Pendidikan aya dina posisi nu paling strategis keur ngatur kahirupan jeung alat katingtriman bangsa. Pangna kitu, dina larapna kudu mampuh meuseuh generasi nu lain ukur pinter otakna wungkul, tapi ogé hadé ahlakna. Kitu di antara jejer obrolan Prof. Dr. Bibin Rubini, M.Pd., Guru Besar Universitas Pakuan (UNPAK) Bogor, nu ditepikeun ka Manglé.
Salah sahiji kokoja pangwangunan ieu bangsa, nyaéta widang pendidikan. Malah, pendidikan deuih, jadi pondasi keur ngahontal harepan bangsa nu maju, tingtrim jeung ngahontal karaharjaan rakyatna. Ku kituna dina larapna, sakumaha nu diterangkeun dina pasal 3 UU nomer 20 taun 2003 ngeunaan Sistem Pendidikan Nasional, kudu mampuh meuseuh generasi bangsa nu iman, takwa, hadé ahlakna, séhat pisikna, luhung élmuna, cerdas, parigel, mandiri, demokratis sarta miboga rasa tanggung jawab.
“Tujuan pendidikan nu saé kedah teras nanjeur. Margi kitu, dina mangsa parobahan atanapi téhnologi nu teras majeng, dina matéahkeun pendidikan ogé, henteu cekap ku minterkeun otakna wungkul, tapi kedah saé ahlakna atanapi moralna. Margi upami masalah ahlak kakantun, mangka pangwangunan bangsa ka payunna, bakal lepat arah. Janten, posisi atikan ahlak mah utami pisan, sedengkeun élmu mah nuturkeun saterasna,” ceuk Prof. Dr. Bibin Rubini, M.Pd., Guru Besar Universitas Pakuan (UNPAK) mimiti nepikeun kamandangna ka Manglé.
Upama ieu Rektor UNPAK tilu periodeu manten boga panitén kitu, lantaran dina larapna ieu kamekaran bangsa, kalan-kalan sok jauh tina rasa katingtriman jeung loba pasualan balukar leungiteun ahlak. Sok padahal dina agama ogé, ahlak téh dasar-dasar nu penting kacida. Jinekna, diutusna Rosul Muhammad SAW ogé, apan keur nyampurnakeun ahlak téa.
Pentingna atikan ahlak atawa moral ulah disapirakeun, ceuk ieu panitén pendidikan teureuh Sunda nu lila matuh ti Bogor, geus ditandeskeun deui dina paélmuan nu leuwih ilmiah, nyaéta aya nu disebut transfer of knowledge (transfer élmu) jeung transfer of value, nyaéta transfer niléy téa, transfer of characfer (transfer sikep), jeung transfer of culture (transfer budaya). “Upami duanana teras ngocor kalawan ngahiji, mangka generasi bangsa ogé lian ti bakal luhung élmuna ogé saé ahlakna. Éta saleresna pendidikan mah,” ceuk ieu carogé Prof. Dr. Anna Permanasari, M.Si. tandesna.
Ngobrol jeung ieu Profesor téh pasosoré ngaliwatan média sosial. Atuh, wangkongan téh museur kana pasualan metakeun atikan moral dina bangsa global sangkan tetep henteu jadi kahariwang. Prinsipna, nanjeurna pendidikan moral, butuh nyonto dina larapna. Di sakola, siswa butuh conto atawa tuladan ti guruna, mahasiswa butuh conto ti dosenna. Kitu deui, nu gedé ambahanana, rayat butuh tuladan ti para pamingpinna. “Janten, kekecapan ‘guru digugu ditiru’ téh, éta dasar pentingna tuladan atanapi ahlak nu saé. Kituna téh, supados leres-leres pembelajaran téh nyandak pangaruh nu saé ogé, boh di lingkungan sakolana boh di lingkungan luar sakola. Langkung tebihna, kanggo nyebarkeun katingtriman bangsa,” ceuk ieu Doktor widang pendidikan IPA UPI témbrés deui.
