Persatuan Wartawan Indonésia (PWI) Provinsi Jawa Barat ngadongsok sagancangna digelar kongrés pikeun ngaréngsékeun dualisme kapangurusan PWI Pusat nu kiwari keur lumangsung. Sabab dualisme kapangurusan éta ngarugikeun organisasi.
Dina keterangan pers PWI Jabar, disebutkeun, balukar tina dua kapangurusan éta, dipiélingna Hari Pers Nasional (HPN) 2025 jeung HUT ke-79 PWI lumangsung di dua tempat nyaéta di Kota Pekanbaru, Provinsi Riau jeung Kota Banjarmasin, Provinsi Kalimantan Selatan.
Malahan, Presidén RI Prabowo Subianto leuwih milih henteu hadir di dua tempat éta. Kitu deui sababaraha tokoh penting lianna sarua henteu hadir. Ku sabab kitu, pikeun ngungkulan dualisme nu kiwari keur lumangsung téh, PWI Provinsi Jabar ngadongsok sangkan sagancangna kongrés dilaksanakeun.

Salah sahiji solusi nu bisa ditempuh ceuk Hilman, nyaéta ngalaksanakeun sagancangna kongrés pikeun ngahijikeun deui organisasi. Sabab ceuk Hilman, ku ayana dualismeu kapamingpinan éta kacida ngarugikeun organisasi, sarta ngancam solidaritas jeung krédibilitas PWI minangka wadah profésional wartawan di Indonésia.
Aya sababaraha tinimbangan nu diagéndakeun ku PWI Jabar nu tujuanana pikeun kapentingan organisasi nu leuwih gedé sarta demi ngajaga marwah jeung persatuan insan pers di Indonésia.
‘’Pernyataan ieu saukur demi ngajaga persatuan sarta keberlanjutan PWI minangka organisasi wartawan paling kahot sareng ageung di Indonésia,’’ Hilman nandeskeun. ***
Manglé 3016
Leave a comment