Home Warta Katumbiri Polémik Ijazah teu Ngurangan Ajén Lulusan
Katumbiri

Polémik Ijazah teu Ngurangan Ajén Lulusan

Share
Siswa SMK KP 3 Majalaya jeung hasil praktek tekstil.
Share

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat medalkeun Surat Edaran Nomor 3697/PK.03.04.04/SEKRE, tanggal 23 Januari 2025. Pangjurung sangkan sagancangna masrahkeun ijazah ka sugri siswa nu tas sah lulus SMA, SMK, SLB Negeri/Swasta. Instruksi éta dibagéakeun ku sakola negeri mah. Ngan ku sakola swasta mah aya baé nu ngarasa ngabeungbeuratan. Da teu saeutik nu miharep yén siswa nu tas lulus téh bisa munahan tunggakan saacan nampa ijazah.

Kepala SMK Karya Pembangunan (KP) 3 Majalaya, Deden Fauzi, nandeskeun yén sakola nu dikokolakeunana mah tas milampah maksud tina éta surat edaran téh ti taun-taun saacanna. Nurutkeun Deden, lulusan bisa mawa ijazah ka sakola dina jam operasional tur sapoé saméméhna ngiberan heula. Da ijazah nu can kabawa téh kurang leuwih 100 ti lulusan munggaran taun 1999.

“Nu teu acan nampi ijazah mah mangga sumping ka sakola. Perkawis administrasi mah tiasa babadamian. Da sakola mah moal dugi ka nahan ijazah. Nanging aya komitmen nu tos paheut, éta nu janten dasarna,” ceuk Deden basa ditepungan ku Manglé di kampus SMK KP 3 Majalaya, Désa Talun, Kec. Ibun, Kabupaten Bandung (3/2/2025).

Kepala SMK Karya Pembangunan (KP) 3 Majalaya, Deden Fauzi.

Komitmen nu paheut téh, émboh Deden, nyaéta kawajiban nu kudu dibayar ku orang tua siswa. Demi nominalna ditangtukeun dina sawala antara pihak sakola jeung orang tua siswa. Anapon dina mayarna teu lancar alatan rupaning pasualan, ceuk Deden, teu kudu hariwang, siswa bisa miluan prosés pendidikan nepi ka bérésna. Upama aya tunggakan mah, écés Deden, dibadamikeun dumasar kamampuhna. Dilunasan, mayar sawaréh, atawa henteu mayar pisan. Sakabéhna dikuatan dina surat pernyataan.

“Rupina mah sadayana sakola kitu. Nu bénten téh tina proporsionalna,” ceuk Deden tandes naker.

Patali jeung ayana surat edaran, laju sumebarna pernyataan ti gubernur pinilih, Deden teu nyalahan upama loba pro kontra. Da kudu aya sawala jeung pihak sakola sangkan laukna beunang caina hérang. Instruksi ngabagikeun ijazah téh, tandes Deden, saméméhna tas medal ti Bupati Bandung, Dadang Supriatna. Harita di kecamatan Ibun, instruksi dilaksanakeun kalayan komunikasi nu inten antara pamaréntah jeung sakola-sakola,

“Tiasa lungsur langsar, salah sahijina margi aya kompénsasi. Nu saéna téh, kompénsasi éta teu ngaabotan kana anggaran daérah, da nganggo dana CSR,” pokna.

Najan aya program-program ngabagikeun ijazah, béwara di média sosial, ngamangpaatkeun jejaring alumni, ijazah mah masih aya waé di sakola. Da pasualanana lain ukur dina waragad. Teu saeutik alumni SMK KP 3 Majalaya nu can kaparengkeun mawa ijazah lantaran katungkulkeun teuing ku pagawéan. Deden miharep, polémik ijazah teu ngurangan ajén lulusan, sarta teu ngaheureutkeun aspek sosial di satuan pendidikan.***

Share
Written by
Yadi Karyadipura -

Wartawan & Pangarang. Jajatén ninggang papastén.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
KatumbiriWarta

Madrasah Qur’an Asyifa Mantuan Warga Sangkan Cinta Al Quran

Tong héran mun ngaliwat ka Komplék Bumi Langgeng Blok 26 No. 13...

Katumbiri

Ajengan ka Sakola, Ajén Kaislaman Nanjeur di SMAN 14 Bandung

Kota Bandung – Romadon téh mangsa neuleuman élmu agama Islam. Di SMAN...

Katumbiri

Ngamulyakeun Romadon di Darul Hikam

Bulan Romadon 1446 H, bulan anu mulya, bulan nu kacida dianti-antina keur...

KatumbiriWarta

Tempat Latihan Pingpong Standar Internasional Di Kabupatén Bogor

Kabupatén Bogor ngabogaan tempat latihan pingpong standar internasional nu ngaranna Donic Table Tennis...