Geusan nyorang hirup manusa jeung huripna téh, di antarana ngaliwatan dunya pendidikan. Lantaran ti dinya mimitina aya parobahan cara mikir jeung paripolah téh. Kacindekan kitu, ceuk ieu pangarang buku ‘Ilmu Alamiah Dasar; Pendekatan Pembelajaran dalam Perspektif Perguruan Tinggi’, nuduhkeun pentingna pendidikan minangka ihtiar strategis dina ngawangun moral bangsa kaasup dina mangsa global ayeuna. Ku kituna, sangkan hasil atikanana tiasa masagi, mangka dina ngokolakeun atikan ogé, kudu jembar, nu lain saukur ngajalankeun kagiatan rutinitas atanapi nu formalistik wungkul, tapi ogé nyitak generasi bangsa nu saé komponén kognitifna, afektifna sareng konatifna, atanapi barudak sangkan pinter, gedé harepanana sareng nu saé ahlakna. Ku cara kitu, mangka pangaruh dampak awonna tina dunya global atawa dunya maya ogé, moal pati matak hariwang. “Saleresna tarékah supados atikan tiasa leres-leres nyitak generasi nu masagi ogé tos jinek konsepna, boh nu dijinekkeun ku UNESCO atanapi tina kaarifan lokal atanapi papatah luluhur budaya urang,” pokna deui. Naon téa? Masih ceuk Prof. Bibin, taun 1998 PBB geus ngawanohkeun opat pilar pendidikan nyaéta learning to Know, learning to do, learning to be, jeung learning to live together. Kitu deui, tina kaarifan lokal budaya Sunda ogé jinek kacida, nyaéta sangkan jadi jalmi unggul (atawa nu diistilahkeun Maung, Manusia Unggul), anu nyekel tujuh tujuan hirup (mustika hirup), nyaéta cageur, bageur, bener, pinter, singer, jujur, jeung motékar. Sarta larapna kudu silih asah silih asih silih asuh jeung silih wangikeun. “Janten dina peradaban pendidikan ogé, kalebet kaarifan lokal téh mangaruhan pisan,” pokna deui.
Upama Prof. Bibin nu ogé sering jadi narasumber di sababaraha kagiatan di tingkat nasional nepikeun kamandang kitu, mémang luyu jeung harepanana, sangkan larapna atikan kudu leuwih mentingkeun aspék moralitas. Ku cara kitu, lembaga atikan tiasa ramah sareng aman. Atuh tina hasil atikanana tiasa janten generasi bangsa nu luhung élmuna, motékar, parigel sarta hadé ahlakna.
“Pami teras neueulkeun atikan moral, Insya Alloh, sakola, kampus tiasa langkung ramah, aman ogé tingtrim. Harepan kitu, saleresna tos janten angen-angen ti kapungkur ogé. Mana, upami aya kagiatan Ospek kampus utamina, sok omat-omatan, kedah ngutamikeun nu pibungaheun ogé pitingtrimeun. Ulah sabalikna para seniorna malah ningalikeun nu matak pikasieuneun, sok komo nepi ngalakukeun perundungan mah,” ceuk Prof. Bibin deui.
Bihari Sok Nyemir, Kiwari Jadi Guru Besar
Prof. Bibin Rubini téh teureuh Cigéréléng Kota Bandung, nu lahir 9 Désémber 1956. Upami ayeuna jadi guru besar jeung kasohor perenah jadi Rektor Universitas Pakuan (UNPAK) Bogor, singhoréng keur leutik mah teu ngimpi-ngimpi acan. Lantaran, dina émutan Bibin mah, asa jajauheun pisan. Komo upama ningal kaayaan kulawarga, apan sepuhna ukur patani jeung purah nyieunan sapatu.
“Apa mah kulawarga basajan nu biasa jadi patani sareng sok ngadamelan sareng icalan sapatu. Malihan pribados ogé sering pisan, sok dipiwarang pados nyemiran sapatu. Kituna téh supados beuki ginclong, hérang sareng beresih. Janten nu badé méser ogé langsung kabitaeun. Alhamdulillah janten seueur nu mésér,” ceuk Bibin bari nineung ka mangsa bihari.



