Salila tilu poé Salamon (Pasar Malam Nuansa Lampion) lumangsung di Griya Mitra Posindo, Désa Cinunuk, Kacamatan Cileunyi Kabupatén Bandung. Rupa-rupa pagelaran seni jeung kulinér ngeusian acara éta. Siga kumaha? Manglé ngobrol jeung Ari Winarno, S.Sn., M.Hum., nu boga gagasanana.
Lain kakara warga Griya Mitra Posindo, Désa Cinunuk Kacamatan Cileunyi, Kabupatén Bandung ngayakeun kagiatan siga Salamon (Pasar Malam Nuansa Lampion). Saméméhna kungsi aya Pasar Grimpon, Pasar Minggu Pon, nyaéta pasar maneuh sabulan sakali nu dikokolakeun ku Karang Taruna jeung masarakat.
Dina Salamon masarakat gumbira. Najan jejerna pasar malam, tapi salila tilu poé, Jumaah, Saptu jeung Minggu, 27 nepi ka 29 Séptémber 2024, rupa-rupa kagiatan dilaksanakeun ku wargana ti isuk-isuk nepi peuting.
Nurutkeun Ari Winarno, S.Sn., M.Hum., ketua acara sarta nu boga gagasanana, kagiatan kitu téh sabenerna bagian tina program di kampusna, nyaéta Pengabdian Kepada Masarakat (PKM).
“Upami nu sanés mah terasna ka sanggar-sanggar, sim kuring mah dilarapkeun ka masarakat,” ceuk Ari, dosén seni rupa di ISBI Bandung.
Hal kitu dirojong ku para inohong di wilayahna. Diantarana penggiat seni budaya Iwa K. Baratha sarta para ketua 14 RT anu aya di RW 26.
“Janten Salamon tiasa lumangsung téh ku margi ayana kolaborasi ti sadaya pihak,” ceuk Ari Winarno deui.
Kabeneran, masarakat Griya Mitra Posindo boga taman anyar. Nu kapikir ku Ari naon salahna upama dimangpaatkeun. Salamon téh program munggaran nu dilaksanakeun di éta taman.
“Salah sawios nu kaémut téh numuwuhkeun perékonomian internal. Warga anu gaduh poténsi usaha tiasa hirup di taman ieu. Teu kedah tebih tebih dagang ari di nu caket tiasa dimangpaatkeun,” Ari nandeskeun.
Ceuk Ari, dina Salamon lian ti aya program bupati saperti pagelaran senam bedas, kabeneran deuih tanggal 2 Oktober téh Hari Batik Nasional. Nu matak dina urusan batik diwanohkeun ka masarakat. Batik nu bener téh saperti kumaha, nu printing téh siga naon.
Lantaran Ari yakin, masarakat masih réa nu can engeuh kana batik nu geus diaku ku dunya minangka warisan nu luhur ajénna. Boh sacara prosés, motif jeung nu lianna.
“Janten tos sawadina disosialisasikeun,” ceuk Ari nu ngakuna mah dirina ukur ngabalakan. Suksésna mah ku sabab meunang pangrojong para inohong saperti Ketua RW jeung Ketua RT-na.
Ulah Ngan Sakalieun
Pasar Malam Nuansa Lampion meunang pangrojong ti Kapala Désa Cinunuk, Edi Juarsa. Nurutkeun Edi nu hadir dina acara senam bedas, kagiatan pasar kréatif nu dimotoran ku para tokoh masarakat téh kacida hadéna. Ku kituna cenah ayana téh ulah ukur sakalieun. Tapi mayeng.
“Sataun sakali mah kedah aya. Margi sagala rupina ku masarakat. Sim kuring atas nami pribadi sareng pamaréntahan ngarojong pisan kana kagiatan ieu. Taman ieu kedah kamangpaatkeun,” Edi Juarsa reueus.
Sawatara ieu Désa Cinunuk sohor karajinan, kulinérna sarta désa wisata budaya, utamana wayang golék anu aya situsna jeung dalangna Ki Darman.


Nurutkeun Edi Juarsa, geus remen Désa Cinunuk meunang pangajén. Nu paling anyar mah Cinunuk jadi Désa Mandiri, anu IDM-na juara katilu sa-kabupatén sarta asup 10 besar di tingkat propinsi.
Nurutkeun Iwa K. Baratha, Salamon téh konsépna pasar kréatif nu ngahadirkeun sababaraha kagiatan kréatif. Lian ti dieusi ku nu daragang ngalibetkeun warga di dinya, aya ogé tari-tarian, musik ruang publik nu pamaénna rumaja jeung bapa-bapa, ogé aya acara Bioling, Bioskop Keliling.
“Alhamdulillah kénging pangrojong ti Balai Pelestarian Kebudayaan Wilayah 9 Propinsi Jawa Barat,” Iwa reueus.
Kitu deui aya ngagambar motif batik pikeun barudak. Intina ceuk Iwa, Salamon téh ti masarakat keur masarakat. Malah aya fashion show sagala anu dipiluanana husus ku pasangan ketua RT. Ceuk Iwa mah sangkan para pupuhu masarakat téh leuwih sumanget mingpin wilayahna.
Ngingetkeun di Griya Mitra Posindo aya 14 RT, ceuk Ari Winarno lamun Salamon diayakeun sabulan sakali gé dina sataun téh masih aya sésa dua RT deui nu can kabagéan. Éta mah tinggal diatur. Nu penting kompak.
“Nu jelas, Salamon kedah janten kareueus sadayana sareng ka payunna langkung suksés,” Ari Winarno nutup obrolan.
Edisi majalah: 2998
Leave a comment