Home Warta Tamu Prof. Agus Mulyana; Tara Sieun Nyaritakeun Kasundaan
Tamu

Prof. Agus Mulyana; Tara Sieun Nyaritakeun Kasundaan

Nyaritakeun kasundaan utamana dina widang politik saperti ngaguar sajarah ngadegna Nagara Pasundan, teu kudu matak gimir. Malah bakal pihadéeun, upama éta sajarah jadi pieunteungeun politik urang Sunda dina alam kakiwarian. Kitu di antara jejer obrolan Manglé jeung Prof. Dr. Agus Mulyana, M.Hum, nu kiwari mancén Pupuhu Umum Pengurus Pusat Masyarakat Sejarawan Indonesia (PP MSI).

Share
Prof. Agus Mulyana
Share

Ngaguar sajarah mah bakal loba hikmahna, kaasup ngaguar sajarah ngadegna nagara pasundan nu kajadianana antara taun 1947 nepi ka taun 1950. Najan loba nu nganggap kontroversi, tapi dina paélmuan sajarahna mah, lian geus ti némbongkeun bukti sajarah, ogé bisa keur pieunteungeun masarakatna, utamana masarakat Sunda.

“Mémang upami ditarik kapengker-pengker, rayat sareng para ménak Sunda, ngiblat politikna téh sanés kana hiji wadah, saperti karajaan. Bénten sareng politik di Jawa nu harita ngiblatna jinek ku ayana karajaan Mataram, dugi ka badé urusan budaya atanapi urusan politik tos aya wadah kiblatna. Kumaha ari Sunda? Margi tadi téa, atuh dina mangsana urang Sunda ngalakukeun gerakan kontra-révolusi, saperti nu dina gambaran sajarah ngadegna nagara pasundan ogé, jadi matak rasa sesah ogé. Kituna téh, lantaran teu aya wadah atanapi komunitas ageung nu ngawakilan urang Sunda keur nampung kakuatan politikna. Ieu rupina ogé, di antara nu mangaruhan kana karakter urang Sunda dina panggung politik saterasna,” ceuk sejarawan Prof. Dr. Agus Mulyana, M.Hum. mimiti muka obrolan jeung Manglé di rohangan pancén ayeuna Dekan Fakultas Pendidikan Ilmu Pengetahuan Sosial (FPIPS) UPI, jalan Dr. Setiabudi Kota Bandung.

Masih ceuk ieu Doktor Ilmu Sejarah wedalan Universitas Indonesia, lian ti teu aya wadah kakuatan politik Sunda nu ageung, ogé wilayah kakawasaanana ogé séwang-séwangan di kabupatén-kabupatén. “Margi séwang-séwangan téa, janten kakawasaan ogé langkung alit. Ieu rupina nu tiasa ditarik janten eunteung. Da, geuning upama aya wadah keur nu ngahijikeun kakuatan politik Sunda nu daria téh, bakal mangaruhan pisan sareng penting kacida ayana. Tah, dina politik kakiwarian ogé, kedahna gaduh wadah nu ageung sareng kiat éta. Supados poténsi politik urang Sunda sareng poténsi alam tatar Sunda Jawa Barat tiasa jadi kakuatan keur mekarkeun pangwangunan sareng langkung karaos mangpaat keur ngaraharjakeun rayatna,” pokna deui.

Upama ieu pangarang buku ‘Negara Pasundan 1947-1950, Gejolak Menak Sunda Menuju Integrasi Nasional’, boga panitén kitu, lantaran cenah, upama henteu boga wadah nu daria keur ngahijikeun kakuatan urang Sunda, dina némbongkeun daya tawar urang Sunda di nasional ogé bakal susah, sok padahal kontribusi politik (jumlah pamilih) Jawa Barat téh panggedéna.

Mana, nilik kana karakter politik urang Sunda kitu, Prof. Agus ogé sering nepikeun sajarah kasundaan dina politik kalawan henteu matak sieun atawa gimir. Lantaran, tujuanana keur méré gambaran, méré eunteung sangkan mangsa datang politik urang Sunda leuwih mawa harepan.

