Kota Bandung – Panitia Khusus (Pansus) 4 DPRD Kota Bandung tas mérésan Rancangan Peraturan Daerah (Raperda) ngeunaan Perubahan Kedua atas Perda No 8 Tahun 2016 tentang Pembentukan dan Susunan Perangkat Daerah. Éta Raperda dijieun lantaran Kota Bandung salah sahiji daérah di Jawa Barat nu can boga BPBD (Badan Penanggulangan Bencana Daerah)
Anggota Pansus 4 Christian Julianto Budiman nétélakeun yén parobahan Perda Nomor 8 Tahun 2016 salah sahiji poin pentingna nyaéta dijieunna BPBD. Salila ieu tugas ngungkulan musibah téh dilaksanakeun ku Dinas Pemadam Kebakaran, ku kituna ngungkulan musibah utamana sosialisasi jeung mitigasi téh masih kawatesanan.
“Dipiharep ku ayana BPBD mah, sosialisasi ka masarakat perkawis poténsi musibah sareng mitigasi téh baris dilegaan deui,” pokna.
Nurutkeun Christian, lian ti kahuruan, urug, sarta lini, di Kota Bandung gé aya ancaman Sesar Lembang sarta mega thrust. Ku ayana BPBD mah bisa leuwih laluasa ngayakeun sosialisasi mitigasi, sangkan masarakat Kota Bandung bisa tatahar.
Christian ngémbohan yén dijieunna BPBD gtéh penting lantaran tina 27 kota/kabupatén di Jawa Barat ngan kari 2 kota nu can boga BPBD, salah sahijina Kota Bandung. Tas dijieun mah ka hareupna bisa koordinasi jeung BPBD Provinsi sarta BNPB sangkan leuwih daria dina ngungkulan musibah. Nurutkeun Christian mah Kepala BPDB otomatis Sekda luyu jeung aturan. Baris aya kepala pelaksana ti ASN Pemkot.

“Polri TNI ngiringan di lebet, demi kanggo kantor mah rarancangna di Jalan Seram. Personil sapalih ti Damkar, sapalihna deui luyu sareng prosedur padamel,” cenah.
Christian ngémbohan yén raperda tas disatujuan ku pansus. Ayeuna asup tahap fasilitasi di pemerintah provinsi. Satutas kitu baris dibawa ka badan musyawarah pikeun diteteupkeun di paripurna jadi Perda.**
Leave a comment