Home Warta Katumbiri PERPIGI Nyeukeutan Kaparigelan Pemandu Géowisata
Katumbiri

PERPIGI Nyeukeutan Kaparigelan Pemandu Géowisata

Share
Milangka ka-4 PERPIGI
Share

Bandung – Poténsi géowisata téh aya di unggal daérah di Indonésia. Dina ngokolakeunana butuh pemandu jeung interpreter. Da géowisata mah teu ngan ukur ngajual kaéndahan pamandangan alam. Aya aspék konsérvasi, edukasi, jeung ékonomi lokal. Ku kituna butuh tarékah dina ningkatkeun kamampuh pemandu pikeun ngarojong kamekaran géowisata.

Ketua Perkumpulan Pemandu & Interpreter Geowisata Indonesia (PERPIGI) Dr. Ir. Heryadi Rahmat, M.M., nétélakeun yén pihakna metakeun tarékahna dina medalkeun pemandu géowisata nu kompetén sarta profésional di sakabéh wilayah Indonésia. Samalah mah pemandu gé jadi panaratas dina mekarkeun géowisata, nu lian ti ngaping wisatawan, ogé ngatik masarakat sangkan bisa babarengan dina ngalaksanakeun konservasi, édukasi, jeung ningkatkeun ékonomi masarakat lokal.

“Dina ngawanohkeun objék géowisata téh tangtos kedah ku jalmi nu ngartos. Janten sugri pemandu atanapi masarakat nu aya karep ancrub dina ngokolakeun géowisata téh kedah ngiringan uji kompetensi sertifikat BNSP. Satutas ngiringan diklat mah pan janten uninga naon nu kedah dipilampah,” ceuk Heryadi dina acara milangka ka-4 PERPIGI nu lumangsung di Gedong Pasca FTG Unpad, Dipatiukur, Kota Bandung (18/1/2025).

Heryadi ngémbohan yén nepi ka danget ayeuna PERPIGI tas aya di 12 daérah. Inyana miharep PERPIGI aya di sakabéh provinsi. Sangkan beuki lega ambahan dina nyeukeutan kaparigelan pemandu Géowisata.

Ketua Perkumpulan Pemandu & Interpreter Geowisata Indonesia (PERPIGI) Dr. Ir. Heryadi Rahmat, M.M., (kénca)

Asisten Deputi Peningkatan Kapasitas SDM Pariwisata dan Ekonomi Kreatif, Faisal, Mm.Par., nétélakeun yén pihakna nyadiaan fasilitas kagiatan sertifikasi pelatihan kompetensi keur masarakat, asesor jeung instruktur. Kaasup nyadiaan sarana sertifikasi kompeténsi nu aya patalina jeung géowisata, ti mimiti ngararancang pemanduan geowisata, ngalaksanakeun, jeung objek. Sertifikasi téh keur rupaning posisi ti mimiti asisten pemandu geowisata, administrator geowisata, pemandu geowisata lokal, pemandu geowisata junior, pemandu geowisata senior, koordinator informasi, intrepreter pemandu geowisata kawasan, manajer pemandu geowisata kawasan, intrepreter pemandu geowisata regional, nepi ka intrepreter pemandu geowisata nasional.

“Pemandu sareng intrepreter téh nu pangpayunna dina palayanan geowisata, hususna di lokasi geopark. Geopark atanapi taman bumi téh mibanda situs warisan geologi, alam nu ngawengku karageman hayati, budaya, géoheritage, maliré kana edukasi, konservasi, sareng ningkatkeun SDM,” ceuk Faisal tandes naker.

Faisal miharep pihakna jeung PERPIGI bisa nguatan sinergi. Konsép pentahelix dina mekarkeun geowisata téh penting pisan. Faisal ngajak sangkan aya kolabroasi nu kuat antara akademisi, pemerintah, media, komunitas, masarakat.

Koordinator Penyelenggaran Sarana Prasarana Pengembangan SDM PPSDM Geominerba, Raden Yudi Pratama nétélakeun yén pihakna ngalaksanakeun Diklat Masarakat, Pemandu Géowisata, sarta sertifkasi LSP Pramindo. Lebah nu ngajar jeung kurikulum tas dijieun luyu jeung SKKNI antara PERPIGI sarta pangajar ti PPSDM Geominerba.

“PPSDM Geominerba ngagelar pelatihan kanggo masarakat patali sareng pemandu geowisata. Ngawitan dilaksanakeun taun 2021. Kagiatan sértifikasi pemandu geowisata ti taun 2022 téh tos medalkeun 230 urang nu kénging sértifikasi aranjeunna téh ti Sumatera dugi ka Papua,” ceuk Yudi tandes naker.

Milangkala ka-4 PERPIGI dihadiran ku para ahli geologi.

Upama masarakat aya karep miluan sértifikasi, émboh Yudi, bisa ngajukeun laju diseleksi ku tim lokal ogé PPSDM Geominerba. Patali jeung masarakat nu tas mibanda sértifikat mah, Yudi miharep bisa terus ningkatkeun kompeténsi. Kompeténsi nu terus diasah bisa majukeun géowisata di Indonésia. Ningkatna kompetensi téh baris dituturkeun ku ningkatna ékonomi lokal.

Milangka ka-4 PERPIGI nu dirojong ku PPSDM Geominerba jeung LSP Pramindo téh jejerna “Terwujudnya Pemandun dan Interpreter Geowisata yang Kompetén di Indonésia”. Hadir para ahli geologi, akademisi, jeung média. Dina éta kagiatan gé digelar pamedalan website perpigi.or.id, bedah buku ‘Ciremai’ ku Ir. A. Zaennudin, M.Sc., bedah buku ‘Perawi Gunung Api’ ku Dr. A. Djumarma, W. Dipl. Seis., resensi buku ‘Ciremai’ & ‘Perawi Gunung Api’ ku Prof. Dr. Adjat Sudradjat, M.Sc., Pamasrahan Moménto, paméran buku.***

Share
Written by
Yadi Karyadipura -

Wartawan & Pangarang. Jajatén ninggang papastén.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Katumbiri

Plt IKWI Resmi Ditunjuk Dina Perayaan HPN 2025 di Riau

PEKANBARU:  Ikatan Keluarga Wartawan Indonésia (IKWI) ngalaksanakeun silaturahmi nasional jeung konsolidasi nu...

Katumbiri

Puncak Dipiélingna HPN 2025 di Riau Menkomdigi: Waktuna Mentés Kawani, Integritas, jeung Sumanget Juang

Pekanbaru, 9 Fébruari 2025 – Puncak Dipiélingna Hari Pers Nasional (HPN) 2025...

Katumbiri

Ngararapih Réklame di Kota Bandung Butuh Perda Anyar

Kota Bandung – Ketua Pansus 3 DPRD Kota Bandung, Dr. Ir. H....

Katumbiri

Dibekelan Sertifikat BNSP Lulusan SMKN 5 Bandung Babari Digawé

Kota Bandung – Siswa tingkat ahir di sakabéh jurusan nu aya di...