Kota Bandung – Sarana atikan paguron luhur di Jawa Barat téh can walatra. Lantaran tina 350 Perguruan Tinggi Swasta (PTS), kalolobaan mah aya di dayeuh. Atuh wewengkon lianna arang, samalah mah masarakat nu dumuk di pasisian héngkér pikeun nuluykeun atikan. Ku kituna, kudu aya PTS di unggal daérah.
Hal éta ditepikeun ku Wakil Gubernur Jawa Barat, Erwan Setiawan, basa ngahadiran acara Silaturahmi Akbar Ba’da Idul Fitri 1446 H. Halal Bihalal Gabungan APTISI Jabar: LLDIKTI Wilayah IV, APBPTSI Jabar, APPERTI Jabar, APTIKOM Jabar. Dina katerangan ka média, Erwan ngadorong APTISI Jabar ngawangun PTS di unggal daérah. Nurutkeun Erwan, ku ayana PTS di pasisian mah, sarana atikan paguron luhur bisa walatra. Masarakat nu aya karep nuluykeun atikan gé teu ditibanan ku waragad nu mahal.
“Jalaran di lemburna teu aya paguron luhur, janten masarakat ngalih ka kota sangkan tiasa kuliah. Tangtos peryogi waragad anu teu sakedik,” ceuk Erwan di Sekretariat APTISI Jabar Jl. Cimincrang No.26, Cimenerang, Kec. Panyileukan, Kota Bandung (17/4/2025).
Erwan nandeskeun yén Pemprov Jabar nguatan mimitran jeung Asosiasi Perguruan Tinggi Swasta Indonesia (APTISI) Jawa Barat dina ngawujudkeun éta harepan. Sangkan bisa Ningkatkeun kualitas sumber daya manusa (SDM) di sakabéh kabupatén/kota di Jabar.
“Pemprov Jabar kolaborasi sareng PTS dina ningkatkeun kualitas SDM ku cara ngawangun PTS di unggal daérah,” pokna.

Ketua APTISI Jabar, Eddy Soeryanto Soegoto, nandeskeun yén pihakna tas paheut jeung para pimpinan PTS dina ningkatkeun kualitas SDM. Nurutkeun Eddy, mimitran antara pemerintah daérah jeung institusi pendidikan tinggi téh penting pikeun ngawujudkeun visi.
“Tugas pimpinan PTS mah ngawangun mimitran, kalebet kolaborasi sareng pemerintah daérah,” ceuk éta Rektor Universitas Komputer Indonesia (Unikom).
Eddy ngémbohan yén dina danget ayeuna kualitas PTS di Jabar tas undak tur bisa bersaing jeung perguruan tinggi negeri (PTN). Samalah mah sababaraha PTS di Jabar boga ajén internasional. Pihakna ngadorong sangkan PTS terus jadi leading university.

Direktur Kelembagaan Direktorat Jendral Pendidikan Tinggi (Dirjen Dikti) Prof. Muhamad Najib, miharep masarakat nu aya karep kuliah masing milih paguron luhur nu luhung ajénna. Pon kitu deui kuliah di PTS. Nurutkeun Najib, salah sahiji peran penting PTS téh ningkatkan Angka Partisipasi Kasar (APK) Perguruan Tinggi (PT).
“APK PT masih di angka 31 persén. Jumlah Perguruan Tinggi Negeri gé kawatesanan. Janten peran PTS téh penting pisan,” pokna.
Patali jeung masih aya PTS nu ditutup, sarta kuliah fiktif, Najib nandeskeun yén pamaréntah ngalaksanakeun program pangapingan. Upama paitna kudu ditutup gé, écés Najib, éta tarékah sangkan masarakat bisa kuliah di kampus nu alus.
PTS nu dicabut izin operasional masih aya lantaran boga pasualan dina manipulasi data mahasiswa, pangajaran fiktif, nepi ka nyéléwéngkeun dana KIP. Samalah masih aya kampus nu teu ngurus izin akreditasi.***
Leave a comment