Home Warta Katumbiri Pemkot Bandung Can Daria Ngajaga 1.770 Wangunan Cagar Budaya
Katumbiri

Pemkot Bandung Can Daria Ngajaga 1.770 Wangunan Cagar Budaya

Share
Salah sahiji wangunan cagar budaya di Kota Bandung.
Share

Kota Bandung — Anggota Panitia Khusus (Pansus) 4 Dewan Perwakilan Rakyat Daerah (DPRD) Kota Bandung, Muhammad Reza Panglima Ulung nétélakeun yén Pemerintah Kota Bandung can daria dina ngajaga mayoritas Wangunan Cagar Budaya. Ku kituna DPRD Kota Bandung ngaliwatan Pansus 4 ngabahas Raperda ngeunaan Pengelolaan Cagar Budaya.

Nurutkeun Reza Pemkot Bandung maliré pisan kana wangunan cagar budaya, ngan tarékahna can maksimal. Ceuk Anggota Pansus 4 téh nandeskeun yén éta Raperda téh pikeun nangtayungan sacara hukum, ngariksa, jeung ngokolakeun cagar budaya sacara leuwih éféktif di tingkat daérah.

“Cagar budaya téh paur pisan rareksak, alih fungsi, atanapi diharé-harékeun, Ku ayana Perda mah janten dasar hukum nu langkung spésifik batan aturan nasional, saluyu sareng kaayaan daérah,” pokna.

Ngamumulé Idéntitas jeung Warisan Budaya di unggal daérah nu mibanda ajén sajarah, tradisi, jeung wanda cagar budaya nu ahéng. Ku ayana Perda téh bisa mastikeun yén éta warisan masih kajaga keur entragan saterusna.

“Lian ti éta gé tiasa ngadorong pariwisata sareng ékonomi lokal, Cagar Budaya nu kaurus téh janten daya tarik wisata sareng ngarojong ékonomi masarakat sabudeureun. Ku ayana Perda mah, ngokolakeunana tiasa langkung profésional,” ceuk Reza tandes naker.

Pansus 4 niténan yén sacara umum kaayaan cagar budaya di Kota Bandung téh rpa-rupa. Kiwari aya 1.770 wangunan cagar budaya, kaasup kategori Cagar Budaya Kelas A nu mibanda ajén luhung. Sababaraha wangunan siga Aula Barat jeung Aula Timur ITB kaurus pisan. Ngan aya ogé nu ruksak, siga Gedong Pusat Kebudayaan nu hateupna rugrun taun 2024.

Tangtangan utama ngawengku kurang dirawat, kaséréd pangwangunan modérn, jeung alih fungsi wangunan. Loba cagar budaya nu kalindih ku pangwangunan anyar. Najan tas aya régulasi daérah jeung aprésiasi ti Pemerintah, implementasi sarta nalingakeun mah masih kudu dikuatan.

“Komunitas sapertos Aleut rukun gawé sareng Dinas Kebudayaan Pariwisata pikeun metakeun sareng ngajaga cagar budaya sangkan salawasna kapiara,” pokna.

Reza ngémbohan yén masih can alus kaayaan mayoritas wangunan cagar budaya di Kota Bandung téh lantaran arang ditalingkeun sareng diurus, contona baé hateup Gedong Pusat Kebudayaan nu rugrug taun 2024.

Mesatna pangwangunan modérn gé teh maliré kana cagar budaya. Tandaning régulasi can cukup dina nyegah alih fungsi atawa ngaruksak wangunan sajarah. Nurutkeun Reza, Pemkot Bandung tas miroséa, ngan dina nalingakeunana kudu leuwih imeut, tandes, sarta ngajak partisipasi masarakat.

Éta Pulitisi Partéy Golkar téh ngécéskeun yén wangunan cagar budaya di Kota Bandung téh tas alih fungsi jeung parobahan struktur, utamana di kawasan Jalan Braga, jeung Jalan L.L.R.E. Martadinata. Faktor utama parobahan éta lantaran pangwangunan, kabutuhan ékonomi, jeung arang ditalingakeun.

Di Jalan Braga nu kungsi sohor salaku puseurna niaga klasik, kiwari wangunan sajarah tas salin rupan jadi puseur bisnis modérn, saperti kafe, réstoran, toko ritél, remen ngarobah signifikan dina intérior jeung éksterior. Demi di Jalan L.L.R.E. Martadinata mah, wangunan loba nu dirobah dina fasad jeung elemen arsitektur, jadi leungit ajén oténtik cagar budaya.

Najan Pemkot Bandung tas medalkeun régulasi ngariksa, ari arang ditalingkeun mah loba wangunan cagar budaya nu leungit kaaslianana samalah mah diancurkeun. Upaya ngariksa wangunan cagar budaya kudu dikuatan ku nanjeurkeun aturan sarta ningkatkeun kasadaran masarakat. Pihakna tas ngayakeun studi banding ka Jakarta jeung Bali. Studi banding di Jakarta dilaksanakeun jeung Dinas Kebudayaan nu ngabahas Raperda. ***

Share
Written by
Yadi Karyadipura -

Wartawan & Pangarang. Jajatén ninggang papastén.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
KatumbiriWarta

Madrasah Qur’an Asyifa Mantuan Warga Sangkan Cinta Al Quran

Tong héran mun ngaliwat ka Komplék Bumi Langgeng Blok 26 No. 13...

Katumbiri

Ajengan ka Sakola, Ajén Kaislaman Nanjeur di SMAN 14 Bandung

Kota Bandung – Romadon téh mangsa neuleuman élmu agama Islam. Di SMAN...

Katumbiri

Ngamulyakeun Romadon di Darul Hikam

Bulan Romadon 1446 H, bulan anu mulya, bulan nu kacida dianti-antina keur...

KatumbiriWarta

Tempat Latihan Pingpong Standar Internasional Di Kabupatén Bogor

Kabupatén Bogor ngabogaan tempat latihan pingpong standar internasional nu ngaranna Donic Table Tennis...