Ku Ade Priangani*)
Unggal masarakat atawa peradaban pinasti miboga ajén-inajén pulitik, sabab dina hakékatna hiji éntitas kudu miboga sajarahna sorangan, jadi naon anu diomongkeun ku Sir Robert Seeley téh bener, ngeunaan hubungan antara pulitik jeung sajarah, cenah “history without political science has no fruit, political science without history has no root.” Hartina, sajarah teu ngalibetkeun élmu pulitik ibarat tangkal anu teu buahan (teu ngahasilkeun), sabab sajarah téh prak-prakan pulitik jaman baheula. Sedengkeun élmu pulitik tanpa sajarah moal akaran, kusabab pulitik dumasar kana kagiatan pulitik jaman baheula. Kaasup di jerona, masarakat Sunda tangtuna miboga pangalaman pulitik dumasar kana sajarahna.
Pamikiran pulitik Sunda téh wujud tina ajén-inajén, budaya, jeung tradisi masarakat Sunda dina urusan pamaréntahan jeung kapamingpinan. Pamikiran ieu henteu ngan ukur ngakar dina warisan budaya anu tangtuna beunghar pisan, tapi ogé mekar nuturkeun robahna kahirupan sosial, politik jeung ékonomi di Jawa Barat. Pamikiran politik Sunda nunjukeun yén sanajan urang Sunda ngajungjung ajén-inajén tradisional, maranéhna ogé terbuka kana parobahan modern. Kasaluyuan antara tradisi jeung inovasi mangrupa salah sahiji kaunggulan dina dinamika pulitik Sunda.
Patali jeung pamaréntahan, ajén-inajén dasar pamikiran pulitik Sunda dumasar kana Salapan Buyut Lembur, konsép dina kabudayaan Sunda anu nuduhkeun salapan aturan atawa ajén-inajén adat nu dijungjung tur di mumulé dina kahirupan masarakat désa (lembur). Ieu konsép téh ngakar dina tradisi karuhun anu boga tujuan pikeun ngajaga karukunan, kasaimbangan, jeung kahirupan masarakat luyu jeung alam turta ajén-inajén spiritual.
Numutkeun pamendak kalolobaan urang Sunda, Salapan Buyut bisa ngawengku rupa-rupa aspék kahirupan, saperti: Buyut Tata Krama, ngajungjung tatakrama jeung étika dina interaksi jeung batur. Buyut Gotong Royong ngutamakeun gotong royong jeung gotong royong dina kahirupan masarakat. Buyut Amanah, panceg panyepeng amanah sareng tanggung jawab anu dipasihkeun. Buyut Kasepuhan, ngahormat ka sepuh jeung tokoh adat salaku pangagung ajén-inajén karuhun. Buyut Kabuyutan, ngajaga jeung ngariksa tempat-tempat suci atawa bersejarah minangka cagar budaya. Buyut Tatanén, ngajénan lahan jeung alam ku cara tani jeung ngebon sacara mayeng. Buyut Silih Asih, ngutamakeun welas asih, silih tulungan, jeung hirup rukun. Buyut Kaélokan, ngajaga ajén-inajén kearifan lokal jeung adat istiadat. Jeung, Buyut Percaya, ngahargaan kana kapercayaan jeung ajaran spiritual nu diwariskeun ti karuhunna.
Sanajan bisa wae di hiji lembur jeung lembur séjénna béda-béda, gumantung kana wewengkon jeung interpretasi unggal masarakat adat Sunda, nanging prinsipna mah sarua, Salapan Buyut Lembur nyaéta pikeun ngajaga kasaimbangan antara manusa, alam, jeung spiritualitas pikeun kahirupan anu harmonis jeung sejahtera.

Sedengkeun ngeunaan kapamingpinan, masarakat Sunda ngarujuk kana naskah kuno Sanghiyang Siksa Kandang Karesian (1518 M) anu nalungtik paripolah Prabu Jayadewata/Siliwangi, ngeunaan tuduh laku tatakrama pikeun jadi pamingpin di masyarakat jaman harita. Eta palanggeran teh disebut Rucita Parigeuing : bisa nitah bisa miwarang, ja sabda arum wawangi, nya mana henteu surah di piwarang. (Nu disebat parigeuing téh nyaéta bisa maréntah bisa miwarang ku caritaan nu pikageunaheun tepi ka teu matak jéngkél nu diparéntahna).
Pikeun ngalaksanakeun parigeuing, carana kudu bisa ngalaksanakeun Dasapasanta (Sapuluh Nenemkeun Haté), nyaéta: Guna, Tegesna jelema nu diparéntah téh kudu ngartieun naon gunana tina nu di paréntahkeun téh; Ramah. Paréntah kudu ditepikeun kalawan wajar jeung saréh, ramah tamah, amis budi. Bakal ngarasaeun dihargaan sabagé manusa nu boga ajén pribadina. Hook. Hookeun (kagum). Paréntah karasana saperti gambaran hookeunana (kekaguman) kana kabisana (kemampuan) nu diparéntahna; Pesok. Hartina kapikat haténa (reueus). Jadi paréntah kudu ditepikeun ku cara nu matak kapikat haté, nu nimbulkeun rasa reueus dina dirina. Asih. Nyaéta rasa nyaah. Tepi karasaeun yén dirina téh lir ibarat babagian tina diri nu marentahna. Jadi milu tanggungjawabna téh bari gembleng haté. Karunia (Anugrah). Tegesna paréntah karasaeunana saperti rasa kanyaah (karunya) jeung ogé mangrupa kurnia kapercayaan kana kamampuh dirina. Mukpruk. Tegesna kudu bisa ngalelemu, tepi ka ngarasa yén digawe téh lain kapaksa, tapi geus jadi tugasna; Ngulas. Ayeuna dina Basa Indonésia mengulas, tegesna kudu bisa méré komentar (ulasan) kana pagawéan bawahan ku cara nu surti tur lantip. Nyecep. Tegesna bisa niiskeun pikir nu diparéntah, supaya genaheun pikirna. Boh ku lisan komo bari aya lar barangbéréna mah; Ngala angen. Nyaéta bisa narik simpati bawahan. Carana ku ngantengkeun silaturahim nu wajar, bakalna timbul rasa satia (loyal) ka pamingpinna.
Dina naskah Sanghyang Hayu, nya éta naskah anu dijieun tina daun nipah abad ka-16 Masehi, ditataan lima welas unsur penting anu kudu dipiboga ku saurang pamingpin, anu diringkeskeun jadi lima kelompok, sakumaha anu didugikeun ku Undang Darsa (1998). Budi-guna-pradana (bijak-arif-saleh); Kaya-wak-cita (sehat atawa kuat-bersabda-hati); Pratiwi-akasa-antara (bumi-angkasa-antara); Mata-tutuk-talinga (penglihatan-ucapan-ceuli); Bayu-sabda-hedap (energi-ucapan/sabda-itikad/kalbu jeung pikiran). Sagalana aya patalina anu ngawangun sikep jeung karakter pamingpin anu idéal).***
*)Guru Besar Universitas Pasundan, Ketua Lembaga Budaya Sunda (LBS) Universitas Pasundan.
Leave a comment