“Eunteung sanésna tina sajarah, tiasa katitén, yén politik urang Sunda ogé butuh sikep militansi kasundaan. Da, nu ditémbongkeun ku para inohong Sunda ogé, waktu ngadegna nagara Pasundan, alatan ‘hak tradisonalna’ Sunda harita, geus kalindih atawa kagusur. Sabab harita, nu diangkat jadi gubernur Jawa Barat lain urang Sunda tapi Sutardjo Kertohadikusumo atawa Datuk Djamin, nu jelas-jelas lain pituin Sunda. Ku kituna, ayana gerakan kontra-revolusi nu dipingpin ku ménak pangreh praja, bupati Garut manten Raden Adipati Soeria Kartalegawa geusan ngadegkeun nagara pasundan, éta wujud réaksi atawa protés, lantaran kuduna mah pituin Sunda. Mémang, ahirna mah gerakan éta gagal, da saterusna mah Belanda ngayakeun konférénsi Jawa Barat keur ngadegkeun nagara nu ngahasilkeun kalawan dipingpin ku Raden Adipati Aria Wiranatakusumah V. Atuh saterusna ogé, deui-deui, roda pamaréntahan nagara pasundan loba halangan harungan atawa tekanan ti Belanda ku aya agrési militer II. Ahirna, tanggal 8 Maret 1950 sacara resmi nagara pasundan bubar, kalawan ti harita jadi resmi ngagabung jeung RI. Janten, alatan utamana mah éta, sanés disebatna bonéka Walanda,” ceuk ieu Wakil Ketua Ikatan Sarjana Pendidikan Indonesia (ISPI) Provinsi Jawa Barat, témbrésna deui.

Maca sajarah kasundaan mangsa bihari dina alam kakiwarian, tangtu loba eunteungna. Pangna kitu, ceuk Prof. Agus teu kudu sieun. Lantaran modél nagara jiga kajadian harita, kiwari mah geus teu luyu deui. “Kantun nyandak hikmah sareng palajaranana baé. Sapertos, pentingna tumuwuhna sumanget kasundaan babarengan, lain sumangetna keur séwang-séwangan. Kitu deui, wadah keur ngahijikeun kapentingan Sunda atawa Jabar nu leuwih daria ogé, apan dugi ka ayeuna teu aya. Sok padahal pami ngeunteung sajarah kasundaan mah, hal-hal sapertos kitu penting kacida, supados poténsi Jabar atanapi tatar Sunda henteu diéksploitasi teras, dugi ka masarakatna henteu tiasa ngaraoskeun mangpaat tina kabeungharan sareng kasuburanana,” pokna deui.

Pamingpin Karakter Wani

Upama ngeunteung kana sajarah politik kasundaan, masih ceuk Prof. Agus, aya gambaran pasipatan para menak Sunda. Nu mana, menak Sunda ngiblatna kana politik, lain musat kiblatna kana hiji wadah. Lantaran kitu, wajar pami dina larapna ketak politik keur kapentingan urang tatar Sunda, rada susah ngahijikeunana. “Kalebet di partéy-partéy ogé, rupina tacan daria aya pamikiran husus kanggo merjoangkeun kapentingan Sunda jeung alamna mah. Sok komo deui, SDM nu maranggung dina politik di Jabar apan tos campur, malah langkung seueur urang baturna. Malah boa-boa, Jabar mah ukur janten pakalangan politik wungkul!” ceuk Prof. Agus ngingetan deui.

Tapi najan kitu, ceuk ieu Dewan Pakar Pengurus Pusat Persatuan Guru Nahdlatul Ulama (PP PERGUNU), harepan tatar Sunda leuwih maju jeung puguh daya tawarna di nasional, masih aya jeung masih bisa. Sahenteuna, nyaéta tina ketak pamingpin Jawa Barat nu unggul.

Nilik kana lobana poténsi jeung butuhna cara sangkan jadi lawang karaharjaan, atuh rayat ogé ilaharna neundeun harepan ka para pamingpinna. Apan ceuk paribasa ogé, ‘lauk buruk ti huluna’. Mana, wajar upama rayatna miharep pupuhu Jabar ogé nu masagi tur nu wani keur ngaronjatkeun harkat darajat rahayatna.

Tah, keur nyurahan pentingna kaunggulan pamingpin di Jawa Barat mangsa ka hareup, atuh ceuk ieu pangarang buku ‘Sejarah Indonesia Model dan Pendekatan Dalam Pembelajaran’, butuh kacida pamingpin Jabar nu boga pasipatan wani, utamana wani ka luhur keur ngajak daria babarengan keur kapentingan urang tatar Sunda. “Jinekna, kiwari mah butuh pamingpin nu gaduh karakter wani. Lain ukur wani ku ucapanana, tapi ogé wani jeung prakna, nyaéta utamana metakeun cara-cara keur nyegah sangkan Jabar henteu diéksploitasi terus-terusan, boh kabeungharan alamna, boh dina ketak politikna. Hartina dina politik, urang Sunda ulah ukur diarah sorana wungkul. Ukur diajak émprak jeung surak. Geus bérés mah, cul wéh!” pokna tandes.

Tigin Diajar

Prof. Agus Mulyana téh teureuh Condong Cibeureum Tasikmalaya. Upama ayeuna junun jadi Guru Besar, Dekan FPIPS UPI jeung loba diangkir jadi narasumber sejarah ka saban daérah di Nusantara, singhoréng keur leutikna cukup ukur hayang jadi jalma suksés baé.

