Home Warta Katumbiri Pansus 3 DPRD Kota Bandung Medar Raperda Réklame di JPO
Katumbiri

Pansus 3 DPRD Kota Bandung Medar Raperda Réklame di JPO

Share
Nata deui aturan nerapkeun réklame di Kota Bandung.
Share

Kota Bandung-Panitia Khusus (Pansus) 3 DPRD Kota Bandung medar Rancangan Peraturan Daerah (Raperda) ngeunaan Penyelenggaraan Reklame. Pansus nyusun pasal-pasal nu kumait, palanggeran masang reklame  diantarana di Jembatan Penyeberangan Orang (JPO).

Anggota Pansus 3 DPRD Kota Bandung Mohammad Ulan Surlan nétélakeun yén Pansus tas nyusun pasal-pasal dina éta Perda. Aturan anyar nu baris dilarapkeun téh dipahing aya réklame nu dipasang di kabéh JPO nu aya di Kota Bandung.

“Pangwangunan JPO téh ngalangkungan rukun gawé sareng swasta. Aya kompénsasi pihak katilu nu tiasa masang réklame. Mung kanggo ayeuna mah ulah sapertos kitu deui,” ceuk Ulan tandes naker.

Ulan ngémbohan yén aya sababaraha JPO di Kota Bandung nu masih diterapan réklame lantaran masih aya kontrak. Ngan tas mimiti dikurudan nepi ka taya deui réklame nu méjéng di JPO. Dipahing nerapkeun réklame di JPO téh, ceuk Ulan, maliré kana aspék kaamanan masarakat. Laju JPO mah kudu negla, ulah katutupan ku réklame nu bisa jadi panyumputan jalma jahat da rék kriminal téh moal kaciri.

“Dina Raperda téh aya pasal nu dihapus ti nu saacanna nyaéta Asosiasi Pengusaha Reklame di Kota Bandung. Ayana éta organisasi réklame téh sanés deui bagian tina Perda nu sateuacanna lebet tur tiasa ngatur réklame,” pokna.

Anggota Pansus 3 DPRD Kota Bandung Mohammad Ulan Surlan.

Nurutkeun éta Pulitisi PKB DPRD Kota Bandung, réklame nu dipedar jeung diatur deui téh lantaran panataan réklame nu ayeuna téh kacirina balatak.  Lantaran réklame nu balatak di Kota Bandung téh katingalina sareukreuk, ngurangan kaéndahan kota. Sagigireun éta gé masih loba réklame nu teu boga izin. Hanjakalna téh teu dikukumaha, Pemkot Bandung gé teu boga data sabaraha persisna jumlah réklame ilégal .

“Réklame ilégal téh seueur. Malihan aya nu diterapkeun saraosna. Margi merenahkeun

réklame téh tas diatur dina Perda, aya palanggeran, titik-titik nu dipahing aya réklame,”  ceuk Ulan écés naker.

Ulan ngémbohan yén kelompok jeung pajeg réklame téh béda-béda dumasar wangun spanduk, baliho, umbul-umbul, poster, selebaran, billboard, ogé videotron. Dina Perda diatur ogé tihang réklame na kudu di mana jeung kumaha. Sangkan teu ngurangan kaéndahan lingkungan, ukuran reklame di hiji lokasi kudu sarua dina ngajaga éstetika kota.

“Konstruksi tihang réklame kedah weweg, tohaga, teu ngabahayakeun warga, sareng seratananana gé kedah etis tur sopan.**

    Share
    Written by
    Yadi Karyadipura -

    Wartawan & Pangarang. Jajatén ninggang papastén.

    Leave a comment

    Tinggalkan Balasan

    Related Articles
    Katumbiri

    Ngagelar Resital Nasional Angklung 2025, PPAI Mawa Tradisi Mapakan Jaman

    Kota Bandung – Angklung téh kasenian tradisional Jawa Barat nu kasinugerahan Warisan...

    Katumbiri

    Ngagelar Wisuda Semester Genap 2024/2025, ISBI Bandung Tigin Ngawangun Generasi Motékar Tur Ngabudaya

    Kota Bandung – Institut Seni Budaya Indonesia (ISBI) Bandung ngagelar prosési Sidang...

    Katumbiri

    Milangkala ka-28, SMPN 3 Darangdan Ngagelar Cerdas-Cermat Basa Sunda

    Purwakarta-Dina raraga nguatan adeg-adeg basa Sunda di lingkungan barudak, SMPN 3 Darangdan...

    Katumbiri

    Ngadeukeutkeun Aksés Pendidikan ka Masarakat, Endut Miharep Aya SMA Negeri di Désa Mekarwangi

    Kabupatén Bandung – Warga Désa Mekarwangi kudu nyorang lalampahan nu jauh sangkan...