi wantun ngoréksi. Kituna téh, supados aya kontrol sareng supados éta pamingpin dina dangka lima taun téh, tiasa leres-leres aya tapakna,” ceuk Prof. H. Cecep Darmawan, Guru Besar Ilmu Politik UPI mimiti muka obrolan.
Lancarna pangwangunan Jabar, nu leuwih pentingna deui aya dina kakuatan pamingpin daérahna. Saperti keur wilayah kabupatén atawa kota, kukumaha ogé bakal loba gumantung kana ketak Bupati atawa Walikotana. Komo deui keur kapamingpinan wilayah provinsi nu dipingpin ku Gupernur.


“Kanggo provinsi, warga Jabar ogé tos gaduh gupernur Dedi Mulyadi. Sosok pribadi tos ngakar jeung masarakat atanapi disebat birokrat nu ngarayat téa. Kapayunna, naon tarékah tarékahna, dipiharep tiasa jadi cukang lantaran Jawa Barat nu tiasa langkung majeng sareng rayatna langkung ma’mur. Luyu sareng program-programna deuih, saperti badé ngantor di saban daérah, éta saé pisan. Sahenteuna, lian ti keur nampung aspirasi rayat, ogé tiasa nyundut sumanget para bupati/walikota jeung para wakil rayatna dina ngawangun daérah atanapi dina ngungkulan masalahna,” ceuk ieu Dekan FPIPS UPI nu anyar diistrénan, témbrés.
Atuh, keur nguatan kapamingpinan di Jabar deui, ceuk ieu Guru Besar nu perenah jadi tim seléksi anggota KPU Wilayah Jabar III, Gubernur Jabar anyar dina pancénna engké, dipiharep bisa muka ruang dialoh nu sahadé-hadéna jeung saloba-lobana.
Kapamingpinan Jabar hasil démokrasi kiwari mémang aya warna nu béda ti saméméhna. Sahenteuna, katitén gaya kapamingpinanna nu leuwih ngarayat jeung neueulkeun niléy-niléy kaarifan lokal budaya (Sunda). “Neueulkeun kaarifan lokal ogé kacida pentingna. Malihan tiasa janten kakuatan utama dina ngahijikeun para pihak dina rupa-rupa kapentingan. Niléy-niléy budaya janten spirit babarengan dina ngawangun Jawa Barat, lantaran moal pagedrug jeung kapentingan séjénna,” pokna deui.
Cara saperti kitu, lantaran deui luyu jeung angen-angen rayatna nu ditémbongkeun dina pilihan rayat nu leuwih rasional. Rayat Jabar, cara mikirna henteu deui hitam putih atawa henteu dumasar kana transaksional. Sikep politik rayat kitu, tangtu ogé bakal jadi palajaran keur partéy politik ka hareupna.
“Cara pendekatan Parpol ka rayatna ogé bakal ngiring robih, nu sahenteuna bakal ngeunteung ogé kana cara-cara gupernur Jabar anyar. Margi, pami hiji parpol henteu didukung ku rayat, engké kapayunna bakal beurat,” ceuk ieu Doktor Ilmu Sosial lulusan Pascasarjana Universitas Padjadjaran ngingetan deui.
Gambaran démokrasi di Jabar kiwari, masih ceuk Prof. Cecep, saterusna mah kudu jadi modal kamajuan Jawa Barat ka hareupna. Upama éléman kakuatan Jabar, ti mimiti éksékutif, legislatif, yudikatif jeung rayatna, katingal beuki sauyunan, hartina ieu modal. “Pami sakumna pihak solid, insya Alloh daya saing sareng daya tawar Jabar di tingkat nasional jadi langkung kiat,” pokna tandes.
Tékad FPIPS Jadi Pangunggulna
Prof. Dr. H. Cecep Darmawan, M.Si., M.H. téh teureuh Sunda nu lahir di Subang, Jawa Barat kaping 29 Séptémber 1969. Upama ayeuna junun, loba nu dipercaya keur mancén di kampus atawa di luar kampus, lantaran ti leuleutik ogé geus tigin jeung keyeng diajar. Malah sepuhna (Alm. H. Alamsyah sareng Hj. Ratna Mismaroh) dina ngajaga jeung ngatik Cecep mah tarapti kacida. Atuh atikan dasarna ogé teu weléh ngadumaniskeun atikan umum jeung agama.
