PEKANBARU: Ikatan Keluarga Wartawan Indonésia (IKWI) ngalaksanakeun silaturahmi nasional jeung konsolidasi nu jejerna “Membangun Kebersamaan, Meningkatkan Kualitas”, Jumaah (7/2/2025) di Ballroom Sultan Hotel Mutiara Merdeka, Pekanbaru.
Kagiatan silaturahmi IKWI mangrupa bagian tina runtuyan direuah-reuahna Hari Pers Nasional (HPN) 2025, nu dilaksanakeun di Provinsi Riau, 6-9 Fébruari 2025.
Hadir dina kagiatan éta Ketua Umum PWI Zulmansyah Sekedang, Ketua Bidang Organisasi IKWI Pusat Rabiatun Drakel, sarta anggota IKWI ti unggal Provinsi di Indonésia kaasup ti Jawa Barat nu dihadiran ku Ketua IKWI Jawa Barat Jiean Ajiyanpi Novalia sarta Sekretaris IKWI Jawa Barat Rika Rachmawati.
Ketua Umum PWI Zulmansyah Sekedang nganuhunkeun ka sakabéh anggota IKWI, nu salila ieu ngarojong salakina dina ngalaksanakeun pancénna minangka wartawan anu kagabung di PWI.
“Seueur papatah nu nyebatkeun, carogé hébat alatan istrina hébat. Ku dukungan ibu ibu, sim kuring para wartawan tiasa fokus ngajalankeun profési wartawan,” ceuk Zulmansyah.
Zulmansyah nyebutkeun kondisi PWI kiwari keur kurang hadé. Ka sakabéh anggota IKWI nu hadir, Zulmansyah nyaritakeun sacara singket awal masalah nu karandapan di PWI nepi dirina ditunjuk jadi Ketua Umum PWI.
“Dina kasempetan ieu, sim kuring miharep Ibu-Ibu sadaya ngarumuskeun putusan anu tepat, demi PWI sareng IKWI ka payunna,” ceuk Zulmansyah deui.
Sawatara éta, Ketua Bidang Organisasi IKWI Pusat Rabiatun Drakel, ngarasa boga kahormatan ku sabab geus dirékoméndasikan Ketua Umum PWI pikeun ngabébérés diléma nu aya dina organisasi PWI, anu aya dampak ogé ka IKWI.
Ceuk Rabiatun, réa IKWI di daerah nu bingung kudu ka mana jeung naon aktivitas nu kudu dilaksanakeun ku sabab ayana kateubérésan di PWI.
“Sim kuring jangji bakal ngaréngsékeun pancén anu diamanatkeun ku Ketua Umum PWI, kanggo milih Plt IKWI,” Rabiatun nandeskeun.
Diskusi nu dipingpin ku Ketua IKWI Riau Fathia Ulfa lumangsung lancar. Hasilna, Indah Kirana Atal S. Depari ditunjuk jadi Plt IKWI Pusat. ***
Manglé 3015
Leave a comment