Home Gaya Hirup Pepetétan Mejeng Pingpong Ganda Caruluk Suksés Digelar Awal Taun 2025
Mejeng

Pingpong Ganda Caruluk Suksés Digelar Awal Taun 2025

Share
Nu jaluara dina pertandingan ganda pingpong Caruluk. (éép nr)
Share

Sababaraha waktu kaliwat anu pancegna Minggu 2 Pébruari 2025, turnamén pingpong ganda Caruluk suksés digelar di GOR Caruluk, Gang Kujang, Jalan AH Nasution Kota Bandung.

Nu jeneng jadi juara nyaéta pasangan ti pribumi, Tedi jeung Novel nu dina final ngéléhkeun pasangan Lutfi jeung Fina. Sedengkeun juara katiluna Sena jeung Lutfi sarta Bambang jeung Aat nu kabéhanana ti Caruluk.

Nurutkeun H. Deni Supardan Ketua PTM Caruluk sarta nu boga gagasan kana éta turnamen, diayakeun kitu téh tadina mah pikeun intern anggotana wungkul. Tapi ku sabab anu hayang miluan ti luar PTM Caruluk réa pisan, antukna, “Di Semi Openkeun,” ceuk H. Deni.

Teu héran anu mariluan loba anu ti jauhna. Diantarana ti PTM Srikandi anu ngirimkeun sababaraha pasangan. Kitu deui ti Kabupatén Bandung. Diayakeun kajuaraan saperti kitu ceuk H. Deni ku sabab kiwari turnamén téh geus mimiti réa kelas ganda.

H. Deni masrahkeun kadeudeuh ka PTM Srikandi nu satia ngarojong kana kagiatan di Caruluk. (éép nr)

“Nuju usum. Nya étang-étang latihan mancegkeun pasangan sangkan ka payun anggotana tiasa ngiringan di sababaraha turnamén,” ceuk H. Deni deui.

PTM Caruluk minangka persatuan tenis méja paling gedé di wilayah Bandung Timur, geus sohor ka mamana. Lain waé réa atlétna nu geus jaradi pamaén PORDA atawa PON, tapi ogé ngalatih barudak leutik nu kiwari préstasina geus bisa dipikareueus. Saperti anu juara dina Porsadin, O2SN jeung anu lianna. “Numawi diayakeun kajuaraan ganda ogé sangkan tiasa diconto ku murangkalih nu sakola di Caruluk. Ngahaja sina tanding sareng nu senior sangkan élmuna nambihan,” ceuk Drs. Bambang Riyanto, pelatih utama di sakola pingpong Caruluk. ***

Manglé 3014

Share
Written by
EEP NR -

Wartawan Majalah Basa Sunda Mangle yang tegabung dalam Persatuan Wartawan Indonesia Jawa Barat. Juga Atlet Tenis Meja Porwanas Jawa Barat.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Mejeng

Wisuda Tahfidz Qur’an Masjid Fathul Khoir

Senén, 15 Juli 2024, geus lumangsung acara Wisuda Tahfiz pangajian barudak Fathul...

Mejeng

Selina Kuo Hayang Jadi Fashion Desainer

Saliwat gé katawis tina jenenganana, Selina Kuo mah jelas sanés urang Sunda....

Mejeng

SD Negeri Cigerenem Nyiapkeun Sakola Séhat di Cianjur

Najan aya di palemburan, SDN Cigerenem henteu éléh ku sakola anu aya...

Mejeng

Anisa Fitri Wulansari

Cover Mangle Rumaja Mahasiswa Fakultas Hukum UIN Sunan Gunung Djati Mangle 3012...