Home Gaya Hirup Implik-implik Pasantrén Bani Sulaiman Nyitak Générasi Tahfidz Qur’an
Implik-implik

Pasantrén Bani Sulaiman Nyitak Générasi Tahfidz Qur’an

Share
Ustad Ipan Pahrudin, H. Uce jeung para pangurus pasantrén. (éép nr)
Share

Pasantrén réa diadegkeun di mana-mana. Salah sahijina nyaéta Pasantrén Bani Sulaiman nu leuwih neueulkeun kana program Tahfidz Qur’an. Naon waé kagiatanana dina bulan Romadon ayeuna? Manglé ngobrol jeung Haji Uce sarta Ustad Ipan Pahrudin, sekretaris Yayasan Bani Sulaiman. ***

Para santri getol diajar. (éép nr)

Ilaharna kahirupan para santri, di Pasantrén Bani Sulaiman gé kitu. Sagala rupana dieusian ku kagiatan kaagamaan. Komo deui dina bulan Romadon, santri jeung santriwati leuwih tigin diajar bagbagan agama batan dina poé-poé biasa.

Dina Romadon 1416 Hijriyah, kagiatan pasantrén téh aya pikeun barudak umuran TK jeung SD nu eusina aya Tahsin Al-Quran métode Al Barqi, prakték solat, ngapalkeun do’a-do’a, adab jeung ahlak sarta mahfudzat.

Program keur rumajana nyaéta Tahsin jeung tadabur Al Quran, Tauhid, Fiqih dasar, ahlak jeung sirah nabawiyah. Sedengkeun keur para Lansia mah Tilawah jeung Tahsin Al Quran, hapalan jeung Tashih surat pondok sarta kajian dasar Islam.  

Ustad Ipan Pahrudin. (éép nr)

Tapi ceuk Ipan Pahrudin, sekretaris yayasan, di Pasantrén Bani Sulaiman mah sabenerna leuwih diteueulkeun keur para siswa kaluaran SMA nu diajar Tahfidz Al Quran.

“Ari santri sareng santriwati nu aralit mah warga sabudeur pasantrén. Biasana éta mah maneuh sok sarumping dina acara Magrib Mengaji. Kaleresan ayeuna Romadon, kagiatan téh dieuyeuban,” ceuk Ipan Pahrudin (4/3/2025) di Pasantrén Bani Sulaiman, Jalan Dago Pojok Tanggulan, Cikalapa II RT 09 RW 03, Kalurahan Dago, Kacamatan Coblong Kota Bandung.

Nurutkeun Ustad Ipan, ti mimiti pasantrén diadegkeun taun 2021, nu miluan dina program Tahfidz Qur’an téh tara loba unggal angkatan ogé. Kuota anu disadiakeun antara 15 nepi ka 20 santri téh can kungsi kaeusian kabéh.

“Padahal sagala rupina diharatiskeun. Ti kawit mondokna, tuangna sareng anu sanésna,” ceuk Ustad Ipan deui.

H. Uce (kénca) jeung Ustad Ipan. (éép nr)

Najan kitu, santri mah lian ti aya anu ti sabudeur Dago, ogé aya anu ti Garut, Makasar, Lampung jeung anu lianna. Ceuk Ustad Ipan, mémang rumaja anu rék neuleuman élmu samodél kitu mah anu bener-bener geus kuat kahayangna lain saukur dititah batur.

Masjid Luhur Balong

Sakumaha anu kasaksian ku Manglé, masjid, tempat mondok, rohang paragi diajar santri didésain lain saukur luyu jeung fungsina, tapi ogé éndah katingalna. Tamu nu datang bakal ngarasa betah najan rék tepi pisan ka pasantrén, gang nurugtug kacida matak paur keur nu kakara.

Hal kitu lantaran Ketua Yayasanana, Haji Olih Solihin faham pisan kana wangunan sabab inyana téh arsiték.

Warga nu milu dina kagiatan Romadon di pasantrén. (éép nr)

Saméméh aya pasantrén, ngadegkeun heula masjid anu diresmikeun ku Mang Oded, Wakil Walikota Bandung, Méi 2017. Masjid anu aya luhureun balong ogé aya sajarahna nyaéta cita-cita rama Haji Olih jeung Ustad Ipan nu hayang boga masjid téh luhureun balong.

“Alhamdulillah kawujudkeun,” ceuk Ustad Ipan nu sapopoé mah ngajar di SD Salman Alfarizi Bandung.

Unggal taun, Pasantrén Bani Sulaiman narima santri anyar. Tapi nu dianggap lulus jeung bakal meunang sértifikat mah nyaéta nu geus hatam ngalap élmu salila 2 taun di pasantrén, sarta sataun dipaké pangabdian di luar Bani Sulaiman.

“Sapertos di Garut, di Bogor atanapi di mana wé anu sakintenna aya pasantrén anu meryogikeun guru. Pokona diajarna mah aya Basa Arab, Fikih, Tauhid sareng pelajaran agama sanésna,” Ustad Ipan nandeskeun.

Keur nu boga karep hayang ngalap élmu di Pasantrén Bani Sulaiman, nepi ka Juni masih aya kasempetan keur panarimaan gelombang 2. Tapi upama pamilonna ngaleuwihan kuota anu ditangtukeun, kudu aya seléksi heula.

“Sanés teu hoyong nampi santri saseueurna. Tapi kamampuh pasantrén nembé dugi ka dinya. Nu jelas mah Pasantrén Bani Sulaiman hoyong berkah, ogé seueur kaderna pikeun ngadugikeun sagala hal kasaéan sareng  ngajantenkeun nu resep Tahfidz Quran nambihan,” ceuk Ustad Ipan deui.

Hal kitu dienyakeun ku Haji Uce, jamaah di Bani Sulaiman, sobat Haji Olih Solihin nu ngarojong pisan ka pasantrén.

Tempat diajar santri. (éép nr)

Ceuk Haji Uce, boga tempat geus alus tapi can optimal. Béda jeung di batur. Contona di salah sahiji daérah nu aya di nagara Mauritania Aprika Utara. Hafidz Quran téh geus jadi budaya. Mun aya budak umur 7 taun can bisa maca Al Quran téh jadi aéb pikeun kulawarga.

“Tah hal sapertos kitu kedah janten inspirasi kanggo urang sadaya. Ku ayana Pasantrén Bani Sulaiman dipiharep nu minat kana Tahfidz Al Quran janten nambihan. Mudah-mudahan deuih ka payun mah tahfidz téh janten budaya di nagara urang,” Haji Uce sumanget. ***

Manglé 3018

Share
Written by
EEP NR -

Wartawan Majalah Basa Sunda Mangle yang tegabung dalam Persatuan Wartawan Indonesia Jawa Barat. Juga Atlet Tenis Meja Porwanas Jawa Barat.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Gaya HirupImplik-implik

Béngkél Tulang Mandé Nepakeun Pangobatan Sacara Tradisi 

Béngkél Patah Tulang Mandé nu ngadeg ti taun 1988 nepi ka kiwari...

Gaya HirupImplik-implik

Batu Kuda Wana Wisata di Gunung Manglayang

Moal matak karoroncodan ulin di tempat Wisata Batu Kuda mah, sabab harga...

Gaya HirupImplik-implik

Ngalukis Butuh atawa Hobi?

Sanggeus ngaranna ‘gedé’ utamana di sabudeur Bandung jeung Jawa Barat, Zufli Akmansyah...

Gaya HirupImplik-implik

Wisata Sakalian Ngeueum dina Cai Panas

Keur nu resep ulin di alam, kiwari di Tasikmalaya aya Arga Hot...