Keur mangsa leutik atawa rumaja mémang loba kacida pangalaman nu matak nineung. Najan Bibin kasebutna bungsu putra kasawelas, tapi sepuhna (Bapa Rusdi sareng Ibu Tursinah) teu ieuh ngogo. Malah dina ngatik disiplin ogé, upama lénglé atawa keur males diajar, langsung sok narima ceprétan. Tapi najan kitu, Bibin ogé teu matak pundung, lantaran éta bukti kanyaah kolot, sangkan jadi peurah keur mangsa jaga. “Alhamdulillah, sepuh teu weléh ngajarkeun supados ludeung diajar, tiasa mandiri, hadé ka sasama sareng toat kana agama. Éta janten peurah dugi ka alhamdulillah, Alloh Swt. masihan jalan hirup kabagjaan dugi ka ayeuna,” pokna deui.
Atikan sepuh deui dibarengan jeung harepan sangkan jaga bisa junun. Mana Bibin, waktu ti SD neruskeun ka SMP ogé terus keyeng diajar. Malah, keur di SMP kénéh, Bibin beuki apal kana jati diri, kaasup keur nalék kana ngaran lengkep soranganana. “Waktos SD mah, nami téh ukur B. Rubini. Pas lebet ka SMPN 11, guru naros, B na naon? Malum ilaharna ngaran Sunda, langsung wé B na téh Bibin. Mana ti harita resmi janten Bibin Rubini. Saterasna dina waktos rada ageung, teu nyana bet kapendak nami asli dina akte téh. Sareng alhamdulillah, singhoréng nami téh Ahmad Rubini. Kantenan gaduh nami Ahmad kitu bingah kacida, lantaran hartosna terpuji. Mung tetep, ari nami karir mah Bibin baé, neraskeun nu kaserat tina raport,” ceuk Prof. Bibin nu ayeuna nganjrek di Jalan Duta Asri No 12, Kompleks Duta Kencana 2, Kelurahan Kedung Badak, Kacamatan Tanah Sareal Bogor téh.
Réngsé SMP, neruskeun ka sakola lanjutan jurusan Farmasi. Geus réngsé mah gawé di Apotek. Tina pangalaman gawé jadi beuki nguatan jiwa mandiri. Ngan tetep teu weléh inget kana pentingna sakola. Mana Bibin ogé neruskeun ka pendidikan Kimia IKIP (UPI ayeuna mah). Kuliah ogé lungsur langsar. Malah, lantaran kasebutna pinter jeung parigel, mana taun 1985 diangkat PNS, kalawan ngabdina di Universitas Pakuan (UNPAK) Bogor téa.
Di éta paguron luhur, karirna lir nété tarajé nincak hambalan. Ditararas ti handap kénéh, saperti perenah Sekretaris Jurusan Biologi/Kimia FKIP, Ketua Jurusan Biologi, Pembantu Dekan FKIP, Dekan FKIP, Pembantu Rektor, malah ahirna jadi Rektor UNPAK tilu pariodeu, ti taun 2008 nepi ka 2022.
Kiwari, ieu guru besar pendidikan, lian sibuk ngajar di kampus, ogé sering nedunan kagiatan kaagamaan. Harepanana, lian ti keur nguatan ibadah ka Gusti, ogé geusan nebarkeun kamulyaan Islam ka balaréa.
“Seueur pangalaman, utamina dina sasarengan mekarkeun paguron luhur UNPAK. Alhamdulillah alpukah kitu, seueur nu pada ngajénan sareng nu mikareueus. Kituna téh lantaran teu weléh ngalarapkeun papatah Sunda, nu diantawisna kedah silih ajénan sareng neueulkeun sasarengan sareng sadayana pihak. Ku cara kitu, da geuning para sepuh, para orang tua mahasiswa, janten langkung ngaraoskeun kamajengan UNPAK téh sanés ku sasaha, tapi alpukah ku tarékah sasarengan. Atuh dina ngalarapkeun prinsip pribadi ogé, nu pentingna mah bener sareng jujur. Alhamdulillah deui, paguron luhur UNPAK ayeuna tiasa majeng. Mudah-mudahan para pamingpin kapayunna ogé tiasa teras ngajagi sareng ngalarapkeun prinsip nu kantos janten cepengan,” ceuk ieu rama Nida Nidyarti Rubini, S.Ip, MSi., Dr. Rizky Arfiansyah Rubini, SMB, MM., sareng Aldi Firmansyah Rubini, S.Ip. MIC, MIR nutup obrolanana. (RH)
Edisi majalah: 2988
Leave a comment