“Margi ti aalit diasuh ku pun Aki ajengan KH. Ma’mun pangasuh Pondok Pasantrén  Condong Tasikmalaya nu kiwari ngaranna Ponpes Riyadlul Ulum Wadda`wah Condong, janten, diajar sareng harepan ogé, henteu leupas tina ajén agama Islam. Mana, cita-cita téh, jaga hoyong janten jalmi gedé. Gedé dina hartos, luhung élmuna,  luhur darajatna ogé ageung nyandak mangpaatna. Janten ti pun Aki kénging asuhan téh,” ceuk Agus bari nineung ka mangsa leutik harita.

Aya di lingkungan pasantrén, atuh najan Agus sakola di umum, saperti di SDN Condong, di SMPN Angkasa Cibeureum atawa di SMAN 2 Tasik, tapi ari nyekel pageuh kana prinsip agama mah, kuat pisan. Ku kituna, dina waktu neruskeun kuliah ka Sejarah IKIP (ayeuna mah UPI), tetep ajén hirup henteu leupas tina agama nu salawasna ngajarkeun bebeneran, boh keur ngudag cita-citana atawa dina lampah paripolahna. Malah, ahirna milih sajarah ogé, keur Agus mah, éstuning éta téh pasti jalan panghadéna ti Gusti Alloh Swt.

“Ahirna janten sarjana Sajarah, nu teu lami diangkat janten dosen di almamater, kantenan reueus kacida. Katambih deui, sepuh nu harita janten guru SD ogé, sumanget ngarojong pisan sangkan tiasa janten dosen. Saurna, peungpeuriheun apa mah guru SD, Agus mah kedah langkung ti apa,” ceuk ieu carogé Ibu Nia Kurniasih témbrés.

Alatan ti baheula mula, biasa tigin diajar, boh umum boh agama, mana waktu mancén di kampus ogé, najan loba pisan kasibukan, tapi bisa lungsur-langsar. Jadi dosen, Dekan FPIPS,  nyieunan buku-buku, nedunan seminar jeung neruskeun kuliah deui ka S2 jeung S3 di program Studi Ilmu Sejarah Universitas Indonesia (UI), mekarkeun Ponpes Riyadlul Ulum Wadda`wah, ogé aktif di organisasi NU jeung iketan Masyarakat Sejarawan Indonesia.

“Malihan, alhamdulillah tiasa dipercanten  janten pupuhu  umum Pengurus Pusat Masyarakat Sejarawan Indonesia (PP MSI). Namung kitu, kukumaha ogé, angger nu penting dina hirup mah, ulah poho ka purwadaksi. Mana sakumaha sibukna ogé, pribados pasti nyempetkeun amengan ka lembur pasantrén di Condong Tasikmalaya, sakantenan nedunan amanah pun Aki, sangkan tiasa neraskeun sareng mekarkeun éta pasantrén,” ceuk ieu Prof. Agus nu ogé kiwari mancén Ketua Majelis Perguruan Tinggi Pondok Pesantren Riyadul Ulum Waddawah Kota Tasikmalaya. Atuh, patali jeung prinsip hirup, komo nu ngagem agama Islam mah, éta sawadina jadi kokojo jeung mokalan saniskara tarékah geusan ngawujudna éta ageman jadi rohmat keur sakumna alam. Mangpapatna kudu karasa tur katara ku balaréa, boh ku nu ngagemna, ku nu lian, ogé lingkungan sabudeureunana. “Dina hirup nu pentingna mah, sabada nyekel pageuh kana papagon agama, saterasna, satekah polah tiasa seueur masihan mangpaat ka balaréa, kalebet dina nebarkeun sajarah nu luyu jeung élmuna. Mudah-mudahan,” ceuk ieu rama Hurry Mega Insani, Haekal Muhammad Ihsan, Handagani Madania Insani, Hasfi Mutiara Insani, jeung Hasbi Maulana Ihsan nutup obrolanana.*** (RH)

Manglé édisi 3001

Share

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Tamu

KH. Jeje Zaenudin; Ukhuwah Islamiyah Sarana Katingtriman Bangsa

Ilaharna, dina kaayaan kahirupan nu keur dirungrum ku lobana kahariwang, sok teu...

Tamu

Prof. Cecep Darmawan; Waktuna Jabar Némbongkeun Kakuatan di Tingkat Nasional

Larapna démokrasi saperti Pilkada Jabar 2024 ka tukang-tukang, lain semet milih pamingpin,...

Tamu

Wahyudin Iwang; Loba Invéstor Kotor Alatan Aturan Henteu Peurahan

‘Alam ngajaga urang, urang ngajaga alam’. Ieu kekecapan, negeskeun, yén dina ngurus...

Mo Sidik, Komika nu kasohor. (foto: istimewa)
Tamu

Mo Sidik: Di Tatar Sunda Humor Jadi Budaya

Urang Sunda mah resep heureuy. Tina ngabanyol téh sok tuluy jadi bukur...