Najan teu salilana dipaké, dina sawatara hal mah saringan atawa panyaringan téh penting. Malah, dina urusan inuman mah, panyaringan téh jadi penting pisan. Kawas butuh cai keur nginum, mun hayang beresih mah, kudu disaring.
Saringanana deuih, lain ukur asal-asalan, da kudu bener-bener nyumponan pasaratanana. Kawas keur nyaring inumeun téa, lain ukur butuh ayana éta saringan, tapi deuih panyaringanana gé kudu beresih.
Luwih penting barang nu dipikabutuh, leuwih ketat deui saringanana. Kawas nangtukeun ubar keur kasakit, teu bisa ukur susuganan atawa coba-coba. Da, keur kapentingan nu kawas kitu mah, teu bisa lalawora. Apan, mun salah ubar, lain ukur hésé cageur, tapi kalah nambahan kanceuh.
Dina widang olah raga, seleksi atlit gé jinek saringanana. Kituna téh malar atlit nu kapilih keur abenkeuneun téa bener-bener nu panghadena ti antara calon atlit nu daptar dina waktuna seleksi téa.
Saringan hadir di mana-mana. Nu dagang barang butuh saringan keur nangtukeun ajén daganganana. Kituna téh, demi kasalametan konsumen. Atuh, nu bagerak dina widang jasa, saperti angkutan, supirna ogé moal sagawayah. Da, saupama supir pausahaan angkutan lelewodéh, dina mangsana kacilkaan mah, nu rugi téh lian ti supirna téa, ogé pausahananana.
Saringan ngajangélék jadi ‘pakakas’ geusan nangtukeun kualitas. Nu asup sakola, dina mangsana tempat diajar kawatesanan, nu dipilih jadi murid di éta sakola gé, barudak nu nyumponan sarat, hartina lulus tina saringanana.
Komo deui milihan pagawé di pamaréntahan, saringanana ketat pisan. Kituna téh, lantaran para abdi masarakat mah, sakuduna jalma-jalma petingan geusan ngemban amanat nagara, demi kapentingan balaréa.
Hadirna pamingpin daérah gé, enas-enasna mah, ngaliwatan saringan. Da, loba pisan nu boga karep hayang jadi ‘pengayom’ masarakat mah. Ngan, ku lantaran tempatna teu loba, kapaksa ngaliwatan saringan anu ketat.
Pamingpin nu lolos ngaliwatan saringan, boga hak meunang kapercayaan ti masarakat. Kawas nu nginum cai hasil tina saringan, saupama yakin yén éta cai téh jadi beresih lantaran dituras ku saringan anu bener beresih sarta dipakéna ku nu apik, nya teu perelu hariwang éta cai téh masih kénéh kotor.
Upama mapandékeun kana saringan nu mangrupa barang, saringan-saringan séjénna gé, saperti seléksi calon pamingpin ogé kawas kitu. Lian ti kandidatna nu kudu hadé, lembaga nu ngaloloskeun kandidat gé kitu kuduna.
Kétang, harepan-harepan nu saperti kitu téh, teu weléh dikalangkangan ku kahariwang. Da, tina kasus-kasus nu ditanganan ku KPK RI dina taun 2004-2024 aya 167 walikota/bupati sarta wawakilna anu kajiret ku kasus korupsi. Kitu ceuk Plh Direktur Pembinaan Peran Serta Masyarakat KPK RI, Rino Haruno di Tanjung Pandan, Blitung, Rebo, (14/8/2024).
Masih ceuk Rino, transfer keuangan pamaréntah pusat ka daérah, kira-kira Rp2.300 triliun. Tapi, cenah, angka kamiskinan loba kénéh, budak nu kamekaranana mérékététét (stunting) loba kénéh.
Sabalikna, Survei Penilaian Integritas (SPI) mah masih kénéh handap. Atuh, ku lantaran integritas nu masih kénéh handap, paripolah korupsi téh jajauheun kana pada mikaijid, da geuning ‘dipisobat’ kénéh.
Dina mangsa nyanghareupan pilihan pamingpin anyar, teu weléh medalkeun harepan. Sang kandidat nu lolos jadi piliheun rayat, sawadina lir cai nu lolos tina saringan. Arinyana mampuh ngaliwatan saringan-saringan anu ketat kalayan ‘bersiang’ jeung kandidat séjénna. Atuh, dina prungna makalangan, rahayat gé bakal resepeun milihna, da kawas pintonan olah raga nu patandangna para atlit petingan.
Edisi majalah: 3004
Leave a comment