Kota Bandung – Rektor Institut Seni Budaya Indonesia (ISBI) Bandung Dr. Retno Dwimarwati, S.Sen., M.Hum., ngabéjérbéaskeun kasang tukang teu ngidinan pintonan “Wawancara dengan Mulyono” ku Teater Payung Hitam (TPH) di ISBI Bandung Bandung. nurutkeun Retno kaputusan éta dumasar tinimbangan nu asak ti mimiti administratif nepi ka prosedural. Aya nu kudu dicumponan ku sing saha baé nu aya karep midangkeun karya di ISBI Bandung.
Najan teu bisa nyumponan pihak TPH keukeuh. Antukna mucunghul warta patali jeung dikoncina rohangan studio téater siga ISBI Bandung nu ngawatesanan pidangan kasenian. Padahal aya palanggeran prosedur nu dirempak ku pihak TPH.
“ISBI Bandung mah muka lawang nu lega pikeun seniman atanapi kelompok seniman nu aya karep midangkeun pintonan di ISBI Bandung. Nanging aya prosedur nu ngajagi sangkan ISBI téh salawasna janten bumi nu balaréa,” ceuk Rektor basa nepikeun keterangan resmi di Rektorat ISBI Bandung (18/2/2025).
Anapon TPH mah baris midangkeun monolog nu ngandung narasi pro kontra. Retno nandeskeun yén ISBI Bandung kudu netral tina hal-hal pulitis. Lantaran taya tempat keur hal éta, ISBI Bandung nuduhkeun tempat séjén saperti Gedong Indonésia Menggugat, Gedong Rumentang Siang, jsb.
Retno ngécéskeun yén pihak TPH ngan ngajukeun nginjeum rohangan sacara lisan, tanpa ngalengkepan prosedur administrasi nu diwajibkeun ku pihak kampus. ISBI Bandung nepikeun yén Studio Teater ISBI Bandung teu bisa dipaké pintonan lantaran rupaning hal, hususna kawatesanan rohangan sarta tas deukeut jeung waktu kuliah.

Kaputusan ISBI Bandung teu ngidinan pintonan “Wawancara dengan Mulyono” di lingkungan kampus téh dumasar kana:
- Administrasi: sing saha baé nu aya karep ngamangpaatkeun fasilitas kampus téh kudu ngajukeun surat permohonan sacara tertulis laju diévaluasi ku pihak ISBI Bandung.
- ISBI Bandung boga wewenang pikeun mastikeun fasilitas kampus dipake keur kagiatan akademik sarta mekarkeun seni budaya nu leupas tina konflik kapentingan, kaasup urusan pulitik, ngajauhan kontén nu bisa mucunghulkeun pro kontra, pikahariwangeun atawa matak ngageunjleungkeun masarakat.
- Prinsip Nétralitas Kampus salaku Institusi Pendidikan Tinggi Negeri luyu jeung UU No. 5 Taun 2014 ngeunaan ASN (UU ASN) Pasal 2, dosén jeung tenaga kependidikan ASN mah wajib nétral. Aktivitas kasenian nu medar isu-isu sénsitif mah aya bahan disurahan ngandung konflik pulitik nu ngurangan ajén prinsip nétralitas kampus.
- Kondusivitas Kampus jeung Poténsi Polarisasi Pintonan nu medar narasi negatif ka salah saurang tokoh bisa narik katugenah ti pihak-pihak nu teu sapagodos. Balukarna kampus jadi panggung konflik atawa dibarubahkeun ku pihak éksternal, angot upama isu nu diangkat ku média atawa viral di média sosial.
Hal éta matak ngaruksak katartiban sarta pamor ISBI Bandung. Angot pintonan téh disurahan kana upaya mucunghulkeun opini ka salah saurang tokoh pasca pamilihan présidén. Ku kituna ISBI Bandung salaku lembaga pendidikan tinggi seni pengkuh ngajaga kamaslahatan dina rohangan akademik nu séhat. ISBI Bandung ngajénan rupaning kagiatan motékar salila panceg dina galur.
Sagigireun éta ISBI Bandung gé kakurangan gedong keur kagiatan mahasiswa di seméster genap. Angot Gedong Dewi Asri nu kahuruan téh masih can dibebenah. Retno nandeskeun yén pihakna terus metakeun tarékahna dina ningkatkeun sarana prasarana kampus. Sangkan bisa nyadiaan lahan nu leuwih lega pikeun pintonan sarta mekarkeun metode pangajaran. ***
Leave a comment