Sanggeus loba neuleuman rupa-rupa pangaweruh, ti mimiti perenah MI, di SD, ngaji di Pasantrén Bahrul Ulum, sakola SMPN 1 Subang, SMAN 1 Subang, kuliah S1 IKIP (UPI), S1 UNLA, S2 ti STHB, S3 ti Unpad jeung pendidikan lianna, kiwari karir Prof. Cecep ogé lian ti beuki nérékél, ogé élmuna beuki seungitan. Malah kamari-kamari ieu (3 Januari 2025), geus diistrénan jadi Dekan Fakultas Pendidikan Ilmu Pengetahuan Sosial (FPIPS) mangsa bakti 2025-2029 ku Rektor Universtas Pendidikan Indonesia di Gedung Achmad Sanusi UPI.
Anapon rupa-rupa pangalaman akademik nu perenah dicangkingna, di antarana, jadi Direktur Direktorat Pembinaan Kemahasiswaan UPI, Kepala Pusat Kajian & Pengembangan Kebijakan Publik, Inovasi Pendidikan, & Pendidikan Kedamaian LPPM UPI, Rektor Universitas Subang, Ketua Program Studi Pendidikan Kewarganegaraan Jenjang Magister (S2) jeung Doktor (S3) FPIPS UPI, Ketua Program Studi Ilmu Hukum FPIPS UPI.
Lian ti kitu, pangalaman lianna, perenah jadi Tim Nasional Deep Learning Kemendikdasmen, Tim Penilai PNS Teladan Provinsi Jawa Barat, Tim Seléksi Anggota KPU Wilayah Jabar III, Anggota Komite Perencana Pembangunan Jawa Barat, perenah jadi Tim Tenaga Ahli Gubernur Jawa Barat, tim Panitia Seleksi Sekda Kota Tasikmalaya jeung Kabupaten Sumedang, jeung saabreg perenah pancén lianna, kaasup dina widang kaagamaan, saperti di Majelis Ulama Indonesia Jawa Barat, Wakil Ketua ICMI Jawa Barat, jeung sajabana.
Dina widang paélmuan lianna, ieu Profesor ogé geus ngaréngsékeun pendidikan profesi advokat nu diayakeun ku Asosiasi Advokat Indonesia Cabang Bandung taun 2021 sarta geus boga sertifikat profesional Mediator Nonhakim ti mimiti 2024.


Anapon panghargaan nu perenah kabiruyungan, di antarana Penghargaan Satyalancana Dwidya Sistha ti Panglima TNI, Dosen Berprestasi Peringkat I Tingkat UPI jeung Dosen Berprestasi Nasional Taun 2010, Lulusan Terbaik Magister Hukum STHB 2017, ogé perenah jadi Profesor Berprestasi Taun 2023 ti Dewan Pimpinan Pusat Persatuan Profesor/Guru Besar Indonesia.
Prof. Cecep, lian ti mancén di akademis, sering ogé nepikeun pamikiranana ngaliwatan karya buku, tulisan di media atawa dina seminar-seminar. Dina tulisan, saperti midang di sababaraha média lokal atawa nasional. Saperti di Harian Umum Kompas, Media Indonesia, Republika, Koran Tempo, ogé Pikiran Rakyat. Kitu deui di jurnal, boh tingkat nasional boh tingkat internasional.
Anapon dina kagiatan ilmiah saperti jadi narasumber/pakar di sababaraha forum seminar/webinar, sawala, workshop, kuliah umum, visiting profesor/visiting lecturer, reviewer di sababaraha jurnal terindeks scopus jeung jurnal nasional terakreditasi, sarta narasumber di sabaraha televisi nasional saperti TV One, Metro TV, Inews TV, CNN, Kompas TV, SCTV, Trans7, ogé TVRI.
Kiwari, sanggeus mancén Dekan FPIPS UPI, Prof. Cecep ogé boga angen-angen, geusan mawa seungit éta Fakultas ka jauhna. “Insya Alloh, gaduh udagan, geusan janten fakultas nu pangunggulna, paling seueur prodina, paling seueur mahasiswana, dosénna, ogé paling saé ajénna. Kitu deui, keur némbongkeun peran nyata ka luar kampus, FPIPS ogé salawasna bakal adumanis jeung pamaréntah, dunya industri, masarakat padésaan, masarakat pakotaan, jeung lembaga lianna.
“Kalebet badé ngader, supados lulusan-lulusan FPIPS sanés waé pinter, namung ogé saé integritasna, luyu sareng moto fakultas; ilmiah, édukatif sareng réligius,” ceuk ieu carogé Hj. Fenny Rikyani nutup obrolanana.*** (RH)
Mangle edisi 3012
Leave a comment